# LENYEPANEUN #
- Usum batu ali, mareuli batu ali, sanajan anu mahal
- Usum langlayangan, mareuli langlayangan, teu kolot teu budak
- Usum manuk mareuli manuk, sanajan harga jutaan.
- Usum sapedah, mareuli sapedah, budak, kolot, awèwè, lalaki mareuli, sanajan harga nepi puluhan juta.
# AYEUNA USUM QURBAN, Èèèèh api api teu ngarti, ngadon mareuli TUSUK SATÈ JEUNG ARENG.
😁😁🙏🏼🙏🏼

Ngahariringkeun Wawacan
Ieu bacaan anu aya di handap téh mangrupa cutatan
tina wawacan. Pék ku hidep titénan jeung ilo cutatan tina
Wawacan Panji Wulung ieu di handap!!
Wawacan ka-1
Cutatan tina Wawacan Panji Wulung
Asmarandana
. . . .
Sambatna Nyi Tunjung Sari, ku raja henteu dimanah,
enggeus dimeureunkeun baé, tangtu nampik kana dosa, jeung lumbrah manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudu
nampik dosa.
Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu paédah, caturkeun geus nepi baé, ka pakuwon kapatihan, Ki Patih langkung susah, tina watirna kalangkung, ka éta Nyi Tunjung téa.
Ku Ki Patih geus kajudi, yén dijerum ku maruna, sanajan
Ajar gé bohong, ku Ki Patih geus katingal, enggeus meunang dongdonan, nu matak Ajar sakitu, diupah ku Praméswara.
. . . .
Kinanti
. . . .
Laju lampah Panji Wulung, diiring ku Jayapati, Ki
Janggali Ki Janggala, jeung baturna Jayapati, ngaran Ki Kebo Manggala, kalima Kebo Rarangin.
Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang
pasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh cunduk anggang datang, sumping damping ka basisir.
Radén ngantosan parahu, calikna dina kikisik, disasarap
dangdaunan, daun bakung jeung badori, tamba kesel sasauran, nyaritakeun Ajar tadi.
Radén Panji Wulung nyaur, kula inget omong tadi, baréto
paman bébéja, lampahna ajar nu tadi, basana dihaturanan, ka Sokadana ku Gusti.
Keur norah seliran ratu, nu dituding pajar julig, selir téh
saha ngaranna, jeung saha lawanna julig, Jayapati ngawalonan,
sumuhun kanyaho kuring.
Eukeur caturing pitutur, ngaranna Nyi Tunjungsari, asal
urang Balangbangan, lalakina pun Panolih, cariosna dipaéhan,
malah katut pun Panolih.
. . . .
Pangkur
Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milangan
kori, henteu puguh nu dijugjug, balik Paman sadayana, nu
ti mana tiluan semu rarusuh, lurah bégal ngawalonan, aing
ngaran Jayapati.
Cikénéh mentas dibégal, tujuh jalma modar taya nu ngari,
bangkéna tujuh patumpuk, balik manéh ayeuna, lamun masih
kénéh manéh hayang hirup, kadieukeun banda sia, ku aing moal dipeuncit.
Rahadén Panji ngandika, bari mésem Paman takabur
teuing, pati batur diganggu, mangké caralik heula, ieu catang nu malang sumangga panggul, lamun kapanggul ku paman, kaula sumeja ngiring.
Jeung nyanggakeun babandaan, tapi lamun ku paman teu kaindit, ku kula meureun dipanggul, éta minangka tanda, jadi éléh saha nu teu kuat manggul, melengek ki lurah bégal, pikirna geus rada risi.
Neuleu catang nu malang, gedé pisan tangtu moal kaindit,
maksakeun manéh pék nangtung, catang tuluy dipundak, teu kabawa késangna datang ka ngucur, henteu obah-obah acan, mésem leleb Radén Panji.
Ki Jayapati nyentak, manéh ogé moal enya kaindit, lamun
ku manéh kajungjung, kami seja kumawula, rék nuturkeun
ka mana anu dijugjug, ngadeg Radén Panji dangdan, catang
dipanggul kaindit.
(Dicutat tina Wawacan Panji Wulung, R.H. Muhammad Musa)

