Abong Nu Beunghar
Jelema mah hade ku basa, goreng ku basa. Kitu piwurukna pun biang sareng pun bapa anu masih keneh nongtoreng dina ceuli nepi ka ayeuna. Pelajaran dasar elmu hirup anu samistina dipake ku sing saha bae dina hirup kumbuh sapopoe. Minangka jampe sangkan silih ajenan jeung sasama bari henteu mandang status sosial, jabatan, harta jeung sajabana.
Da yakin atuh, rek nu beunghar, rek nu miskin, rek nu pinter, rek nu bodo, rek nu pangkat, rek somah, pasti sarerea oge hayang diajenan ku sasama. Basa nu dimaksud di dieu oge tangtu lain ngan saukur omongan, tapi gumulung dina rengkak paripolah tur sikep urang dina nyanghareupan papada jalma. Sanajan babasaanana lemes, tapi ari sikepna adigung sarta ngahampas mah, angger we matak pikateungeunaheun batur.
Padahal sanajan nu beunghar upamana, matak naon mun sing someah ka sasama, rek miskin, rek beunghar. Dijamin, moal matak ngurangan kabeungharanana. Malah ku batur ge meureun jadi pamujian, keur beunghar teh bageur jeung someah deuih. Atuh nu miskin bari someah oge nyakitu, pasti jadi pamujian batur: si eta mah sanajan miskin tapi someah, hade basa hade tata (danamihardja). Tuh, pan euweuh rugina nya.
Konsep silih hargaan dina pergaulan sosial sapopoe sakuduna lain ngan ukur papaes lambe, lain ngan saukur diambeng dina obrolan atawa tulisan, tapi kudu bari jeung prakna dilaksanakeun. Mun sarerea geus bisa kitu, tangtu dunya teh baris ayem tengtrem, moal aya pacogregan sarta silih omongkeun kagorengan. Barina oge lamun kagorenganana euweuh, naon nu rek diomongkeun atuh ari lain kaalusan mah?
Tapi da ngaranna ge hirup, pasti moal salawasna ideal sakumaha kahayang urang. Mun kitu mah moal rame atuh dunya teh. Dina copelna, kuring meureun moal aya tuliskeuneun :)
Naha kumaha kitu? Enya pan kaalaman pisan ku kuring. Lebaran kamari kadatangan tamu ka imah. Cenah manehna teh minantu pejabat manten level propinsi. Lain tamu kuring sabenerna mah, tapi tamu ki lanceuk. Ngan kabiasaan di imah kuring, mun aya tamu teh sok kudu nepungan mingangka pangangken ti kulawarga. Tara lila atawa terus masamoan eta oge, ukur kitu we sasalaman terus ngahaminan sakeudeung.
"Nepangkeun ieu pun adi," cek ki lanceuk ka semah nu harita kabeneran keur ngobrol jeung pamajikanana. Ki semah teh nangtung bari unggeuk tur ngasongkeun leungeun nampanan leungeun kuring nu ngajak sasalaman. Ngan jigana ku sabab nempo kuring mah lain tongkrongan jalma penting, bari jeung manehna keur kagok ngomong ka pamajikanana, ngasongkeun leungeunna teh bari beungeutna teu nempo beungeut kuring.
Najan enya ge kuring lain jalma penting, lain jalma beunghar, tapi ari nempo kitu mah kuring teh asa disapirakeun. Na asana teh, da najan kuring teu beunghar oge teu diparaban ku manehna ieuh. Uteuk rock n' roll kuring langsung reup bray. Leungeun kuring nu geus nyolongkrong teh dicentok deui bari teu ngomong sakemek-kemek acan, terus ngaleos deui ka jero. Teu tulus sasalaman!
Kareret ku juru panon pamajikanana colohok. Teuing kumaha tah beungeut ki semah dikitukeun teh. Bae ah, insya Allah moal rugi teu sasalaman jeung manehna oge.
Mudah-mudahan ieu teh jadi pelajaran keur manehna, keur kuring oge, yen ngajenan jelema mah ulah pilihan, komo dumasar kana beunghar henteuna, pangkat henteuna, jeung sajabana. Jeung pangpangna mah kudu sadar yen teu kabeh jelema bisa dikutiplak sakahayang manehna. Kudu inget deuih, saha nu apal dina hiji mangsa mah urang baris butuh ku jelema anu ku urang dianggap teu penting.
Ku aya-aya bae nya ari jelema. Abong nu beunghar.
@urangsundaasli

