Pék ku hidep ilo kalayan gemet ieu bacaan di handap!
Teks ka-1
*Ngadu Geulis*
Kolot mah mapatahan, cenah kudu boga saku dua. Lain goréng sangka tangtuna gé tapi ati-ati. Atuh, mun aya nu muji, tong waka atoh, komo nu muji hareupeun. Da nu kitu mah, bisa waé pangarahan, hayang meunang kauntungan ti nu dipuji.
Kudu boga saku rangkepan. Éta gé ceuk kolot kénéh. Atuh, tong waka percaya ka nu ngumbar jangji, da nu hawara biwir mah, ceuk ki dalang, leuir pikir. Nu asal nyarita, ilahrna, teu asak balitungan.
Cék kekecapan kolot deui baé, jéngkol aya usumna, ékol mah
bisa sapapanjangna. Nu boga karep ngedalkeun alesan, nyombo, jeung ngabobodo nu wujudna dina pamuji jeung jangji, bisa kedal sapapanjangna.
Kétang, ari raména jangji jeung pamuji mah, aya usumna, usum-usuman, lima taun sakali, sakurang-kurangna gé. Dina mangsa pilihan pamingpin,
moal kurang-kurang nu muji-muji rahayat jeung ngedalkeun jangjina.
Cenah, rahayat téh geus palinter! Ngan, tangtu wé, ngadéngé pamuji kitu
gé ulah waka beukah liang irung, da puguh bisa jadi ukur panyombo jeung pangolo, boa sangkan balangah, atawa teu curiga mun loba nu rék curang.
Kétang, bongan jadi rahayat! Tukang dipépéndé sina ngarasa kapaké.
Urusan nyombo si leutik, geus aya ti baheulana. Remen kacatur dina carita-carita buhun, upama pangawulaan (ménak) mikahayang banda
rahayat, apan cukup wé ku muji-muji. “Alus tah kuda téh, hadé piara andika mah!” Nu dipuji, bungah, léah haté nu saterusna sadrah mikeun barang atawa pangabogana.
Mun nu hayang jadi pamingpin muji jeung ngabibita, teu sing
salah. Jurus kitu téh, padika lawas dina ngawasa pihak séjén. Kitu téh saperti ceuk Haji Hasan Mustapa, ilaharana jelema bisa dibibita ku nu pikabitaeunana, bisa disingsieunan ku nu dipikasieunna. Kitu deui ceuk
Jeffrey Archer (dina The Fourth Estate) apan sangkan pihak séjén nurut téh, bisa maké dua cara, mun teu diolo, diintimidasi!
Jurus kawas kitu gé diéstokeun pisan ku nu harayang kapilih téh.
Apan, nu sakirana kasedep jeung kalandep ku masarakat, disadiakeun.
Mangga pilih, jalmi sohor artis selebritis.
Dina mangsa jaman ‘youtube’ jeung ‘idol’ popularitas jadi
tinimbangan utama. Kadar, mampuh jeung henteuna dina mancén gawé, teuing aya dina tinimbangan nomer sabaraha. Nu penting, kumaha raména. Kétang, kamampuhan mah nuturkeun, bisa diajar! Sageuy teu apal, tolab élmu téh apan sapapanjangna.
Ngasongkeun selebritis atawa artis, teu sing salah. Kabéh gé
tunggaling mahluk, naon waé propésina manusa-manusa kénéh. Teu sing ngalanggar undang-undang, malah luyu jeung aturan anu nyampak,
masing-masing warga nagara gé boga hak milih jeung dipilih.
Boa, karep ngasongkeun artis atawa béntang pilem gé tandaning pinter jeung wijaksanana nu ‘ngabenkeun’ pipamingpineun. Wanoheun kana kaayaan rahayat nu seuseut-seuat dina nyumponan pangabutuh sapopoé. Rayat kudu kerung ngerutkeun kulit tarang mikiran bangbaluh hirup.
Ku lantaran kitu, meureun, merenah mun dibéré pipamingpineun nu sohor di dunya hiburan. Hartina, teu sing salah, munpipamingpineun boga karep ngahibur masarakat.
Upama pihak nu hayang nyangking kakawasaan ngabalitungkeun
karesep masarakat, mémang témbrés dina paripolahna, saperti kagambar
dina pilihan umum, pilprés jeung pilkada. Pihak-pihak nu hayang kapilih, tatahar ti anggalna. Najan can waktuna kompanye, nu ‘ngawanohkeun’ jenglengan pribadi piliheun mah ubyag naker. Sina sohor, sina popular, ulah éléh ku selebritis.
Rayat nu dianggap pinter, ceuk kolot mah, angger ulah kabobodo ténjo! Mun salah milih, leuh, rék milih deui téh, ‘ngemplad’ naker, da kudu ngadagoan usum pilihan lima taun deui. Boa sajeroning nungguan pilihan deui gé loba nu geus jompo.
Milih pamingpin, milih nagarawan, lain sakadar milih pulitisi. Béda, cenah, pulitisi jeung nagarawan mah. Saperti ceuk Jefferson, pulitisi mah mikirna pilihan umum saterusna; ari nagarawan mah mikiran generasi saterusna.
@urangsundaasli

*Dihin Pinasti Anyar Pinanggih*
Saha nu teu ngangres ningal pirang-pirang jelema
jeung sasatoan, ujug-ujug musna kaléléd lambak gangas
tsunami. Wawangunan jeung tatangkalan méh rata
jeung taneuh. Runtah pasoléngkrah di unggal tempat, ngahunyud di saban juru.
Tempat nu tadina éndah
jeung asri téh, deudeuh… kiwari ngan kari ruruntuk.
Kajadianana wuwuh sakedét nétra éstu teu disangka-
sangka. “Kakarénna” ukur nyésakeun rasa ketir jeung
watir ku ningali layon ‘ngabarugigag’ pabalatak di mana-mana. Dihin pinasti anyar pinanggih. Tegesing Alloh
parantos mintonkeun kakawasaanana.
Nu saralamet tina gulungan lambak gangas,
tingjarerit-tingkarocéak, awor jeung nu maridangdam
leungiteun anakna, kitu deui sabalikna. Nini-nini
rawah-riwih néangan incu kakasih. Bébéné kaleleban ku
beubeureuhna. Randa-randa tingsalegruk micangcam nu
jadi salakina. Kokotéténgan, mapay-mapay unggal layon.
Dilelekan bari disidikkeun sugan anakna, sugan bapana,
sugan indungna jsté. Ngan lolobana lain jeung lain baé.
Pon kitu deui, imah katut harta bandana burakrakan,
teu kaciri urut-urutna acan.
Loba nu bedah cimata,
tinglenggerek bakating ku nalangsa. Papakéan ngan kari
saraket awak. Pohara ngangresna lantaran lieuk euweuh ragap taya. Cindekna mah loba nu katalangsara, nunggelis pahatu lalis. Henteu sanak henteu kadang, hirup bet jadi
nunggul pinang.
Niténan korban tsunami harita nu kacida rohakana,
jadi ngangres kabina-bina.
Héabna mungguh kebat ka
mana-mana. Tina galona watir jeung ketir, bet ngagédéng
rasa kaahéng. Kahémeng téh duméh ngabandungan
nu tumerapna ka Pulo Simeulue. Nurutkeun data nu
maot ngan tujuhan, tina 6.306 jiwa jumlah pangeusina.
Mungguh mun ngudag kana logika mah asa pamohalan.
Malah éta pulo téh payus mun kudu pangheulana
carem kasirna lambak.
Nurutkeun akal séhat –utamana mun nelek-nelek kana peta- éta pulo téh apan sasatna
paeunteung-eunteung jeung pangdeukeutna ka puseur
lini. Anggangna ti puseur lini ka éta pulo (Simeulue) téh
nurutkeun Dr. Yusuf Surahman, M.Sc. Direktur Teknologi
Inventarisasi Sumber Daya Alam (TISDA) BPPT, kira-kira
60 km. Bandingkeun jeung ka Banda Aceh anu anggangna
kira-kira 400 km. Mungguhing mana kitu ogé Gusti téh
kagunganeun maksud anu tangtu.
Lian ti geus jadi katangtuan, dihin pinasti anyar
pinanggih, cék ujaring carita lobana nu saralamet téh
satemenna tumali jeung kapercayaan masarakat kana
mitos. Mitos téh sumebarna tatalépa sacara turun-
tumurun. Wallahu alam kumaha éta mitos téh dikemasna,
naha ngaliwatan carita (dongéng), pakeman basa, totondén jsté. Ngan seuhseuhanan eusina mangrupa pépéling nu
kacida dipuhit ku masarakatna. Cék sakaol, napakna ieu mitos, gelar tina luang nu kaalaman karuhunna dina
abad 19-an. Bawirasa lamun nuduhkeun dina abad 19-an
mah patali jeung bituna gunung Rakata (Krakatau) dina
tanggal 27 Agustus 1883.
Waktu Gunung Rakata, bitu, cenah laut téh kawas nu
kaserot. Basisirna ogé nepi ka saat ngolétrak. Loba lauk
nu tinggolépak kasaatan. Jalma pahibut nyarokotan lauk
nepi rada tengah. Tapi teu kungsi lila basisir nu tadina ngolétrak téh ngadak-ngadak pasang. Ujug-ujug léb baé kagulung ku
lambak -harita mah can
aya istilah tsunami- anu
pohara ngagulidagna méh
24 meter luhurna. Jelema nu
ngaralaan lauk téh kabéh
carem kaléléd lambak.
Lambak nu rosa kebat
hanjat ka darat, neumbrag
jeung ngababukan naon
baé nu ngahalangan.
Sabada surud, naon-naon
anu kasorang ku cai tuluy
kabawa palid ka tengah
laut. Tatangkalan, sasatoan jeung pirang-pirang jalma lir
beunang nyapukeun baé, jadi runtah di tengah laut.
Pulo-pulo nu aya di sapanjang basisir Sumatra (Samudra Hindia) kaasup pulo Simeulue ogé kalémbak.
Pirang-pirang pangeusina musna kabawa cai. Nya ku
karuhun éta pulo, utamana ku nu salamet, éta kajadian téh
dijadikeun catetan minangka pépéling keur sékésélérna.
Éta pépéling téh salahsahijina ditépakeun ngaliwatan
kila-kila. Kila-kilana di mana dunya ngariyeg, basisir
ngolétrak, mangka kudu gura-giru marubus ka leuweung