*Pacublek-cublek Uang*
Di sakola, hidep tangtu boga babaturan. Aya babaturan
anu dareukeut aya babaturan anu jarauh. Babaturan
dareukeut disebutna sobat dalit. Ari babaturan jauh mah
disebut babaturan waé. Babaturan anu dareukeut mah sok bareng di mana waé. Upamana mun urang jajan ka warung
sok babarengan. Kitu deui, mun di kelas sok diuk sabangku.
Mun aya nanaon sok nulungan jeung ngabéla urang.
Di sabudeureun imah ogé, urang tangtu boga batur
ulin. Jumlahna bisa duaan atawa tiluan. Néng Uni ogé
boga batur ulin. Aya Risa, Héna, jeung Yanti. Tiluanana
sok ulin babarengan. Kawas harita, Risa, Héna, jeung
Yanti keur arulin di imahna Néng Uni. Katempona layeut
pisan. Sakuduna urang jeung babaturan silihajénan jeung
silihtulungan.
Ceuk Néng Uni téh, “Urang pacublek-cublek uang,
yu!”
“Hayu.” Risa ngajawab bareng.
“Kumaha carana, Ni, Yanti mah hilap deui?” ceuk Yanti
ka Néng Uni.
“Ih, gampang. Kieu carana nya. Sok masing-masing
dampal leungeun urang keupeulkeun, tuluy simpen di
handap. Engké Uni jadi indung nyaéta purah mepegan. Jadi,
Uni bakal neunggeulan peureup Risa jeung Yanti. Leungeun
nu kénca ogé sarua dikahandapkeun.
“Tuluy kumaha, Ni?” Ceuk Yanti nanya deui.
“Engké bari mepegan peureup Risa jeung Yanti, Uni
bakal ngawih. Kieu kakawihanana téh.”
Pacublek-cublek uang,
Si Ujang maung lentér,
matata-matiti
Si Titi mau kawin
pa emh, pa emh emh…..
“Tah, engké nu peureupna kapepeg pangpandeurina
(bareng jeung panungtungan kakawihan), kudu rikat
disumputkeun ka tukang. Tuluy indung mepegan peureup nu séjénna deui bari angger kakawihan tepi ka anggeus
(peureup saréréa geus aya di tukang). Saha nu peureupna
pangheulana dikatukangkeun, éta nu kagiliran mepegan
(jadi indung) dina balénan nu kadua. Kitu jeung kitu wé”.
Uni nerangkeun mani capétang
@urangsundaasli

Lalandakan
Barudak lalaki keur karumpul. Kabéhna aya limaan.
Aya Yudi, Rangga, Wawan, Acép, jeung Réja. Arulinna di
lapang badminton. Kabeneran keur teu dipaké.
“Urang ulin lalandakan, yu” ceuk Yudi ka babaturan-
ana.
“Hayu….hayu……”. Barudak séjén méh bareng
ngajawab.
“Enya resep, sakalian olahraga wé.” ceuk Rangga.
“Eh, enya. Wawan mah poho deui carana kumaha?”
“Kieu carana mah. Ari lalandakan téh hartina niru-niru
landak. Salasaurang di antara urang aya nu “jadi landak”.
Nu jadi landak kudu ngabeberik babaturan séjénna bari
ngorondang. Engké eureun-eureun mun aya babaturan nu
kacabak atawa katoél.
“Saha nu pangheulana jadi landakna?” ceuk Wawan
nanya deui.
“Ih, aya carana atuh. Urang kakawihan heula.
Réngsé kakawihan, nu katunjuk jadi landakna. Hayu geura
urang kakawihan.” Ceuk Yudi bari ngong kakawihan. Kieu
kakawihanana téh
Landak-landak sonari,
kop cau kop tiwu,
hakaneun sia janari,
bekel miang ka Batawi,
kop jurig jarian,
kop jurig tangkod,
kop juring pacilingan,
kop jurig onom….
Kitu Yudi kakawihan bari curukna diacung-acung.
Palebah omongan “kop jurig onom….”, curuk Yudi nunjuk
ka lebah Réja. Réja landakna.
Atuh Réja tuluy ngorondang
ngungudag babaturanana ka ditu ka dieu. Nu diarudag
tingalacir lalumpat bari tingcéréwét. “Aya landak! Aya
landak!” cenah.

