URANG SUNDA ASLI
225 subscribers
1.32K photos
369 videos
26 files
800 links
Ngamumule basa sunda
Download Telegram
*Medar Struktur Carita Wawacan*

Wawacan téh mangrupa carita anu didangding, ditulis dina wangun puisi pupuh. Bédana jeung guguritan, wawacan mah mangrupa lalakon.

Pupuh anu dipakéna ogé henteu hiji baé, tapi gunta-ganti, tur loba.

Nurutkeun para ahli gelarna wawacan dina sastra Sunda téh lantaran pangaruh tina sastra Jawa. Asupna kana sastra Sunda kira-kira dina mangsa kadua abad ka-19. Harita tatar Sunda dieréh ku karajan
Mataram (Islam). Parabupati Sunda, utamana anu aya di wewengkon Priangan, wajib séba ka Mataram. Ayana di Mataram téh tara sakeudeung-
sakeudeung. Balikna mawa sawatara adat-cahara di ditu ka tatar Sunda. Salian ti éta, teu saeutik deuih pangagung urang Mataram anu ditempatkeun di urang. Éta kaayaan téh beuki nguatan adat-cahara anyar para ménak Sunda. Pangaruhna dina widang sastra, urang Sunda mimiti wanoh kana guguritan jeung wawacan.

Lain para ménak baé deuih anu gedé andilna asupna wawacan kana sastra Sunda téh.

Para ulama ogé gedé andilna. Kalolobaan ulama atawa ajengan anu boga pasantrén di urang, saméméhna kungsi masantrén di Wétan. Teu béda ti parabupati, balikna mawa adat cahara ti ditu. Nya di antarana mawa wangun guguritan jeung wawacan.

Malah nerekabna para ajengan. Salah sahiji buktina, nepi ka kiwari masih kénéh kapanggih wawacan-wawacan anu ditulis ku aksara Arab (Pégon) di pilemburan.

Eusina mangrupa da’wah Islamiyah.

Mekarna wawacan di urang téh ngaliwatan sababaraha tahap.
Dina tahap kahijilalakon-lalakon wawacan tina sastra Jawa téh langsung
disalin, henteu disundakeun, mangrupa naskah. Tahap kadua, témbong usaha narjamahkeun (nyalin) kana basa Sunda, sangkan eusina kaharti ku balaréa.

Tahap katilu, lain narjamahkeun, tapi nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti tina dongéng, hikayat, jeung babad. Tahap kaopat, sabada aya téknologi citak, wawacan anu tadina mangrupa naskah téh réa anu diterbitkeun mangrupa buku;
dibarengan ku ciptaan-ciptaan anyar, sarta wandana ogé anyar.

Karya sastra wangun wawacan umumna ngabogaan unsur struktur nu maneuh, nyaéta manggalasastra (alofon), eusi, jeung panutup atawa kolofon.

Manggalasastra eusina sanduk-sanduk papalaku (ménta idin) ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan.

Panutup (kolofon) kauni dina akhir carita nu eusina titimangsa ditulis atawa disalinna éta wawacan, bari sakalian ménta panghampura nu nulis kana sagala katunaanana. Umumna nu nulis wawacan sok dépé-dépé tur ngarumasakeun. Geura ieu di handap kapidangkeun conto manggalasastra jeung kolofon wawacan.

Manggalasastra:

Kasmaran kaula muji,
ka Gusti Ajawajala,
nu murah ka mahluk kabéh,
jeung muji utusanana,
Kangjeng Nabi Muhammad,
nyaéta Nabi panutup,
miwah muji sahabatna

(Wawacan Rengganis)

Kolofon:

Tamatna kaula ngarang
Pukul tujuh malem Kemis
di tanggal tujuh welasna,
kaleresan bulan April,
taun Kangjeng Maséhi,
saréwu dalapan ratus,
jeung genep puluh dua,
marengan hijrahna Nabi,
saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan

(Wawacan Panji Wulung)

Wawacan téh ditepikeun ku cara ditembangkeun ngagunakeun sora anu ngelewung tarik pisan nu disebut beluk atawa gaok. Seni beluk biasana dipintonkeun dina acara salametan, upamana dina acara salametan orok, khitanan, gusaran, kawinan, jeung salametan sabada panén.

@urangsundaasli
Ringkesan Carita Wawacan Panji Wulung

Karya K. R.H. Muhamad Musa

Kacaturkeun nagara Sokadana, anu kaceluk réa ketan réa keton,
sugih dunya taya kakurang, sarta rajana sabar adil palamarta. Ngaran
rajana Déwakéswari. Anjeunna kacida miasihna ka Tunjungsari nu keur
kakandungan, selir nu asalna ti Balangbangan.