atawa tempat anu laluhur. Tah waktu dunya ngariyeg (tanggal 26 Désémber 2004) urang Simeulue mah cenah,
cul naon-cul naon berebet baé marubus ka pagunungan.
Da kitu mungguh nurutkeun unggelna mitos. Teu wudu
ogé ari lemburna mah burakrakan. Ngan meureun, early warning system salaku antisipasi gempa & tsunami nu
kakara rék dibaladah ku pamarentah, méh tinggaleun
ketak ku urang Simeulue. Da keur urang Simeulue mah
early warning system enas-enasna mah pan nyampak dina mitos téa.
Nurutkeun sawatara katerangan, pangna urang
Simeulue loba nu saralamet téh ogé diSundang ku muhitna
kana kapercayaan patali jeung rupa-rupa pantrangan.
Upamana, urang Simeulue teu weléh mupusti alam
sabudeureunana (leuweung) lantaran patali sieun ku
saniskara pantrangan téa.
Warga umumna tuhu kana
papatah jeung kacida sieunna kana éta pantrangan.
Lantaran lamun éta pantrangan dirempak balukarna baris
nimbulkeun mamala boh ka dirina boh ka lingkunganana.
Tuhuna kana pantrangan téa, tumerapna leuweung-leuweung jadi angger weuteuh jeung sanget lantaran
taya nu ngaruksak jeung ngagunasika. Munasabah
ku weuteuhna leuweung, geus bisa nahan panarajang
rohakana lambak tsunami téa.
Apanan ajén-inajén budaya karuhun bangsa Indonesia baheula, kacida mupusti alam sabudeureunana.
Lantaran anggapanana yén unggal barang, lian ti mahluk
hirup, ogé ngabogaan jiwa atawa roh. Nya teu anéh mun
baheula mah lamun rék nuar kai gedé téh paribasana
henteu wasa lantaran kacida sakralna utamana sieun
aya mamala. Kai téh kakara dituaran lamun saméméhna
dilaksanakeun heula ritual.
Nurutkeun anggapanana yén
kai téh seuhseuhanana mah barang hirup nu ngabogaan
jiwa (roh). Ku kituna, éta kapercayaan téh méh nanceb dina batin-batin urang Simeulue. Éta mitos minangka sawangan
hirupna (weltanschauung) pikeun numuwuhkeun kasadar
jeung kasieun masarakatna sangkan tetep mulasara
harmonisna hubungan antara manusa jeung alamna.
Munasabah kaahéngan nu tumiba ka pangeusi pulo
Simeulue téh teu leupas tina kahanan rupa-rupa mitos nu
dianutna. Jadi, ditilik tina kajian antropologi mah mitos
téh ngabogaan pirang-pirang kagunaan, di antarana
pikeun ngadalikeun masarakatna (social control), alat pendidikan (pedagogical device), jeung alat “pemaksa” sarta “pengawas” sangkan norma-norma salawasna digugu tur diturut ku anggota masarakatna.
Cindekna, lamun mitos dipiara ganjaranana bakal salamet, sabalikna mun mitos diluli-luli balukarna bakal nandangan mamala.
Tina musibah di Acéh jeung Sumut nu pikaketireun, -utamana pasca tsunami- tétéla keur urang mah loba pisan tapakureunana. Hikmah
naon nu nyumput disatukangeunana? Bawirasa nyangkarukna wuwuh aya dina haté-haté nu jalembar.
Banda sasampiran nyawa gagaduhan.
Wallahu alam.

Medar Tarjamahan
Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén.
Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa. Prosés narjamahkeun, boh karya
ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina.
Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina.
Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis" jeung "satia".
Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.
Dina périodeu saméméh Perang Dunya II anu réa digarap ku
pangarang Sunda téh saduran, lain tarjamahan. Dina saduran mah lain waé "alih basa"-na bébas, tapi karya deungeun téh dipapantes, disusurup jeung kaayaan di urang. Istilah séjén anu sok mindeng digunakeun harita nyaéta salinan atawa nyalin. Dina mangsa saméméhna, nyaéta dina periodeu naskah (manuscript), anu disebut nyalin téh bisa jadi
narjamahkeun (bébas), transliterasi atawa transkripsi atawa bener-bener nulad (aksarana, basana teu diganti).
Kagiatan narjamahkeun téh teu kawatesanan ukur pikeun
karangan ilmiah wungkul. Tapi méh saban widang paélmuan kungsi ditarjamahkeun karya-karyana. Ku lantaran kitu, majuna paélmuan téh éstuning ngabelesat pisan.
Diantara karya-karya anu sok diterjemahkeun téh nyaéta karya sastra.
Dina karya sastra, urang baris mikawanoh nu disebut karya tarjamahan.
Demi karya tarjamahan téh nyaéta karya nu ngahaja ditarjamahkeun ku nu narjamahkeun sangkan balaréa (masarakat pamaca) bisa maca éta karya.
Ari karya nu ditarjamahkeun kana rupa-rupa basa dikasangtukangan ku
lantaran éta karya téh dianggap fenomenal atawa karya masterpiece. Lian ti éta, bisa jadi lantaran nu nulis éta karya téh kasinugrahan hadiah nobel sastra. Éta karya masterpiece téh nya tuluy baé ditarjamahkeun kana
rupa-rupa basa, nu tujuanana sangkan ruang lingkup atawa segmentasi nu macana leuwih lega deui.
Ngan anu jadi pasualan, aya kalana karya nu ditarjamahkeun téh sanggeus meunang pangajén bet teu luyu jeung
eusi/amanat nu nulisna. Nu matak teu anéh loba nu maca ngarasa kuciwa ku hasil tarjamahanana.
Jadi tukang narjamahkeun téh mémang lain pagawéan nu enteng-enteng. Sabab ari narjamahkeun téh butuh mikapaham kumaha eusi
karya sastra “dima’naan” jadi hiji hal anu ngabogaan sasaruaan ma’na jeung karya aslina. Ku lantaran kitu, pikeun nu narjamahkeun mah kudu enya-enya mikapaham maksud nu nulis éta karya nu ditarjamahkeunana, saméméh dijanggélékkeun dina wangun karya nu geus ditranformasikeun téa.
Dina tanggal 14 Mei 1860 kungsi medal hiji buku nyaéta Max Havelaar nu dikarang ku Multatuli kalawan J. de Ruyter nu medalkeunana. Ieu buku
dikarangna ti mimiti bulan Séptémber tepi ka Oktober 1859 di Brussel, Bélgia. Éta buku téh gelar tina pirang-pirang rasa kuciwa gumulung dina batin Multatuli tepi ka jadi obsési. Novel Max Havelaar téh enas-enasna hayang ngarobah kalakuan para pangagung pribumi anu telenges ka rahayatna, tur ngarobah kawijakan ékonomi Walanda anu nyekék rahayat Hindia Walanda.
Multatuli téh sandiasmana Éduard Douwes Dékker anu lahir di Amsterdam taun 1820.
Manéhna kungsi jadi Asistén Résidén Lebak. Salila
di Hindia Walanda, Multatuli mindeng kuciwa. Upamana baé, basa salila opat bulan jadi Asistén Residén Lebak, manéhna nyakséni yén Bupati Radén Adipati Karta Negara meres jeung nindes rahayatna. Malah mah éta masalah téh dilaporkeun ka Residén, terus ka Gupernur Jéndral. Tapi ku sabab ngarasa teu diwaro ku dununganana, Douwes Dékker ménta eureun tina pagawéanana. Paméntana dicumponan ku pamaréntah Walanda tanggal 4 April 1856.
Taun éta kénéh manéhna mulang ka Walanda. Hirupna di ditu éstu kadungsang-dungsang.
Novel Max Havelaar diwengku ku 20 bab, anu salah sahiji babna ngadongéngkeun lalakon Saijah jeung Adinda. Jadi, buku Saija beunang nyundakeun RTA. Soenarja. Ari anu didongéngkeunana téh pangalaman Saija jeung Ina, dua rumaja nu si