Di Sakola Yudi
Yudi sakolana di SD Guna Darma. Pernahna di Jalan
Guna Darma. Buruan sakolana ogé lega pisan. Barudak sok
arulin di buruan sakola. Antara barudak awéwé jeung lalaki
tara campur, tapi sok misah. Barudak awéwé sok arulin
ucing-ucingan. Ari barudak lalaki mah sok méngbal ku bal
pelastik.
Barudak geus dialajar beberesih di sakola. Aya nu
sasapu di kelas aya nu di luar kelas. Aya nu sok ngelapan
kaca atawa mupus bor. Mun aya runtah sok dicokot kana
wadah runtahkeun. Kaayaan lingkungan sakolana beresih
tur raresik. Atuh tempat diajarna ogé matak genaheun.
Kayaan tiis tingtrim. Atuh bahan pangajaran ogé babari
katarimana.
Murid-murid geus dilatih dibéré tanggung jawab.
Ari carana ku dibéré tugas pikét. Saban poé tugas pikétna
béda-béda. Poé Senén tugas pikétna Yudi, Wawan, jeung
Risa. Poé Salasa nu
pikétna Nénéng, Yuni,
jeung Ahmad.Yana,
Lilis, jeung Rani mah
kabagéan poé Rebo.
Ari poé Kemis nu
pikétna Dudi, Ratna,
jeung Topik.
Tinggal dua poé
deui tugas pikét murid-
murid. Poé Jumaah
jeung Saptu nu pikétna béda deui. Poé Jumaah nu pikétna
bagéan Asép, Hadi, jeung Risna. Nu pikét poé Saptu aya
Tasya, Yuda, jeung Réndi.
Barudak téh pikétna soson-soson tara males. Da rumasa geus dibéré tanggung jawab ku
guruna. Mémang tanggung jawab téh kudu dilaksanakeun
enya-enya. Pagawéan téh ari digarap babarengan mah
karasana hampang. Saméméh prak digawé barudak ngadu'a
heula

[WILUJENG BOBORAN RAYAGUNG 10 DZULHIJJAH 1441 H]
Sampurasun 🙏
Wilujeng Boboran Rayagung 10 Dzulhijjah 1441 H.
Ku ayana Boboran Rayagung muga - muga urang bisa ngaronjatkeun kataqwaan jeung salawasna migawé kahadéan luyu jeung ageman urang saréréa.
Cag!
*Pengkuh agamana, luhung élmuna, jembar budayana*

Pasapon
Pasapon téh jalma tukang sasapu. Di sakola Yudi ogé
aya pasapon. Ari ngaran pasaponna Mang Barna.
Manéhna sok nyapuan buruan sakola. Sapu nyérena digagangan ku kai panjang. Runtah-runtah dangdaunan sok digundukkeun. Mun geus digundukkeun, tuluy runtahna diduruk.
Mang Barna téh bageur pisan. Imahna aya di tukangeun
sakola.
Jaba ti sasapu, Mang Barna téh sok ngonci sakola.
Sakabéh panto jeung jandéla dikonci. Kitu deui panto
gerbang sakola sok dikonci. Ari isuk-isuk panto gerbang
sakola sok dibuka. Tapi pasosoré mah gerbang sakola téh ditutup.
Najan aya pasapon, barudak sok mantuan beberesih.
Utamana mah beberesih di jero kelas. Unggal poé barudak
nu beberesih béda-béda. Ari kabagéan beberesih mah
kumaha jadwal pikétna. Miara kaberesihan téh tanggung
jawab urang saréréa.
Beberesih di sakola kudu dilaksanakeun. Tujuanana
sangkan sakola beresih tur asri. Mun lingkungan urang
beresih, kaayaan matak séhat.