Ku hal éta, praméswari langkung-langkung ijidna ka éta selir, sarta
sakongkol jeung Ajar Guna Wisésa pikeun ngusir Tunjungsari ti karaton.

Ajar nyaurkeun ka Raja yén selir téh geus ngalampahkeun jinah jeung
salah saurang pangiringna nu ngaranna Panolih. Puguh baé Raja téh
bendu sarta maréntahkeun sangkan Tunjungsari katut Panolih dihukum
pati. Anjeunna miwarang Patih Lembu Jayéng Pati pikeun nelasan
Tunjungsari. Tapi patih teu tégaeun pikeun nelasan Tunjungsari. Batan
dipaéhan mah, Tunjungsari téh kalah tuluy disingkurkeun ka hiji lembur,
sarta nitah Panolih sangkan indit jauh kaluar ti wewengkon Sokadana.

Patih mulang deui ka nagara bari mawa daun ceuli nu dikeureut ku
manéhna tina mayit tahanan dipanjara keur bukti. Raja percayaeun yén
éta téh ceuli Tunjungsari sarta yakin selirna geus ditelasan.
Tunjungsari ngalahirkeun budak lalaki anu dingaranan Panji
Wulung. Raja mah teu apaleun, tapi Patih kacida nyaaheunana ka éta putra
raja. Sanggeus gedé éta budak dididik kana kakuatan ku cara ngangkat
timah jeung beusi anu saban poé beuratna ditambah. Lian ti éta didik
kasopanan jeung kawani, sarta disina ulah percaya kana kakuatan gaib
ti Ajar atawa kana hal anu teu asup akal. Umur 14 taun, Panji Wulung
dititah ngumbara dibarengan ku dua pangiringna anu ngaran Janggala
jeung Janggali.

Dina lalampahanana Panji Wulung bisa ngéléhkeun sato galak jeung
bégal. Ti dinya Panji Wulung milari Ajar Guna Wisésa.

Naon-naon anu
diajarkeun ku Guna Wisésa téh ku Panji Wulung dianggap bohong. Waktu
dititah sina ngabuktikeun kasaktianana, ajar Guna Wisésa kalah malik
ambek sarta malédog Panji Wulung ku batu. Panji Wulung asa dihina
sarta newek ajar ku balati nepi ka maotna.

Panji Wulung jeung pangiringna tuluy ka laut rék néangan kapal
pikeun ngumbara. Di perjalanan Janggala jeung Janggali nepikeun rusiah saha saenyana Panji Wulung. Panji Wulung manggihan kapal ti Patani nu
rék balayar ka Keling. Di kapal manéhna tepung jeung Daéng Bramani ti
Bugis nepi ka nyobatna, malah kungsi sataun babarengan di Patani.

Ti dinya Panjiwulung, Bramani, Janggala, jeung Janggali balayar
ka Cempa sarta mukim bari tatanén di tempat anu nyingkur. Sataun ti
harita, Panji Wulung bubujeng ka leuweung dibarengan ku tilu sobatna.

Teu ku hanteu di leuweung maranéhna tepung jeung jalma goréng rupa
tunggang gajah bari nyulik putri. Panji Wulung nyalametkeun éta putri
sarta nelasan nu nyulikna. Éta putri nerangkeun asal-usulna.

Horéng
anjeunna téh putri ti Nagara Cempa, jenenganana Andayaningrat anu
diculik ku Mantri Panglima, nyaéta tukang miara gajah ramana. Waktu
ramana teu aya di karaton lantaran bubujeng ka leuweung, éta sarati ti
Bangali téh hianat ka raja bari nyulik putri.
Panji Wulung jeung Andayaningrat silih pikacinta.

Maranéhna
tuluy baralik ka lembur. Patani nu di lembur nepikeun béja yén raja geus
ngémbarkeun saha-saha anu bisa manggihan putrina sarta dipulangkeun
ka karaton bakal nampa hadiah satengah tina wewengkon nagara Cempa.

Sanajan patani ngusulkeun sangkan putri téh gancang dipulangkeun ka
karaton, tapi Panji Wulung bingbang.

Kacaturkeun di nagara Cempa, raja kacida susahna. Keur kitu jol
Andakasura sarta ngaku-ngaku geus maéhan Mantri Panglima jeung
gajahna, sok padahal manéhna ukur manggihan bangkéna di leuweung.