lih pikaasih tapi kudu papisah.
Saija téh anak patani. Kolotna teu kaur boga munding, da sok
dipundut baé ku Wadana Parang Kujang minangka pajeg.
Emana maot kanyenyerian. Bapana gé maot deuih di pangbérokan sanggeus nyoba-nyoba indit ka Bogor nyingkahan nu sok nagih pajeg.
Saija dalit jeung Ina ti leuleutik. Basa rék nyiar gawé ka Batawi, Saija nyieun pasini jeung Ina yén upama engké balik ti Batawi, Saija rék ngawin Ina.
Tapi basa balik ka lemburna sanggeus tilu taun digawé di Batawi, Saija teu bisa tepung jeung Ina. Ari sababna, Ina katut adi-adina milu ka bapana ngumbara ka Lampung, nyingkahan katelengesan Juragan Wadana anu geus ngajabel munding tepi ka Emana Ina maot kanyenyerian.
Saija indit ka Lampung, tapi nu
kasam-pak ku manéhna, lembur anu dicicingan ku Ina jeung kulawargana téh dihuru ku Walanda. Saija ngamuk, tapi teu walakaya, perlaya ditubles mangpirang pedang jeung bayonét Walanda.
Tina galur caritana urang bisa nengetan kumaha gambaran kaayaan di Banten Kidul dina jaman kolonial: rahayat désa dikakaya, dikaniaya, ditandasa nu pohara ku pamaréntah, akibat tina pulitik jajahan anu telenges taya ras-rasan.
Multatuli hayang milu memener nu teu adil. Ku jalan
ngadongéngkeun tragedi Saija jeung Ina, manéhna hayang nandeskeun kumaha akibatna pulitik jajahan nu taya ras-rasan téh kana kahirupan rahayat. Lian ti éta, dina Saija téh ngelemeng deuih sumanget rahayat dina enggoning ngalawan kateuadilan.
Bawirasa, R.T.A Soenarja titén pisan kana kasang tukang budaya katut kaayaan batin nu maca tarjamahanana. Dina nyundakeun lalakon Saija, manéhna henteu ngan saukur mindahkeun kekecapan tina Max Havelaar, tapi enyaan diluyukeun kana acining batin urang Sunda deuih. Éstuning “disundakeun”. Upamana baé, ngaran “Saijah” diganti ku “Saija”, kitu deui ngaran “Adinda” diganti ku “Adina” tepi ka jadi Ina. Lebah ngagambarkeun Saija tepung jeung Ina nu geus perlaya, gambaranana téh nenggel pisan kana mamaras rasa.
Minangka buku tarjamahan, Saija tangtuna gé ngandung sawatara kosa kecap injeuman tina basa deungeun. Tah, lebah dieu mah RTA Soenarja henteu cara HB Jassin anu narjamahkeun Max Havelaar kana basa Indonesia kalawan gembleng, tur méré katerangan ngeunaan ngaran jalma, kekecapan, atawa ngécéskeun cutatan nu dipaké ku pangarang.
Nu sidik, kualitas RTA Soenarja téh kacida alusna.
Éta saperkara narjamahkeun prosa dina winangun novel, tangtu bakal béda deui lamun urang rék narjamahkeun puisi (sajak).
Malah aya nu nyebutkeun yén narjamahkeun puisi mah jauh leuwih bangga batan narjamahkeun prosa.
Parandéné kitu lebah narjamahkeun puisi mah gedé
kamungkinan sarua banggana jeung nulis éta puisi, anu henteu cukup ku modal kamampuh ngagunakeun basa aslina, tapi ogé kudu weruh kana
basa katut budaya hasil tarjamahanana. Béh dituna anu narjamahkeun puisi mah kudu mibanda pangalaman kapenyairan, pangalaman ngaracik
kekecapan, pangalaman ngagunakeun métafor, pangalaman ulin jeung
imaji, jeung pangalaman ngagunakeun diksi. Upama henteu mibanda pangalaman éta, tinangtu bakal lapur lantaran hasil tarjamahanana baris
jadi karya anu taya pulukeunana.
Narjamahkeun prosa kamungkinan itunganana kalimah per kalimah, demi itungan dina puisi mah kecap per kecap, jadi tangtu bakal leuwih banggana.
Ku ayana kitu, narjamahkeun puisi ogé kudu pinter jeung seukeut dina milih hiji kecap di antara kecap-kecap séjén anu teu pamohalan hartina sarua.
@urangsunda

Panata Acara (Mc)
Pentas Seni
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Langkung ti payun mangga urang sami-sami ngadeuheuskeun puji
sinareng sukur ka Alloh SWT anu parantos ngamparkeun ni’mat ka urang sadaya. Insya Alloh ni’mat iman, ni’mat Islam wuwuh nimat silaturahmi, dugi ka urang dina danget ieu tiasa ditepunglawungkeun sawargi-wargi kalayan rahayu salamet. Nya ku rahayu salamet nu janten marga lantaranana, dugi ka urang tiasa ngalaksanakeun rupi-rupi kagiatan anu tos maneuh dilaksanakeun unggal taun nyaéta miéling HUT RI anu ka-68.
Kalihna ti éta, teu hilap salam kawilujengan mugia ginuluran ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna, tur lélébéranana gubrag ka urang sadaya nu umangken
umatna. Amin…
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat!
Sateuacan medar ieu acara, sim kuring kalayan asmana panata
calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka para bapa, para ibu miwah hadirin sadayana anu parantos kersa nyaosan pangulem panitia. Atuh teu hilap, ogé ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan kana sagala rupi pangrojong boh moril boh materil, dugi ieu acara tiasa lumangsung kalayan nyugemakeun. Sakali deui hatur nuhun nu taya
wates wangenna.
Salajengna dina ieu kasempétan, sim kuring baris ngadugikeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun dina wengi ieu.
Anu kahiji
nyaéta bubuka; kadua, ngagalindengkeun kalam Ilahi, katilu, rupi-rupi pamapag: pupuhu panitia, bapa Kadés Bojong Inong; nu kaopat bewara sareng pamasrahan rupi-rupi penghargaan. Nu kalima, minangka acara inti nyaéta rupi-rupi kamonésan nu dijanggélékkeun dina pinton seni; nu pamungkasna acara Do’a.
Kanggo muka ieu acara, mangga urang sami-sami maos basmalah sasarengan.
Bismillahirrahmanirrahiim.
Acara kahiji nyaéta bubuka ku ngagalindengkeun ayat suci Al Quran anu baris didugikeun ku Sadérék Hasan Baéhaqi sareng saritilawahna ku Sadérék Siti Maryam. Mangga dihaturanan . . . .
. . . .
Acara kahiji parantos réngsé, mugi nu ngaoskeun sareng urang nu ngaregepkeun kalam illahi nembé sing kénging barokah ti Gusti Nu Maha Suci. Sumangga urang lajengkeun kana acara anu kadua nyaéta rupi-rupi
pamapag. Pamapag nu kahiji mangrupi laporan ti pupuhu panitia HUT RI ka-55. Ka Saderek pupuhu panitia HUT RI ka-68 Indra Permana mangga
dihaturanan . . . .
. . . .
Hatur sewu nuhun ka pupuhu panitia anu parantos ngalaporkeun rupi-rupi kagiatan dina salebeting miéling HUT Kamerdékaan, mugi tiasa
kama’lum ku sadayana.
Salajengna, pamapag nu kadua badé ditéma ku pamapag Bapa Kadés Bojong Inong. Pangersa Bapa Drs. H. Udin Soléhudin
dihaturanan . . . .
. . . .
Alhamdulillah, ku urang nembé kabandungan sasauranana Bapa Kadés, anu écés tur témbrés. Éstuning bérés roés basana, genah ngadangukeunana, mérénah larapna. Hatur nuhun Bapa! . . . .
Acara salajengna, mangrupi acara bewara pamasrahan rupi-rupi penghargaan sareng hadiah tina lomba nu parantos dilaksanakeun. Ka
pihak panitia dihaturanan kanggo ngabéwarakeun kajuaraan rupi-rupi lomba.
Namung sateuacan panitia ngadugikeun béwara, kumargi seueur pisan hadiah sareng penghargaan tina rupi-rupi kajuaraan, sim kuring
asmana panitia badé nandeskeun yén dina pamasrahan hadiah sareng
penghargaan téh badé dipaparinkeun ku cara diselangsekarkeun dina acara pinton seni. Hatur nuhun.
Mangga panitia dihaturanan kanggo ngabéwarakeun hasil kajuaraan.
. . . .
Hatur nuhun. Hadirin anu ku sim kuring dipihormat.
Salajengna acara nu dianti-anti parantos dugi, ku mangrupi pinton seni. Mangga kaleprok heula barudak sing ramé! . . . . Kanggo langkung ngahirupkeun sareng ngaramékeun ieu acara, corong badé kasanggakeun
ka Mang Minta anu tos teu bireuk deui kanggo urang sadayana.
Alhamdulillah, acara demi acara parantos réngsé dilaksanakeun.
Sateuacan sim kuring pamit, kalayan asmana panata calagara neda dihapunten tina samudaya kalepatan sareng kakirangan.
Hatur nuhun kana samukawis perhatosanana. Mangga Mang Minta dihaturanan!
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Conto anu ieu dibaca ku hidep téh nyaéta pokpokanana pana