Bubuy Bulan
(Cipt. Beni Corda)
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray béntang
panon poé, panon poé disasaté
unggal bulan, unggal bulan abdi téang
unggal poé, unggal poé ogé hadé
Situ Cuburuy laukna hésé dipancing
nyérédét haté ningali ngénclong caina
tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing
nyérédét haté ningali sorot socana
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
unggal poé, unggal poé ogé hadé
Situ Ciburuy laukna hésé dipancing
nyérédét haté ningali ngénclong caina
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing

Malati di Gunung Guntur
(Mang Koko & Wahyu Wibisana)
Malati di Gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sésétraning rasa
jadina dina mumunggang
leuweung larangan
Malati di Gunung Guntur
Hanjakal henteu dipetik
Béja geus aya nu boga
Ngahaja melak di dinya
Para Guriang
Ayeuna kuring geus jauh
Malati sosoca gunung
Boa geus aya nu metik
duka ku saha
Kamari jol aya béja
Malati ratna mumunggang
Pajar can aya nu metik,
duka ku naon
Malati di Gunung Guntur
Ligar dina panineungan
na panineungan
Na saha nu baris metik
Kuring mah da puguh jauh
Biheung kadongkang
@urangsundaasli
(Mang Koko & Wahyu Wibisana)
Malati di Gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sésétraning rasa
jadina dina mumunggang
leuweung larangan
Malati di Gunung Guntur
Hanjakal henteu dipetik
Béja geus aya nu boga
Ngahaja melak di dinya
Para Guriang
Ayeuna kuring geus jauh
Malati sosoca gunung
Boa geus aya nu metik
duka ku saha
Kamari jol aya béja
Malati ratna mumunggang
Pajar can aya nu metik,
duka ku naon
Malati di Gunung Guntur
Ligar dina panineungan
na panineungan
Na saha nu baris metik
Kuring mah da puguh jauh
Biheung kadongkang
@urangsundaasli
Nyangkem Eusi Sajak
Ieu Sajak nomer (1) nu judulna Priangan di handap
diwangun ku dua pada sarta masing-masing pada
diwangun ku tilu padalisan. Pék ilo sing teleb, nepi ka kacangkem eusina!
(1) Priangan
(Rahmat M. Sas Karana)
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
Sabada hidep maca sajak di luhur, kira-kira nyaritakeun naon eusi éta sajak? Ayeuna urang pedar babarengan eusi nu aya dina éta sajak.
(1) Eusi éta sajak ngagambarkeun kaéndahan alam tatar
Sunda nu katelah Priangan. Kecap Priangan dipaké
judul dina éta sajak;
(2) Éndahna alam tatar Sunda ku panyajak diibaratkeun
mojang lenjang nu pakulitanana hideung santen
(padalisan kahiji);
(3) Alam nu aya di tatar Sunda unggal poé dicaangan
srangéngé atawa panonpoé (padalisan kadua);
(4) Lamun peuting éta sakuliah tatar Sunda dicaangan
ku sorot bulan (padalisan katilu);
(5) Saking mikacintana alam Priangan, panyajak nepi ka
nyebut jungjunan, nya éta sesebutan keur ka saurang
jalma nu dipikacinta atawa kabogoh (padalisan
kaopat).
(6) Saupama éta panyajak puput umur atawa maot
(padalisan kalima), hayang dikurebkeun atawa
dikuburkeun di pangkonan atawa tanah Priangan
(padalisan kagenep)

Neuleuman Ajén Éstétika dina Sajak
Tengetan deui ieu sajak di handap!
(2) Lemah Cai Kuring
(Apip Mustopa)
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu kurang
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu hayang
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning loba kahariwang
Lemah kuring
Cai kuring
Kadeudeuh direbut batur
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus lain nu kuring
(Dicutat tina Srangéngé Jakarta, 2…:…)
Ayeuna urang pedar ajén éstétika nu aya dina sajak
nomer (2) di luhur. Sanajan teu aya katangtuan husus
ngeunaan guru lagu, purwakanti atawa rima, pangarang
éta sajak dina ngébréhkeun pangalaman batinna téh bari
jeung merhatikeun ajén-ajén éstétika. Ari éstétika bakal
mangaruhan éndahna sora éta sajak saupama macana
dibedaskeun.
Lamun ku urang ditengetan, unggal engang
panungtung ahir padalisan dina sajak di luhur ngabogaan
sora anu angger, nya éta i-i-a, i-i-a, i-i-a, i-i-a. Nu kitu téh
disebutna murwakanti, nya éta padeukeutna sora engang
dina unggal kecap atawa sora kecap dina unggal kalimah,
baris, atawa pada. Sora nu murwakanti dina éta sajak
ayana di ahir padalisan.
Padeukeutna sora di ahir atawa di tungtung disebutna purwakanti laras wekas. Geura
ilikan ku hidep contona di handap!
Lemah kuring i
Cai kuring i
Geuning geus loba nu kurang a
Sajaba ti wirahma atawa purwakanti, ajén éstétika
séjénna nu diébréhkeun ku panyajak nya éta malikan
deui nuliskeun kecap-kecap nu sarua dina unggal pada
kecap lemah, cai, geuning.
Maksud panyajak malikan deui
nuliskeun éta kecap téh pikeun negeskeun ka nu maca
perkara nu dianggap penting.
Éta gaya basa samodél kitu
téh sajaba ti mantuan nu maca leuwih gampil maluruh
eusi, ogé némbongkeun ka nu maca aspék kaéndahan.
Nu kitu téh sok disebut mindoan kawit atawa gaya basa répetisi. Geura ilikan ku hidep contona di handap!