Putri mah cenah can kapanggih. Ari Panji Wulung tetep can teteg haté
pikeun mulangkeun putri ka karaton. Manéhna nulis surat ka raja Cempa
anu dijajapkeun ku Bramani, nerangkeun yén putri geus salamet. Raja
puguh baé bungah. Anjeunna sasayagian pikeun mapagkeun Panji Wulung
jeung putrina. Ari Andakasura tuluy dibui lantaran kapanggih bohongna.

Aleutan nu rék mapag putri nepi ka lemburna Panji Wulung. Patih
Cempa nyanggakeun surat ti raja keur Panji Wulung.

Rombongan ti Cempa
téh tuluy marulang deui ka karajaan bari ngiringkeun Panji Wulung jeung
putri Andayaningrat. Sanepina ka karajaan putri ditepangkeun deui jeung
sepuhna. Panji Wulung dijenengkeun pangéran sarta dibéré jujuluk Déwa
Kusumah. Kitu deui Bramani, dibéré jujuluk Urawan. Waktu raja rék
nibanan hukum pati ka Andakasura dihalang-halang ku Panji Wulung
sarta ménta Andakasura dibébaskeun.

Andakasura kabur ti Cempa sarta anjog ka Karajaan Gilingwesi. Raja
Gilingwesi dipapanas sangkan nyerang nagara Cempa pikeun ngarebut
sarta ngawin putri Andayaningrat nu kasohor geulis kawanti-wanti.

Waktu Patih Gilingwesi ngawawadian sangkan raja ulah ngalajur napsu
sarta ngabolaykeun niatna ngajorag nagara Cempa, éta patih ku raja kalah
ditelasan. Pasukan Gilingwesi miang sarta hasil ngarebut palabuan.

Raja Cempa ngutus Panji Wulung pikeun nyanghareupan pasukan
Gilingwesi. Panji Wulung jengkar ti karajaan jeung pasukanana bari
dijajap ku Andayaningrat nu manghariwangkeun. Perang rongkah antara
pasukan Gilingwesi jeung pasukan Panji Wulung lumangsung di basisir.

Dina éta pangperangan, salah saurang prajurit Gilingwesi nepikeun
niatna hayang males pati ka raja Gilingwesi anu geus maténi pamanna,
Patih Gilingwesi, nepi ka malik merangan pasukan ti nagarana sorangan.

Perang ahirna lekasan kalawan kaunggulan ti pihak Panji Wulung. Sésa
pasukan Gilingwesi digiring ka karaton Cempa.

Panji Wulung unjukan ka raja Cempa, yén aya di antara prajurit
Gilingwesi anu baruntak ka rajana, sarta ngusulkeun sangkan Sudarma
dijenengkeun raja Gilingwesi.

Tapi raja nyaur yén hadéna Sudarma téh
dijenengkeun Patih Cempa baé, sarta ngajenengkeun Bramani jadi raja
di Gilingwesi. Peutingna diayakeun pésta sarta Panji Wulung jeung
Andayaningrat teu weléh suka ati sosonoan. Isukna Sudarma diistrénan
jadi Patih Gilingwesi sarta dibéré jujuluk Suraludira. Ti dinya Suraludira
ngulik bagbagan élmu kanagaraan, tur sanggeus dianggap cukup manéhna
mulang deui ka Gilingwesi.

Nagara Cempa leuwih maju. Patani jeung istrina anu kungsi
dicicingan ku Panji Wulung diondang ka karaton. Dina jero haténa
Panji Wulung ogé teu weléh inget ka bapa kukutna, Patih Sokadana. Ti
dinya Panji Wulung ngutus Janggala jeung Janggali nepikeun surat sarta
ngabéjaan Patih Sokadana yén manéhna geus jadi putra mahkota di
Cempa. Panji Wulung ogé ngulem Patih Sokadana sangkan nganjang ka
Cempa.

Kacaturkeun di Sokadana. Patih Sokadana jeung istrina ogé teu
weléh ingeteun ka Panji Wulung. Majar aya béja yén Panji Wulung geus
jadi putra mahkota. Ku kabeneran jol Janggala jeung Janggali mawa
surat jeung rupa-rupa hadiah ti Panji Wulung. Barang maca surat, Patih Sokadana, istrina, jeung Tunjungsari pohara kagagasna. Janggala jeung
Janggali ogé teu weléh-weléh nyaritakeun kaayaan jeung kajugalaan Panji
Wulung di Cempa.
Waktu Janggala jeung Janggali rék mulang deui ka Cempa, Patih
Sokadana nulis surat keur ditepikeun ka Panji Wulung.