ta acara (MC) waktu muka lumangsungna acara jeung nutup acara. Ku sabab dina
acara resmi tangtu baé basa Sundana maké ragam hormat.
@urangsundaasli
acara resmi tangtu baé basa Sundana maké ragam hormat.
@urangsundaasli
Panumbu Catur (Moderator)
Panumbu Catur : Hadirin, dina jirangan (sesi) nu ka dua ieu, jejer bahasan téh sabudeureun “Ningkatkeun Aprésiasi Sastra Sunda
di Kalangan Siswa SMA.” Anu janten pangjejerna nyaéta
pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati. Alhamdulillah
dina danget ieu anjeunna parantos aya di tengah-
tengah urang sadaya (Anjeunna masih kénéh calik dina
korsi tamu, digéndéng ku kepala sekolah). Sumangga
ka pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati dihaturanan ka payun. Hatur nuhun.
(Sabada tarapti sapuratina, kakara panumbu catur mimiti nyarita)
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Kalayan ati nu wening, sumangga urang sami-sami
muji sukur ka Allah SWT. tina sugri ni’mat anu parantos
dilélérkeun ka urang sadaya.
Kalayan widi-Na urang
parantos dilawungkeun dina ieu pasamoan kalayan
kawilujengan.
Kanggo mitembeyan ieu acara, supados bérés roés teu
aya kuciwana, mangga urang sami-sami ngaoskeun
basmallah sasarengan!
Bismillahirahmanniraahiim!
Hadirin, hormateun sim kuring!
Dina enggoning, matéakeun jeung ngahirup-huripkeun
pangajaran sastra Sunda, hususna daya aprésiasi sastra
di kalangan para siswa téh tétéla henteu gampil. Tangtos
seueur pisan bangbaluh nu karandapan ku para siswa,
ti ngawitan perkara kirangna (méh disebatkeun teu aya) buku-buku bacaan sastra Sunda di perpustakaan
sakola, teras néma kana minat katut karep siswa kana
sastra Sunda nu kirang. Margi salami ieu aprésiasi para
siswa kana karya sastra Sunda téh tiasa disebatkeun
ukur apal ngaran bari teu terang wujud, komo dugi ka
ngararasakeun ni’mat atawa éndahna éta karya. Éta hal
téh tiasa ngagambarkeun kumaha kaayaan pangajaran
sastra nu saéstu. Salami ieu para siswa téh tétéla mung
dijejelan téori sastra wungkul (verbalisme).
Para wargi nu sami gaduh tékad ngamumulé budaya
Sunda!
Ieu pasualan téh tinangtos kedah saénggalna dibébérés
tur diropéa sangkan pangajaran sastra Sunda téh janten
pangajaran nu pikaresepeun, kalayan tiasa ngipuk sikep
jeung karep nu hadé di kalangan para siswa. Naon baé atuh strategi katut cara-cara pembelajaran aprésiasi
sastra Sunda anu pikaresepeun tur tiasa ngirut siswa téh?
Alhamdulillah, bingah anu taya hinggana wiréh dina
danget ieu Dr. Gumiwang Raspati, kalayan kaweningan
galihna parantos nyaosan pangulem panitia.
Hadirin, kanggo urang Sunda mah jenengan Dr.
Gumiwang téh tangtos hamo bireuk deui. Anjeunna
téh Doktor dina widang pangajaran sastra, anjeunna
mah nya sastrawan nya budayawan Sunda. Payus pisan upami anjeunna téh tiasa disebatkeun pakar dina basa,
sastra katut budaya Sunda. Nya panginten kanggo
anjeunna tos “manukna” ari kana perkara sastra mah.
Namung kanggo langkung wanoh, saha ari Gumiwang
Raspati téh? Sim kuring baris ngadugikeun riwayat
hidup (Curriculum Vitae) anjeunna. Gumiwang Raspati
téh dibabarkeun di Bandung . . . jst.
Hadirin nu mulya, waktos nu disayagikeun ku panitia
kanggo ieu jejer bahasan téh aya 60 menit. Sim kuring
baris nyageranan ieu waktos 30 menit ka Dr. Gumiwang
kanggo ngaguar ieu bahasan.
Nu 30 menit deui urang
mangpaatkeun kanggo acara sawala. Sumangga ka
Dr. Gumiwang dihaturanan kanggo ngadadarkeun
bahasanana . . . .
Pangjejer : . . . .
Panumbu Catur : Sadérék sadayana, tah kitu geuning pedaran Dr. Gumiwang téh, kalintang matak narik atina tur kahartos kumaha gék-gékanana ngaronjatkeun apresiasi téh.
Cindekna mah pangajaran sastra téh kedah dikawitan
ku macaan buku karya sastra atawa lalajo heula
pidanganana.
Hadirin, hormateun sim kuring! Aya kénéh waktos 25
menit deui, bilih di antawis sadérék aya anu kagungan
kapanasaran, unek-unek atanapi badé ngadugikeun
kamandangna mangga dihaturanan.
Aturanana, ka nu badé naroskeun atanapi sasauran,
dipiharep ngacungkeun panangan sareng nyebatkeun
jenengan. Kalihna ti éta, ka nu badé naroskeun patarosan
téh mugia tujul baé kana pamaksadanana! Ieu jirangan
téh badé diajangkeun heula kanggo lima panaros. Hal
ieu saluyu sareng kasapukan pangjejer, patarosan
sareng kamandang hadirin téh badé d

icatet sadayana baé heula, waleranana badé disakantenankeun. Atuh
ka hadirin upami masih kénéh seueur nu panasaran,
insya Alloh manawi aya kénéh waktos, badé dibuka deui jirangan kadua.
Hatur nuhun, tina nu lima panaros téh, patarosan aya
3 nu 2 deui mangrupi kamandang. Kanggo ngawaler
kumaha écés jéntréna, béntés pertélana perkawis naon-
naon nu didugikeun nembé ku panaros, sumangga Dr.
Gumiwang dihaturanan..........
Pangjejer : . . . .
Panumbu Catur : Hadirin nu nyaah kana sastra Sunda !
Alhamdulillah, réngsé nembé kapihatur pedaran ti
pangersa Dr. Gumiwang Raspati. Tina naon-naon
nu nembé didugikeun ku anjeunna, tinangtos urang
tiasa nyindekkeun ku anjeun yén ngaronjatkeun daya
aprésiasi sastra téh geuning saleresna mah gampil,
upami urang engeuh kana léngkah-lengkah atanapi
cara-carana, sakumaha anu parantos didadarkeun ku
Dr. Gumiwang nembé. Tah ti wangkid ayeuna mangga
ka hadirin, urang sami-sami nawaétuan sareng urang
kawitan ku macaan karya-karya sastra. Sakali deui sim
kuring asmana panitia ngahaturkeun réwu nuhun ka
pengersa Dr. Gumiwang Raspati nu parantos medar kamandangna perkawis aprésiasi sastra. Ka hadirin
disuhunkeun kanggo masihan keprok ka Dr. Gumiwang
Raspati.
Alhamdulillah ieu acara téh lumangsung kalawan
lancar, bérés roés taya kuciwana. Kanggo mungkas ieu acara, mangga urang sami-sami macakeun hamdallah sasarengan.
Alhamdulillahirobbil’ alamiin.
Wabillahi taufik wal hidayah, wassalamu’alaikum
warrahmatullahi wabarakatuh.
(Alusna panumbu catur téh kudu gasik (gagancangan) ngajak sasalaman ka pangjejer jeung ka notulis)

Dina kagiatan atawa peristiwa anu resmi boh nu sipatna sosial-akademis (acara diskusi, seminar, kongrés, konperensi), boh sosial-praktis
(kagiatan sosial budaya saperti: seserahan, nanyaan, paturay tineung, jsté) biasana sok aya nu dibéré pancen ngatur acara, anu ilahar disebut panata acara (MC). MC (Master of Ceremony) nyaéta jalma nu dipercaya pikeun ngatur jeung nyusun runtuyan acara, nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana nu kudu cacarita dina éta acara.
Lantaran teu galib, pangpangna teu parok nurutkeun budaya lamun
nu boga pamaksudan, torojogan ujug-ujug cacarita atawa biantara bari ngagorah nepikeun maksud jeung tujuanana.
Meureun asup kana paribasa ngeupeul ngahuapan manéh
téa.Cindekna pancen MC téh sangkan dina prakprakan
acara/upacara bérés roes, henteu acak-acakan, malar
puguh susunanana, puguh éntép seureuhna.
Ari nu dimaksud master di dieu mah bisa disebutkeun
minangka pribumi (host), ogé salaku nahkoda dina acara.
Pangna disebut nahkoda téh lantaran mérénah pisan MC
téh lamun basa urangna mah disebut anu ‘nyekel erol’
(pamanggul acara). Malah saéstuna pancén MC mah
kawilang samakta jeung leuwih beurat lantaran sasatna
nangkes sapuratina demi kalancaran jeung suksésna acara téa. Dina prakna, ti mimiti persiapan, pelaksanaan nepi
ka pungkasan acara, acara téh kudu geus “kakeupeul”
ku MC. Atuh waktu mancénna, sasatna salawasna kudu
jogo atawa tugur nepi ka pungkasan acara. Nya teu
anéh mun MC mah datang pangheulana, ari balik sok
pangpandeurina. Sabab sakumaha nu disabit di luhur, yén pancén MC mah nya salaku pribumi nya salaku nahoda.
Cindekna, suksés atawa lancarna hiji acara biasana geus kudu aya dina keupeulan leungeun MC.
Lancarna hiji acara, upamana dina seminar atawa
kongrés, saméméh prung, MC nu hadé mah kudu geus
tapis mérénahkeun lebah mana cicingna pengeras suara,
pangpangna beulah mana MC kudu nyarita. Kitu deui nu
rék pidato saperti pupuhu panitia, para pejabat, jsté. lebah mana kudu nangtungna sangkan katingali atra ku balaréa.
Atuh palebah mérénahkeun pangjejer, moderator jeung
notulen tempat diukna éta ogé kudu geus jadi kaweruh
MC deuih.
MC ogé tangtu kudu apal kumaha péréléan jeung
runtuyan acara sapuratina.
Lebah mana kudu apal kana péréléan acarana? Pangpangna dina acara ngabagéakeun
tatamu (pangbagéa). Dina rapat kapanitiaan (nu puguh saha-saha baé nu mancénna) éta masalah téh biasana geus
kudu karéngsékeun.
Lancar henteuna hiji acara bakal kacida gumantungna kana kaparigelan jeung kamampuhna laku
MC. Bisa baé acara nu geus ditangtukeun runtuyanana téh
robah. MC minangka nu ngatur lalu lintas acara téa, tangtu
ulah kaku atawa tagiwur.
Lamun aya kajadian samodél
di luhur, MC diusahakeun wé kudu luwes (fléksibel)
utamana bisa ngarugal-rigel acara anu geus matok téa.
Éta improvisasi téh tangtu baé sabada dipatotoskeun tur
aya kasaluyuan ti pupuhu panitia.
1. Harti Master of Ceremony/Pembawa Acara
MC minangka kecap wancahan tina (Master of Ceremony), nu hartina jalma nu dibéré pancén minangka
“pamanggul acara”, nu ngadalikeun acara, nu ngatur
acara atawa pamingpin acara.
Kalungguhan MC teu
bina ti pribumi (host) hiji acara atawa hiji kagiatan/pintonan. Pancén MC ngumumkeun susunan acara jeung ngawanohkeun saha-saha waé nu rek midang ngeusi éta
acara sarta nu nangkes sarta nu mastikeun yén éta acara
baris lumangsung kalawan lancer jeung sukses luyu jeung
waktu nu geus ditangtukeun.
Master of Ceremony minangka salahsahiji kamampuh
komunikasi publik (public communication). Jadi saurang MC (Master of Ceremony) atawa pamanggul acara mangrupa
salasahiji kaparigelan nu kudu dipibanda ku saurang
protokoler. Lian ti éta, saurang MC ogé kudu wanoh kana
tata tempat, tata upacara, jeung tata penghormatan.
Nurutkeun Habib Bari, pancén MC téh mingpin jeung
nu dibéré tanggung jawab hiji runtuyan acara sangkan
dina prakprakan acara/upacara téh lumangsung kalawan bérés roes, henteu acak-acakan, malar puguh susunanana,
puguh éntép seureuhna.
MC henteu ngan ukur nyaho kana runtuy