Maham Wanda Sajak
1. Sajak Lirik
Sajak lirik nya éta sajak anu ngagambarkeun rasa
panyajakna atawa ngébréhkeun pikiran jeung rasa pribadi
panyajakna tur sipatna leuwih subjéktip. Dina sajak
lirik panyajak henteu ngadongéng atawa nyaritakeun, tapi ngébréhkeun sakur anu kapikir jeung karasa waktu
harita. Sajak lirik ogé eusina mudalkeun rasaning ati,
bingbang rasa jeung pikiran.
Geura tengetan ieu conto
sajak lirik di handap nu judulna Seuneu Bandung karya
Karna Yudibrata!
(4) Seuneu Bandung
(Karna Yudbirata)
Saha nu bisa mareuman seuneu Bandung
Geni sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung
Najan laut kidul
Ngolétrak dipaké nyiram
Seuneu Bandung
Dayang Sumbi gupay pucukna
Tangkubanparahu jadi suluhna;
sut urang sundut
nyeungeut obor kamerdékaan
bray caang lampu neon jutaan watt.
Langit ngempray, langit harepan
Seuneu teuneung geni kawani
Ngaléntab sagara keusik
Ngahuru ngabela-bela
Ngaduruk leuweung-gonggong langit-langgong
Afrika-Asia bébas merdéka!
Seuneu nyebrot di dapur Cikapundung
Geni sakti, cahya Ilahi
Hamo bisa dipareuman
(tina Saratus Sajak Sunda, 1992)
Dina sajak (4) nu judulna Seuneu Bandung di luhur,
ngagambarkeun kawani jeung sumanget juang urang
Bandung pikeun ngabéla lemah caina (Kota Bandung) tina
gangguan lawan (penjajah). Éta sumanget jeung kawani
diébréhkeun ku panyajak ti mimiti padalisan kahiji jeung
kadua nu disimbolkeun ku kecap seuneu jeung geni atawa getih sarta kecap sakti nu bisa dihartikeun rupa-rupa
akal, tarékah, siasat, jeung kayanikan urang Bandung
nu digambarkeun ku kecap Cikapundung. Éta sumanget
juang téh moal sirna (pareum) najan ngalawan musuh
anu leuwih kuat jeung samakta (lengkep) pakarangna
nu ku pangarang diibaratkeun ku laut kidul. Cindekna
sanajan dibanjur ku cai salaut kidul, seuneu (sumanget)
urang Bandung moal musna (pareum). Geura tengetan
ieu di handap pada kahiji éta sajak!