Dina suratna patih
nyaritakeun sakabéh rusiah kahirupan Panji Wulung sarta méré piwulang
sangkan Panji Wulung ulah sombong, nyaah ka pamajikan, jeung bisa nahan
hawa napsu. Dicaritakeun ogé perkara putra patih anu jenenganana Panji
Pamekas nu kacida dipikanyaahna jeung dijenengkeun putra mahkota ku
Raja Sokadana lantaran raja kaparengkeun teu boga rundayan.

Barang surat nepi jeung kabaca ku Panji Wulung, kacida ngangres
jeung kagagasna éta putra mahkota Cempa téh. Panji Wulung nyaluyuan
Panji Pamékas jadi putra mahkota di Sokadana keur mulang tarima kana
kahadéan Patih Sokadana. Teu lila ti harita Raja Cempa gering parna. Raja
nepikeun wasiat yén Panji Wulung nu kudu ngaganti dirina jadi raja jeung
sakabéh pangiringna kudu tumut. Sabada masrahkeun cingcin karajaan,
raja tilar dunya, sarta sakabéh pangeusi Cempa ngarasa sungkawa.

Panji Wulung ngirim surat ka Patih Sokadana, ngabéjaan pupusna
raja Cempa sarta manéhna anu dijenengkeun jadi raja. Kacida bungahna
Patih Sokadana barang nampa éta béj
a téh, malah manéhna aya niat rék
nganjang ka nagara Cempa bareng jeung istrina katut Tunjungsari. Panji
Wulung ogé teu kira-kira bungahna barang ngadéngé éta rencana, Panji
Wulung badami jeung pamajikanana pikeun sasayagaan mapagkeun
urang Sokadana.

Kacaturkeun di Sokadana, raja nu tos sepuh ngersakeun bubujeng. Di
sasaungan raja ngobrol jeung patih nepikeun niatna hayang masrahkeun
karajaan Sokadana ka Pamekas. Raja ogé nepikeun rasa kaduhungna geus
nibankeun hukuman pati ka Tunjungsari, selirna téa. Teu ku hanteu deuih
raja kungsi ningali aya awéwé di Sokadana anu rupana bet sarimbag jeung
Tunjungsari.

Ku Patih Sokadana dijelaskeun yén saenyana manéhna geus
ngabohong lantaran teu tulus maténi Tunjungsari.

Dicaritakeun ogé talajak
praméswari nu teu satia, nepi ka antukna timbul niat dina pikiranana
hayang ngahukum praméswari. Tapi éta niatna téh dihalang-halang ku
patih.

Béja yén raja bendu téh karaos ku praméswari. Manéhna mapatkeun
jampé asihan sangkan raja malik asih, tapi kabéh gé teu matih. Teu lila ti
harita Raja ngajenengkeun Nyi Tunjungsari jadi pawarang ngaganti ratu
nu ti heula, sarta dibéré jujuluk Sekarkencana. Ahirna Raja Déwakéswari
jeung Sekarkancana hirup rukun sauyunan bari kebek ku kabagjaan.

Tapi raja jeung pawarang téh teu weléh inget ka putrana: Panji
Wulung. Raja tuluy ngutus Patih Sokadana jeung istrina pikeun nemonan
Panji Wulung di nagara Cempa.

Kocapkeun patih jeung istrina balayar
ka Cempa sarta sanepina di Cempa dipapagkeun ku kabungahan jeung
kahormatan. Patih Sokadana nepikeun surat ti raja anu boga niat hayang
ngondang Panji Wulung ka Sokadana. Éta pangulem téh diéstokeun pisan
ku Panji Wulung.

Kocapkeun Panji Wulung geus sayaga rék miang ka Sokadana bareng
jeung Patih Sokadana katut istrina nu rék marulang deui ka nagarana.

Teu kacatur di jalanna Panji Wulung nepi ka Sokadana sarta dipapagkeun
ku kabungahan jeung kahormatan ku Pamekas.

Sanepina ka karaton
Panji Wulung ditepungkeun jeung indung bapana anu kacida ngarep-
ngarepna dina suasana anu matak pikasediheun. Salila di Sokadana Panji
Wulung ogé nyaksian dipasrahkeunana karajaan Sokadana ka Pamékas
nu ngaganti raja sepuh. Panji Pamitran, anu masih alona Nyi Tunjungsari
dijungjung lungguh jadi patih. Pésta diayakeun kacida raména pikeun
ngareuah-reuah diangkatna raja anyar.