an acarana
baé, tapi salaku pamanggul acara ogé kudu ngawasa hal-
hal nu sipatna protokoler saperti kasangtukang ku naon
hiji acara disusun dumasar heula pandeurina, tapis ngatur
waktu, akurat informasina, wanoh jeung apal ka ngaran,
pangkat sarta jabatan tokoh kalayan bener. Istilah séjén
tina MC nyaéta nu mawakeun acara minangka tarjamahan
tina kecap presenter.
MC teu sarua jeung protokoler/protocol. Demi MC téh
mangrupa bagian tina aktipitas protokoler. MC nyaéta nu
mawakeun acara kalawan pancénna pikeun ngadalikeun
jalanna acara. Sedengkeun protokol mah nyaéta tata cara
dina acara resmi saperti acara kenegaraan nu ngalibetkeun
pejabat Negara sarta gemblengan pengaturan kagiatan ti awal nepi ka pungkasan acara.
2. Pancén Master of Ceremony/Pamanggul Acara:
• Nyusun acara nu hade bari koordinasi jeung pihak
panitia
• Muka jeung nutup acara
• Ngajamin yén acara lumangsung kalawan lancar
jeung sukses;
• Mingpin jeung ngatur jalanna acara;
• Ngawanohkeun panyatur/nu ngeusi acara;
• Ngecék kasiapanana acara jeung hadirna jalma-jalma petingan;
3. Teknik/Kamampuh nu kudu aya di diri MC (Master
of Ceremony)
a. Teknik Nyarita
Minangka komunikator, saurang pamanggul acara
(MC) kudu ngawasa hiji kamampuh naon-naon nu diucapkeunan matak ngirut ati jeung dipikaharti ku
balarea. Éta kamampuh téh nu sok disebut teknik
nyarita.
Aya 5 hal nu kudu diperhatikeun ku MC dina keur
cacarita:
1. Phrasing (randegan kalimah);
2. Intonasi (lentong kalimah, luhur handap, tarik
halonna sora);
3. Stressing (neueulkeun dina kekecapan nu
tangtu)
4. Reading speed (guluyur jeung gancang kendorna
maca);
5. Pause (ngarandeg)
Ku merhatikeun phrasing (randegan dina kalimah)
urang bisa ngatur lebah mana urang kudu ngarandeg
sangkan bisa ngahontal harti nu saestu, nepi ka
nu ngadengkeun ngarti naon nu diomongkeun/
dicaritakeun ku MC. Éta randegan téh tangtu baé
raket patalina jeung lentong kalimah, luhur handap
jeung tarik halonna sora tur ngajanggelek jadi
gaya nyarita nu wajar. Ari stressing mah umumna
neueul kana volume sora nu digunakeun pikeun
nandeskeun hiji hal sangkan leuwih beda. Reading
speed, nyaéta lebah MC macakeun hiji teks nu kudu
diluyukeun jeung situasi rohangan, sangakn naon
nu dibacana bisa didenge ku balarea kalawan jentre,
pangpangna pikeun nyingkahan kacaletot létah.
Para ahli komunikasi netepkeun aturan baku keur gancangna maca antara 110/120 kecap per menit. MC ogé perlu ngalaksanakeun pause atawa ngarandeg
pangpangna pikeun ngontrol kalimah saterusna,
jeung méré kasempétan ka balarea naha ngarti atawa
paham kana naon nu geus diucapkeunana.
Kaweruh jeung luang hiji pamanggu acara (MC)
kana kaayaan/situasi forumna baris mantuan pikeun
nyaluyukeun dirina boh dina hal penampilan (performance) dirina, body language, boh basa nu digunakeunana. Salian ti éta, kaweruh kana kaayaan
forum téh bakal ngurangan rasa minder (under confidence).
b. Teknik Vokal
MC nu hade diperdih ngawasa teknik vocal nu ngawengku:
1. Intonasi (intonation): gunakeun lentong atawa
nada sora, irama nyarita atawa alunan nada dina ngucapkeun kalimah;
2. Aksentuasi (accentuation) atawa logat.
Ngagunakeun stressing dina kalimah anu tangtu nu dianggap penting, bari nyingkahan
logat kadaerahan lamun keur nyarita make basa Indonesia atawa basa asing;
3. Gancang kendorna (speed) nyarita.
4. Artikulasi (articulation) nyaéta jelas henteuna
ngucapkeun kalimah atawa kekecapan;
5. Infleksi. Lagu kalimah, parobahan nada sora,
bari nyingkahan ucapan nu sarua (redundancy).
c. Teknik Performa jeung Gesture
1. Ngalakukeun eye contact : museurkeun paningal
ka audience jeung ka sakuriling rohangan, pencrong/teuteup mata audience;
2. Ngalakukeun gerakan leungeun/isarah/sikep nu
alami, spontan (teu dijieun-jieun), teu ragu-ragu,
luyu jeung kalimah nu diucapkeun, lakukeun
stressing dina point penting;
3. Gerakan awak ngawngku pasemon, gerakan
leungeun, suku, leungeun, taktak, baham atawa
biwir, sirah, awak;
4. Ulah ngal

ampahkeun gerakan anu monoton
saperti ngaramesan ramo leungeun,
5. Ulah ngalampahkeun gerakan anu teu ngarojong
naon anu jadi jejer caritaan upaman ngarampaan
kerah baju, gegetret, ngomekeun microphone,
jsté;
6. Ucapkeunn unggal kalimah bari imut, nepi ka
sora nu dihasilkeun minangka smillng voice;
7. Dipahing nyieun joke (bojegan) tapi nu ngabojegna
seuseurian sorangan;
8. Lamun ngasongkeun joke béré hancengan keur
méré masempetan ka audience pikeun seuri.
4. Tatahar nu bisa dilakukeun waktu jadi Pamanggul
Acara
1. Rileks, pastikeun yén kondisi awak jeung sora aya
dina kaayaan fit. Lamun ngarasa geumpeur tarik
napas sing panjang jeung sing jero, ngagerakeun awak keur sakadar ngaleuleuskeun otot nu kaku;
2. Know The Room (ngawasa rohangan tempat nu baris menjadi Pembawa Acara);
3. Know The Audience (apal kana karakteristik tamu jeung teuteup maranehna salaku sobat);
4. Know The Material (ngawasa bahan/materi acara);
5. Baca literatur nu diperlukeun pikeun ngarojong pangaweruh urang, sabab mingkin loba hal nu dipikanyaho ngeunaan acara nu disanghareupan, tangtu bakal nimbulkeun rasa percaya diri;
6. Susun pointer pikeun ngingetan naon nu bakal
diucapkeun;
7. Ulah mindeng teuing sanduk-sanduk menta
maap ka audience;
8. Ulah ninggalkeun daftar acara atawa rundown
acara (najan geus aya stage manager);
9. Gunakeun pakéan anu luyu jeung acara, ulah nepi ka salah kostum.
(Usahakeun MC mah kudu rada beda tampilanana ti batan nu sejen, carana bisa ngagunakeun asesoris atawa pernak-pernik
lamun kudu sarua (seragam) jeung panitia atawa tatamu.
10. Gunakeun Make Up (najan lalaki gunakeun riasan wajah ngarah teu katingali hérang atawa teu cahayaan);
11. Lakukeun gerakan leungeun sahinasna waku geus aya di luhureun pentas. Ngan ulah kaleuleuwihi baé komo keur nutupan rasa gugup mah, lantaran gerakan awak nu kaleuleuwihi baris ngacowkeun kana penampilan;
12. Kudu ngajaga baham & tikoro nu salawasna kudu baseuh, ku kituna siapkeun cai hérang lamun dibutuhkeun;
13. Ulah barangdahar & nginum nu baris ngaganggu kana organ tubuh;
14. Kudu tampil Percaya Diri jeung Be Your self.
Dumasar kana dadaran di luhur, bisa dicindekkeun yén pancén MC téh kudu ngawasa teknik nyarita, tenik vokal jeung teknik performa, nepi ka bisa
nyambungkeun komunikasi dua arah antara MC jeung audience, bisa narik perhatian audience sarta maksud jeung tujuan naon anu dicaritakeun/
ditepikeun bisa kaharti.
Kualifikasi jeung pasaratan nu kudu dipibanda ku
MC/Pemandu Acara, nurutkeun Habib Bari nyaéta:
1. Ngabogaan Intelegensi nu luhur;
2. Boga tangtungan nu atraktif jeung simpatik
(darehdeh jeung narik ati);
3. Ngabogaan jiwa pamingpin;
4. Komunikatif dina nyarita;
5. Sabar jeung rancage;
6. Miboga naluri antisipasi nu hade;
7. Ngabogaan rasa humor nu luhur;
8. Kaweruh jeung luang anu jembar;
5. Sababaraha Hal anu Kudu Jadi Perhatian Nalika Jadi MC
1. Nyayagikeun naskah runtuyan acara minimal sapoe saacan acara;
- Ngecek kasiapan alat, saperti Microphon;
- Percaya diri;
2. Perhatikeun situasi ruangan/gedong pikeun nyaluyukeun jeung volume sora, sangkan teu tarik teuing atawa halon teuing;
- Merhatikeun vokal jeung efek komunikasi nu jelas;
- Kontak mata jeung audience;
- Ngayakeun koordinasi jeung pihak panitia.