Sajak Épik
Sajak epik nya éta sajak anu sipatna ngadadarkeun
hiji carita atawa kajadian, sarta biasana eusina téh
ngawangun carita kapahlawanan, boh pahlawan anu aya patalina jeung legenda, kapercayaan, boh anu aya patalina jeung sajarah. Wangun sajak épik bisa digolongkeun deui
jadi sababaraha golongan, di antarana: epos, fabel, jeung
balada.
Anu bakal dipedar nya éta sajak balada. Naon
ari Sajak balada téh? Sajak balada nya éta anu eusina nyaritakeun ngeunaan jalma-jalma anu gagah, jadi tokoh pujaan, jalma atawa tokoh anu legendaries boh jaman
baheula boh jaman ka béhdieunakeun, atawa jalma anu jadi pusat perhatian.
Geura tengetan ieu conto sajak balada di handap
nu judulna Di Panugaran Batu Curug Sigay karya Agus
Suriamiharja!
(5) Di Panugaran Batu Curug Sigay
(Agus Suriamihardja)
I. Ki Arsik urang Cicarita
Ngahaja nugar batu Curug Sigay
Teuing nu saha
Teu kungsi dipapay-papay
Datang ka léngkob nyorangan
Bismi hirup
Tuluy ngaheumbat bébéakan
Batu urug
Kitu jeung kitu
Tara nunggu-nunggu
Mun karasa cangkéngna asa semplak
Reureuh heula sakeudeung
Udud molé, ni’mat ngadadak
Minangka sasarap, citiis jeung gula kawung
Basajan pisan
Kahayang karumasaan
II. Datang anémer ti Bandung
Ngagorowok luhureun pasir:
Aki, geus meunang sabaraha kibik
Di léngkob Ki Arsik nangtung
Némbal bari rada gimir:
Karék meunang dua kibik
Tuluy ti léngkob batu dikunjal
Ka sisi jalan gedé jauhna tilu pal
Gawé sabaraha poé
Tukeur béas jeung molé
Bro ka pamajikan
Nohonan kajujuran
III. Ki Arsik imah bilik hatéup eurih
Manéhna panugar batu
Hasil késang jeung kapeurih
Jadi gedong deungeun-deungeun peuntas ditu
Ki Arsik teu nyaho-nyaho
Anémer nyandung ka randa donto
IV. Basa anak bungsuna kawin
Ki Arsik ngumaha maur
Anémer mere nginjeum bari api lain
Tah aki, kula ngan nyaho batu satuur
Sabada ngawalian
Manéhna ka léngkob deui
Nugar batu mayar hutang
Ngaheumbat sataker kebek
Linggis mental kana tarang
Rénghapna kapengkék
Nini, aki tiwas
Ti mumunggang ngahiliwir angin kaihlas
Ki Arsik boga hutang urut hajat
Teu kaburu punah
Mayitna ditanggeuy ku nu ngarit
Angkeub langit Cicarita
Pamajikan, anak incu walurat
Hutang can punah
Maskumambang salalangit
Di Cicarita guyur carita
V. Kiwari
Mun tengah poé éréng-éréngan
Sok kawénéhan ti léngkob aya aweuhan
Sora linggis nugar batu
Tapi tuluy gagu
Jeung hawar-hawar kadéngé sora ngahelas

Cadas Pangéran
(Yus Rusyana)
Ginggeung Nusa Jawa ku gidirna Mas Galak
Curukna ngagurat ti Anyer ka Banyuwangi
Saciduh kudu metu ngembat jalan kebat
Ngagurat warna getih ti Anyer ka Banyuwangi
Natrat carita dijungkiringkeun dina cadas
Di dieu aya satria tandang
Di dieu aya lalanang
Papay raratan carita anu dicaritakeun deui
Carita seungit seumatkeuneun dina dada lalaki
Di dieu kajadian aya amarah rongkah nu kapegung
Di dieu melotna linggis kadugalan ku teuasna cadas galih
Tingburinyayna ketit tina pedang kakawasaan budi
jeung keris kalemesan budi
Kekerot Daendels nyabak gobang
Ayem Pangeran nyabak landean
Kaula baris nandéan
Mureleng jendral-jendral singa lapar
Kami nu geus tandang di ranca getih di front-front buana
Kami nu geus nguyup getih di Berezina
Teu suka dipapalangan
Kami gobang keur nyacar urat-urat nu bedang
Ayem putra Geusan Ulun
Kaula Surianagara
Nu geus ngalalana ka congkar rasa
Leuwih hadé mandi getih nguyup getih
Manan migawé nu teu sapuk jeung lelembutan
Di dieu raketna dua kakuatan
Gobang nu diheumbatkeun ku tangan beusi
Jeung keris dina sampur sutra budi

Di dieu aya lalanang.

Maca Mantra
Sajaba ti conto di luhur téh, ieu di handap aya sababaraha conto mantra séjénna. Geura imeutan ku hidep!
Jampé Ngarah Calakan
Bismillah
Otak éncér lir paser jamparing
Panon seukeut lir panon heulang
Haté ngagebray caang lir srangéngé
Biwir matuh saciduh metu saucap nyata
Bray paningal pinuh ninditu ka awaking
(tina Buku Jangjawokan, Disparbud Jabar)
Sanggeus hidep maca éta mantra, naon kira-kira eusina? Hidep tangtu panasaran. Ieu di handap dipedar eusi éta mantra. Pék tengetan deui!
Bismillah
Otak éncér lir paser jamparing
Panon seukeut lir panon heulang
Haté ngagebray caang lir srangéngé
Biwir matuh saciduh metu saucap nyata
Bray paningal pinuh ninditu ka awaking
Eusina: Munajat atawa ngadoa ka Nu Maha Kawasa, (Allah Swt.),
dimimitian ku ngucap bismillah, nu dipiharep sangkan calakan
atawa pinter (otak éncér), diséhatkeun (seukeut), panonna jelas dipaké maca lir (panon heulang), dijembarkeun jeung
dibersihkeun haténa (haté ngagebray caang), lamun nyarita jelas, paséhat, jeung bener, teu balélol (biwir matuh saciduh metu).