*Sekilas Silsilahnya Ratu Harisbaya, Permasuari ke 2 Prabu Geusan Ulun*
Pada masa pemerintahan Prabu Geusan Ulun ada suatu peristiwa penting, menurut Pustaka Kertabhumi I/2 (h.70) peristiwa Harisbaya terjadi tahun 1507 saka atau 1585 M. Peristiwa ini dimulai ketika Prabu Geusan Ulun pulang berguru dari Demak dan Pajang, singgah di Keraton Panembahan Ratu (Pangeran Girilaya) penguasa Cirebon ketika Prabu Geusan Ulun sedang bertamu di Cirebon, sang Prabu bertemu dengan Ratu Harisbaya isteri kedua Panembahan Ratu yang masih muda dan cantik.
Harisbaya merupakan puteri Pajang berdarah Madura yang di “berikan” oleh Arya Pangiri penguasa Mataram kepada Panembahan Ratu. Pemberian Harisbaya ke Panembahan Ratu oleh Arya Pangiri agar Panembahan Ratu bersikap netral karena setelah Hadiwijaya raja Pajang wafat terjadilah perebutan kekuasaan antara keluarga keraton – Pajang yang didukung oleh Panembahan Ratu menghendaki agar yang menggantikan Hadiwijaya adalah Pangeran Banowo putra bungsunya, tetapi pihak keluarga Trenggono di Demak menghendaki Arya Pangiri putra Sunan Prawoto dan menantu Hadiwijaya sebagai penggantinya yang akhirnya Arya Pangirilah yang meneruskan kekuasaan di Pajang.
Selama berguru di Demak Prabu Geusan Ulun belajar ilmu keagamaan, sedangkan di Pajang berguru kepada Hadiwijaya belajar ilmu kenegaraan dan ilmu perang, selama di Pajang inilah Prabu Geusan Ulun berjumpa dengan Harisbaya dan menjalin hubungan kekasih yang akhirnya hubungan kekasih ini terputus karena Ratu Harisbaya di paksa nikah dengan Panembahan Ratu oleh Arya Pangiri. Ada kemungkinan setelah pulang berguru dari Demak dan Pajang Prabu Geusan Ulun singgah di Cirebon untuk memberikan ucapan selamat kepada Panembahan Ratu atas pernikahannya dengan Harisbaya dan sekalian melihat mantan kekasih.
Melihat mantan kekasihnya datang rasa rindu dan cintanya Harisbaya ke Geusan Ulun makin mengebu-gebu, setelah Panembahan Ratu tidur Harisbaya mengedap-edap mendatangi tajug keraton dimana Prabu Geusan Ulun beristirahat dan Harisbaya datang membujuk Geusan Ulun agar membawa dirinya ke Sumedang ketika itu Geusan Ulun bingung karena Harisbaya adalah istri pamanya sendiri sedangkan Harisbaya mengancam akan bunuh diri apabila tidak dibawa pergi ke Sumedang, setelah meminta nasehat kepada empat pengiringnya akhirnya malam itu juga Harisbawa dibawa pergi ke Sumedang.
Keesokan paginya keraton Cirebon gempar karena permaisuri hilang beserta tamunya, melihat istrinya hilang Panembahan Ratu memerintahkan prajuritnya untuk mengejar tetapi prajurit bayangkara Cirebon yang mengusul Geusan Ulun rombongan dapat dipukul mundur oleh empat pengiring sang Prabu. Akibat peristiwa Harisbaya tersebut terjadilah perang antara Sumedang dan Cirebon, sebelum berangkat perang Jaya Perkosa berkata kepada Prabu Geusan Ulun, ia akan menanam pohon Hanjuang di Ibukota Sumedanglarang (Kutamaya) sebagai tanda apabila ia kalah atau mati pohon hanjuang pun akan mati dan apabila ia menang atau hidup pohon hanjuang pun tetap hidup, sampai sekarang pohon hanjuang masih hidup? Setelah berkata Jaya Perkosa berangkat bertempur karena pasukan Cirebon sangat banyak maka perangpun berlangsung lama dalam perang tersebut dimenangkan oleh Jaya Perkosa, dipihak lain Nangganan, Kondang Hapa dan Terong Peot kembali ke Kutamaya sedangkan Jayaperkosa terus mengejar pasukan Cirebon yang sudah cerai berai.
Di Kutamaya Prabu Geusan Ulun menunggu Jaya Perkosa dengan gelisah dan cemas, karena anjuran Nangganan yang mengira Senapati Jaya Perkosa gugur dalam medan perang agar Prabu Geusan Ulun segera mengungsi ke Dayeuh Luhur tanpa melihat dulu pohon hanjuang yang merupakan tanda hidup matinya Jaya Perkosa. Maka sejak itu Ibukota Sumedanglarang pindah dari Kutamaya ke Dayeuh Luhur. Keputusan Geusan Ulun memindahkan pusat pemerintahan ke Dayeuh Luhur sesungguhnya merupakan langkah logis dan mudah difahami. Pertama, dalam situasi gawat menghadapi kemungkinan tibanya serangan Cirebon, kedua benteng Kutamaya yang mengelilingi Ibukota belum selesai dibangun, ketiga, Dayeuh Luhur di puncak bukit merupakan benteng alam yang b

aik dan terdapat kabuyutan kerajaan.
Jayaperkosa kembali ke Kutamaya dengan membawa kemenangan tetapi ia heran karena Ibukota telah kosong sedang pohon hanjuang tetap hidup akhirnya Jaya Perkosa menyusul ke Dayeuh Luhur dan setelah bertemu dengan Prabu Geusan Ulun, ia marah menanyakan kenapa Sang Prabu meninggalkannya tanpa melihat pohon hanjuang dulu, setelah mendengar penjelasan dari Prabu Geusan Ulun bahwa pindahnya Ibukota atas anjuran Nangganan maka Djaya perkosa marah kepada Nangganan karena merasa di khianati oleh saudaranya bahkan membunuhnya dan meninggalkan rajanya sambil bersumpah tidak akan mau mengabdi lagi kepada Prabu Geusan Ulun. Terdengar kabar dari Cirebon terdengar bahwa Panembahan Ratu akan menceraikan Harisbaya sebagai ganti talaknya daerah Sindangkasih diberikan ke Cirebon. Akhirnya Prabu Geusan Ulun menikah dengan Harisbaya.
Dina buku Naskah Asli Babon Salsilah Katurunan Sumedang YPS Sumedang, dituliskeun kieu salsilahna :
1. Pangeran Sedang Karapyak, apuputra :
2. Pangeran Sedang Kemuning, apuputra :
3. Sultan Mataram, apuputra :
4. Suttan Tegalwangi (Sunan Tegalwangi), apuputra :
5. Sultan Amangkurat Pajang, apuputra :
6. Pangeran Katawengan, apuputra :
7. Ratu Harisbaya, dipigarwa ku Prabu Geusan Ulun (Rd. Angka Wijaya) permasauri ka-2, puputra :
- Pangeran Soeriadiwangsa
- Pangeran Tegalkalong

3. Raden Mas Rangsang Sultan Agung Mataram, apuputra :

Pangeran Geusan Oeloen (Koesoemadinata II) lahir taun 1558 sareng pupus dina taun 1608 di Dayeuh Luhur (Dayeuh Kolot, Rengganis), Sumedang, dina umur 50 taun. Catetan Umum : Radja Sumedang Larang 1578-1601, masa Mandiri.
Pangeran Geusan Oeloen/ Pangeran Koesoemadinata II/ Pangeran Angkawijaya, ngagaduhan 15 murangkalih ti 3 istri, dina buku "Silsilah Pangeran Santri", nami garwa heunteu ditulis (inpormasi ieu tina tangga lagu kulawarga sareng riwayat tulisan anu sanésna perkawis Karajaan Sumedang Larang), janten hubungan indung sareng anak ogé heunteu ditulis, didaptarkeun daptar anak-anak anu ditulis dina istri anu sanés, kecuali Rd. Rangga Gempol I nyaéta putra Ratu Harisbaya.
Dina sistem panomeran énggal ti YPS (Yayasan Pangeran Sumedang) tilu istri kieu :
Permasuari ka 1: Cukang Gedeng Waru, sareng 12 murangkalih:
1. Rd. Rangga Gede / Pangeran Rangga Gede
2. Rd. Ar. Wiraraja 1
3. Kiai Kadoe Rangga Gede
4. Rangga Patra Kelana / Rangga Patra Kalasa
5. Kiai Aria Rangga Pati / Kiai Rangga Pati
6. Kiai Ngabehi Watang
7. Nimas Demang Cipaku
8. Nimas Ngb. Martayuda
9. Nimas Rg. Wiratama
10. Rd. Rangga Nitinagara
11. Nimas Rg. Pamadi
12. Nimas Dipati Ukur
Permasuari ka 2: Ratu Harisbaya, sareng 2 murangkalih:
13. Pangeran Soeriadiwandsa / Rg. Gempol i
14. Pangeran Tegalkalong
Permasuari ka 3: Nyi Mas Pasarean, sareng 1 murangkalih:
15. Kiai Demang Cipaku

Nyawalakeun Tatakrama Basa
Moderator : Sadérék sadayana, tah kitu geuning pedaran ti Kelompok Lima téh. Cindekna mah tatakrama basa téh dipaké pikeun silihajénan antar jalma nu nyaritana. Nanging, bilih di
antawis sadérék aya anu teu acan patos jelas atanapi badé
nambihan kana pedaran ti kelompok nu midang, mangga
dihaturanan. Nu badé naroskeun atanapi sasauran,
dipiharep ngacungkeun panangan sareng nyebatkeun
jenengan katut kelompokna.
Rika : Hatur nuhun, abdi Rika ti Kelompok Hiji. Sim kuring
badé nambihan pedaran anu didugikeun ku Kelompok
Lima di payun. Bawiraos, sanaos urang nganggo basa anu mérénah, nanging dina émprona mah urang ogé peryogi merhatoskeun lentong atanapi intonasi. Margi lentong ogé
baris mangaruhan rasa basa anu dipakéna. Lentong ogé némbongkeun wirahma nu nyarita. Naha nu nyarita téh
bungah, ambek, nyungkun, sareng sajabina.
Moderator : Tah, kitu geuning pamendak Rika ti Kelompok Hiji mah.
Cing kumaha pamadegan réngréngan Kelompok Lima,
katampi éta pamadegan ti Sadérék Rika téh?
Kelompok V : Leres pisan, hatur nuhun ka Sadérék Rika nu parantos
ngeuyeuban pedaran ti kelompok sim kuring saparakanca.
Lentong ogé salahsawios aspék nu ngadeudeul tatakrama basa. Nanging peryogi kauninga, yén teu unggal ungkara basa ngagaduhan lentong anu sami. Lentong urang
Bandung tacan karuhan sami sareng lentong urang Subang,
Kuningan atanapi urang Majaléngka Ku margi kitu,
lentong mah tétéla kapangaruhan pisan ku kasang tukang budaya daérah asal éta jalma nu nyarita. Hatur nuhun
sakali deui ka Sadérék Rika anu parantos ngadugikeun
pamendakna.
Moderator : Manawi aya deui nu badé naroskeun?
Sandi : Abdi Sandi ti Kelompok Dua. Abdi mah badé naroskeun
perkawis pasemon atanapi mimik dina nyarita. Cing
manawi Sadérék ti Kelompok Lima tiasa ngajelaskeun!
Kelompok V : Tadi ogé parantos didugikeun, yén pasemon atanapi
mimik dina kagiatan nyarita téh ageung pisan pangaruhna
ka jalma nu diajak nyarita.
Sajeroning nyarita urang perlu
merhatikeun pasemon anu béar marahmay. Geuning aya
paribasa hadé budi hadé basa, hadé gogog hadé tagog. Jadi
basa anu hadé kudu dibarengan ku paripolah anu hadé.
Upama urang nyarita jeung batur ulah bari ngabalieur,
tapi usahakeun kudu paadu teuteup. Geuning sok aya nu
ngajak sasalaman tapi bari beungeut ngabalieur, atawa
nyaritana hadé tapi paromanna baketut haseum.
Moderator : Aya kénéh, nu badé naroskeun? …… Mangga ka sadérék
Tomi dihaturanan!
Tomi : Abdi Tomi ti Kelompok Tujuh. Abdi sok ngabandungan
aya jalma nu nyaritana teureugeus tapi teu matak nyentug kana haté. Modél réréncangan ieu nu sabangku (bari nunjuk
ka babaturan sabangkuna) nyaritana téh mani kasar, tapi ku abdi mah dianggap, biasa wé. Tah kumaha anu kitu,
mérénah henteu?
Kelompok V : Urang tiasa nyarios sareng réréncangan atanapi sobat
dalit nganggo basa loma, margi tos deuheus téa. Éta gé
teu lepat, da anu penting mah pada-pada ngarti naon anu
diobrolkeunana. Sanajan ngagunakeun ragam lemes ari
teu kaharti mah taya mangpaatna? Kajabi, upami, urang nyarios sareng jalmi nu anyar pinanggih mah kedah
dibéntenkeun, margi urang kedah ngajaga sopan santun.
Kumaha upami jalmi nu diajak nyarita ku urang teu
narima, hég nganggap ka urang jalma polontong, antukna
bakal jadi piributeun. Tah, nyarios sareng jalmi nu anyar
pinanggih atanapi saluhureun mah langkung saé nganggo
basa ragam hormat baé.
Moderator : Waktosna sakedik deui, mung cekap kanggo saurang panaros. Mangga ka Déndi nu ngacung ti tadi
dihaturanan!
Déndi : Abdi Déndi ti Kelompok Tilu. Abdi mah badé naroskeun
cara ngalarapkeun kecap mulih sareng wangsul; angkat
sareng mios, manawi réngréngan ti Kelompok
Lima tiasa ngajelaskeun!
Kelompok V : Sakaterang abdi mah kecap mulih kanggo batur atawa jalmi nu saluhureun, wangsul kanggo urang; kitu ogé
kecap angkat kanggo batur atawa jalmi nu saluhureun.
Geura titénan contona:
Abdi wangsul
Pun adi wangsul
Saur Pa Guru, "Ka mana Tomi?"
"Tomi mah wangsul ti payun Pa" Ceuk Ramdan.
Pun Bapa mulih
Kang Yudi mul

ih
Saur Pa Guru, "Ka mana Bu Idah?"
Bu Idah mah mulih ti payun Pa." Ceuk Tomi.
Abdi mios
Pun adi mios
Saur Pa Guru, "Ka mana Tomi? "Tomi mah mios ti payun Pa." Ceuk Ramdan
Pun Bapa angkat
Kang Yudi angkat
Saur Pa Guru, "Ka mana Bu Idah?"
"Bu Idah mah angkat ti payun Pa." Ceuk Ramdan.
Moderator : ”Tah, kitu geuning para sadérék pedaran anu didugikeun ku Kelompok Lima téh. Mugia waé sadérék sadayana
sarugema kana naon anu parantos disawalakeun nembé.
Anapon kacindekanana mah moal didugikeun ku
simkuring, mangga waé nyanggakeun ka sadérék sadayana.
Teu hilap ngahaturkeun nuhun ka Kelompok Lima anu
parantos midang geusan ngaguar jeung medar ngeunaan Tatakrama dina Nyarita. Kitu ogé ka sadérék sadayana anu
parantos daria pisan ngalaksanakeun ieu sawala, simkuring nyuhunkeun dihapunten bilih salami mingpin sawala ieu
aya kalepatan. Mangga urang tutup waé ieu sawala téh ku maos hamdallah sasarengan.Alhamdulillahirobbilalamin.

Di masyarakat (Sunda) nyampak rupa-rupa
kasenian anu geus lila mekar, tumuwuh sarta hirup ti generasi ka generasi. Éta kasenian téh rupa-rupa wandana, salah sahijina wanda seni pintonan
anu geus dipikawanoh tur dipikaresep ku masarakatna
nyaéta, longsér. Dina kamekaran nu saterusna, wanda pintonan dirarobah jadi hiji seni pintonan anu dilarapkeun kana wanda sandiwara rakyat (tunil), nu kiwari mah
leuwih dipikawanoh istilah drama. Jejer caritana biasana
dicokot tina carita-carita buhun anu geus nyampak di
masyarakat, upamana bae carita pantun jeung dongéng,
saperti “Lutung Kasarung“, “Mundinglaya Di Kusuma“,
jeung “Si Kabayan“.
Dina ieu pangajaran hidep dipiharep wanoh kana
wanda drama, bisa ngaapresiasi jeung molahkeun éta drama.
A. Maca Naskah Drama
Bandera! Bandera! Bandera!
Naskah Drama Sunda Sababak
Adegan 1
Panggung poek. Sora bangkong tingborogodod. Lampu
laun nyaangan panggung. Remeng-remeng. Rohang tengah hiji imah bilik. Rada beulah katuhu, korsi rareyod ngariung meja.
Aki Onay diuk di salah sahiji korsi bari ngalinting bako. Di
beulah tengah, gigireun lawang ka enggon, lomari geus muka
pantona, lamak amayatak, patulayah jeung baju bubututan juru rohang beulah kenca, handapeun jandela, aya mesin kaput butut ngajugrug, bulan (incu aki onay) keur ngeunteung,
ngome buuk. Panggung remeng-remeng.
Sora ti saluareun imah:
Nu gelo : (ceuceuleuweungan semu ngalagu) Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka! Baheula mah masang bandéra
hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra
hartina merdéka! Baheula mah masang bandéra hayang
merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina
merdéka!
Sora Sejen hiji : Gandéng siah! Dasar nu burung! Nyingkah ka dituh!
Sia mah keur burung téh, ngahasut! Na, sia teu sieun
ku déwék! Déwék hansip deuleu! Deuleu sapatu déwék!
Tah baju déwék! Nyingkah! Déwék keur mancén tugas
titahan Pa Kuwu!
Nu gelo : Baheula mah tugas téh ikhlas ngorbankeun jiwaraga, jaman ayeuna mah tugas téh dipaké cukang jang dunya
barana! Bandéra! Merdéka! Hidup bandéra! Hidup
merdéka! Hidup Nyai Bulan! Buta héjo dibaju héjo titahan
rajana buta…!
Sora Sejen hiji : Nyingkah deuleu! Hariwang!
Sora Sejen dua: Geuning aya hansip Kuslan! Wah, Ki Onay can kénéh masang bandéra? Ari Pa Kuwu keur di mana?
Sora Sejen hiji : Aéh, Jang Tatang! Puguh, aki-aki téh! Unggal agustusan
matak wirang waé. Mangka isuk arék aya gegedén. Di kantor kénéh Pa Kuwu mah, Jang! Kumaha janten masang
sarébu bandéra di pasir téh?
Nu gelo : Bandéra! Bandéra! Bandéra! Hidup bandéra! Hidup
merdéka! Hidup Nyai Bulan!
Sora Sejen dua: Jadi atuh! Eta Si Seblung beuki maceuh waé! Uing ka Pa Kuwu heula! Titip salam ka Nyai Bulan…
Sora sejen hiji : Salam-salam tujuhmulud! Déwék wé hayang! Dikirana ngabélaan digembrong reungit jang nanahaon...
Nu gelo : Hayang waé tapi tara aya nu hayangeun! Karunya nya…
Sora sejen hiji : Nyingkaaaaah!
Adegan 2
Jempling. Hawar sora bangkong beuki reang, beuki hawar-hawar. Lampu
di panggung mimiti caang. Aki onay nyeungeut rokona. Nyerebung. Nini odih
ngurunyung sisi kenca, mawa cikopi. Bulan noong kana jandela.
Nini Odih : Hariwang pisan! Nu owah paréréa omong jeung nu weureu!
Bulan : Aki, geuning Kang Hansip Kuslan teu ingkah-ingkah nya?
Ituh Kang Tatang mani rurusuhan kitu! Si Seblung kalah lumpat ka pipir…
Nini Odih : (neundeun gelas dina meja) Moal nyingkah saméméh urang masang bandéra mah, Bulan! Titahan kuwu cenah!
Bulan : Ih, matak naon lamun panginjeumkeun atuh nya, tuluy pangmasangkeun. Teu kreatif pisan Hansip teh. Kalah we
kucap-kiceup mani kerep…
Nini Odih : (leumpang kana lomari, tuluy ngudulan eusina) Geus euweuh
nu bogaeun. Kapan arék masang sarébu bandera nutupan pasir béjana mah.
Aki Onay : Kateuteuari!
Nini Odih : Ari manéhna! Ieu teh keur néangan sakadang bandéra. Kalah nyebut kateuteuari.
Aki Onay : Na ari sagalarupa teh. Kateuteuari sotéh kami mah ka nu rék masang bandéra di pasir. Kanyaah-nyaah waragad, sakadar hayang katang

ar ku gegedén. Masang bandéra mah dina
dada, lain nyimbutan pasir.
Bulan : Dada aki?
Nini Odih : Dada aki manéh mah batuk malulu, Bulan!
Aki Onay : Tong salah, Nini! Kieu-kieu ge, kami urut pajuang. (Ngarérét ka bulan) Bulan, aki maneh baheula kungsi milu bajuang,
milu perang.
Nini Odih : Sok agul ku payung butut…
Aki Onay : Lain agul, Nini! Meh incu nyahoeun. Na teu meunang ngadongéng ka incu sorangan?
Bulan : Aki mah, apan tos sering atuh ngadongéngna ogé. Anu jadi mata-mata di leuwi Keper téa nya, anu mantuan tentara
nyegat Walanda di Heubeul Isuk?
Aki Onay : Geuning apal?
Nini Odih : Nya apaleun da meh unggal peuting didongéngkeun. Matak ulah agul ku pikun geura…
Aki Onay : Baruk! Rarasaan kami mah, kami teh can dungang-dongéng…
Heueuh! Asa cikénéh pisan…
Nini Odih : Meunggeus Bulan, ari geus hatam mah, anggur ka dieu bantuan néangan bandéra. Tah bari bérésan lalamakan. Rus-ras ka jaman sok ngaput ari neuleu nu kieu téh. Eta geura,
kalah umat-imut dina jandéla. Antep hansip céngos mah,
montong dilayanan…
Bulan : (bari cumentil ngadeukeutan ninina) Pilakadar bandéra mani rariweuh kieu, Nini?
Nini Odih : Taktagé! Baheula mah nini sok purah mangaputkeun jang
batur. Ari heug ayeuna teu boga hiji-hiji acan.
Aki Onay : (neuteup ka hareup bangun ngomong sorangan) Bandéra téh baheula alah batan naon, Bulan! Getih jeung nyawa tah tandonna ogé. Tuh, lebah Pasir Ipis. Lebah dinya pisan, réa
tantara anu jadi korban. Aki harita, nénjo pisan kasatiaan
pajuang kana ngudag kamerdékaan. Toh pati jiwa raga. Teu nolih naon-naon, mapag Walanda anu keur patroli. Jaradi bugang sapada harita. Maranéhna teu hayang katangar atawa miboga pangkat. Maranéhna saukur hayang merdéka.
Hayang nancebkeun bandéra. Sangkan nagara merdéka. Aki
harita milu narajang Walanda. Aki mah sakadar rahayat. tapi
aki nénjo maranéhna merjuangkeun rahayat, geus sakuduna rahayat ogé milu bajuang. Beurat, Bulan! Merdéka téh dina panénjo aki mah. Getih jeung nyawa. Getih jeung nyawa.
Harita, aki jeung sabalad-balad geus sapuk arék milu bajoang.
Nya, saukur ngajaga lembur. Sok susulumputan ngagempur
Walanda, atawa megatkeun sasak anu rék kaliwatan ku
Walanda. Nikmat, Bulan! Bisa bébéla jang balaréa, bari
ngimpleng hiji waktu boga bandera sorangan, boga nagara sorangan. Jaman Walanda jaman Jepang. Perang deui jeung Walanda. Gorombolan. Panjang lampah bandéra téh.
Adegan 3
Dina jandela nolol sirah hansip kuslan. Surungah-séréngéh. Bangun
ngintip bari nengetan saeusi imah.
Nini Odih : (Cengkat, ngarérét kana jandela. Papada reuwas jeung anu
noong) Naon Hansip? Kalah tuang-toong! Mangké atuh.
Da éngké ogé kapanggih. Béjakeun ka Kuwu isuk ogé
pasti masang di buruan.
Hansip Kuslan : (surungah-séréngéh, ngelétan ka bulan anu milu nempokeun)
Manawi aya cikopi, Nini…
Nini Odih : Ménta wé ka kuwu!
Hansip Kuslan : Kulub hui wé atuh, Nini…
Nini Odih : (malédogkeun lalamakan) Euweuh! Tah aya ogé lalamakan.
Pék ari beuki mah…
Hansip Kuslan : Nyai Bulan atuh sina maturan di buruan….
Nini Odih : Tuh, jeung Si Seblung! Hempék ka dinyah keukeupan.

Pintonan Drama
Saenyana di urang téh geus lila aya pintonan drama. Drama anu dipintonkeun babakuna mah nu ku para ahli sok disebut téater tradisional.
Upamana baé banjet, longsér, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun aya nu disebut sandiwara atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan jeung komédi stambul dina basa Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa.
Sandiwara téh saéstuna pangaruh ti Barat anu muncul di urang dina awal abad ka-20.
Wangun téater tradisional anu ditataan di luhur téh sok disebut ogé téater rakyat anu di antara ciri pagelaranana téh tanpa naskah. Jadi, éstuning ngandelkeun improvisasi pamaénna baé dumasar kana pituduh
ti sutradara. Malah dipintonkeunana ogé sakapeung tara dina panggung, tapi cukup di lapangan terbuka bari dicaangan ku obor atawa cempor.
Kadieunakeun muncul deui anu disebut gending karesmén, nyaéta sandiwara anu dialogna (pagunemanana) ditembangkeun. Mun sandiwara
mah tara maké naskah, gending karesmén mah aya naskahna. Lamun
maké naskah téh kaharti, da tembang dina gending karesmén mah apan
teu bisa didadak (improvisasi), béda jeung sandiwara nu dialog-dialogna atawa paripolah pamaénna beunang ku didadak. Ieu ogé pangaruh ti luar,
nyaéta pangaruh opera anu jolna ti Éropa. Tapi, dina gending karesmén
mah lalaguanana téh dicokot tina tembang Sunda.
Loba pisan naskah-naskah gending karesmén anu kungsi ditulis jeung dipgalerakeun. Malah sawaréh mah pintonanana téh sohor pisan.
Upamana baé gending karesmen “Sangkuriang” beunang R.T.A. Sunarya,
“Galunggung Ngadeg Tumenggung” beunang Wahyu Wibisana, jeung
“Si Kabayan” beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara.
Dina kamekaran saterusna lahir nu sok disebut drama modérn.
Wangunanana lancaran, teu maké tembang siga dina gending karesmén.
Ieu gé maké naskah, malah pintonanana gé diatur pisan numutkeun aturan
seni panggung. Maké dékor keur séting panggung, maké tata lampu (éfék
cahaya), musik, atawa gerak tari. Malah kadieunakeun deui, sajalan jeung
kamekaran téknologi nu beuki canggih, pagelaran drama téh dipapaés ku unsur-unsur multimédia. Upamana dicampur ku gambar tina vidio, ngagunakeun musik digital, atawa nyiptakeun éfék gerak mékanik.
Di antara drama Sunda modérn anu kungsi
dipanggungkeun téh nyaéta “Dakwaan” jeung “Bubat”
beunang RAF; “Dua Utusan” jeung “Tonggérét Banén”
beunang Wahyu Wibisana; “Masyitoh” beunang Ajip
Rosidi; “Cahaya Maratan Waja” jeung “Hutbah Munggaran
di pajajaran” beunang Yus Rusyana; “Runtag”, “Carem”
jeung Stasion Para Arwah” beunang R. Hidayat Suryalaga”;
“Juag Toéd” jeung “Siliwangi Mahara Pajajaran” beunang
Yoseph Iskandar; “Jeblog” beunang Nunu Naéarudin
Aéhar, jeung réa-réa deui.
Parandéné kitu, drama modérn Sunda mah sakapeung henteu leupas tina akar budayana.
Upamana
baé loba pintonan drama modérn anu ngahijikeun unsur
téater modérn jeung téater tradisional. Upamana pintonana siga longsér, di tengah-tengah panggung maké oncor,
pagelaranana saolah-olah di alam terbuka anu diriung-
riung ku nu lalajo, aya interaksi langsung antara pamaén
jeung nu lalajo, jeung sajabana.
Tapi, éta kabéh diatur ku
naskah, lain dadakan siga dina téater tradisional.