Panji Wulung ngabingbing Pamekas anu meunang jujuluk Déwabrata
ngeunaan soal-soal kanagaraan. Sokadana beuki ma’mur. Raja sepuh
nu geus marén tuluy ngabagi-bagi harta warisan.

Nepi ka ahirna Panji
Wulung kudu mulang deui ka Cempa. Sanggeus amitan ka ibu ramana
bari beurat pukah pisah rombongan Panji Wulung mulang deui ka Cempa
maké kapal.

Kacaturkeun di Cempa. Barang ngadéngé Raja Cempa euweuh di
nagarana, Andakasura ngagoda Patih Cempa pikeun ngalawan rajana nu
keur euweuh kalawan alesan pinasti para mantri jeung pangagung séjénna
di Cempa bakal diganti ku bondoroyot Panji Wulung ti Sokadana. Tapi
Patih teu galideur. Andakasura teu béak akal, barang aya pamajikan patih
nganjang ka imahna, digoda deui sangkan carogéna ngabaruntak ka Panji
Wulung. Ahirna Patih teu burung kagoda sarta sailon jeung Andakasura keur ngalawan Panji Wulung. Ngan Martadiguna baé, ponggawa anu
satia, jeung putrana, Katibaya, nu henteu biluk téh. Duanana diasupkeun
ka panjara ku Andakasura.

Pasukan Cempa anu ngabaruntak ngajugjug ka Palabuan keur
mapalangan Panji Wulung.

Patih Cempa ngajungjung lungguh dirina jadi
Raja Cempa, jujulukna Déwasaksi. Ari patihna, Sudirapati. Sedengkeun
Andakasura jadi pingpinan panglima perang. Teu lila jol surat anu
ngiberan yén Panji Wulung bakal mulang.

Sanggeus nepi ka basisir, rombongan kapal Panji Wulung diserang
ku témbakan mariem.

Rombongan kacida kagétna sarta baralik deui ka
tengah laut. Teu lila datang Jayaperbangsa, ngalolos ti Cempa sarta bébéja
ka Panji Wulung yén Patih geus baruntak. Dicaritakeun ti awal nepi ka ahir
kumaha kajadianana. Waktu pasukan Panji Wulung rék malik nyerang,
datang balabantuan ti raja Gilingwe
si. Der perang campuh di laut jeung di
basisir, nepi ka ahirna pasukan Panji Wulung nu dibantuan ku pasukan ti
Gilingwesi hasil numpes babaruntakan di Cempa. Tapi patih nu baruntak
jeung Andakasura ngalolos.

Ratu Cempa, Andayaningrat, kacida sedihna nguping éta kajadian.

Sabada nepi ka daratan, ratu bendu ka para ponggawa Cempa nu teu
saratia sarta ngabaruntak ka rajana. Raja Gilingwesi ogé teu kurang-kurang
murkana. Niatna ponggawa nu milu baruntak téh kudu dihukum pati.

Tapi éta niat téh dipapalangan ku Panji Wulung, sarta mantri-ponggawa
nu baruntak téh dibéré pangampura.

Rombongan raja Panji Wulung mulang deui ka karaton, tapi
kaayaan geus burakrakan.

Kabéh diranjah ku Patih, kari emas inten nu disumputkeun. Raja Gilingwesi teu dihaturan mulang deui, tapi sina tetep heula di Cempa. Raja tuluy ngangkat patih anyar, nyatana Urawan,
keur ngaganti patih ti heula nu ngaraman. Jujulukna Surengjurit.

Sabada sabulan aya di Cempa, Raja Gilingwesi nu ayeuna dijungjung lungguh jadi Patih di Cempa amitan. Ku Panji Wulung dijamu heula ku pésta, sarta Raja Gilingwesi dipaparinan rupa-rupa hadiah, minangka males budi keur jasa-jasana.

Patih Cempa nu baruntak jeung Andakasura hirup sangsara di
leuweung.

Patihngarumasakeun salah geus kagoda pikeun ngalawan raja, sarta nyimpen katugenah ka pamajikanana jeung ka Andakasura. Teu ku hanteu hiji poé maranéhna katéwak ku urang lembur sarta dijagragkeun ka karaton. Patih anyar nyérénkeun éta karaman sangkan ditibanan hukuman ku Panji Wulung. Raja jeung ratu maréntahkeun sangkan patih nu baruntak jeung Andakasura dibawa ka pangadilan.

Patih mah dibéré tobat, tapi Andakasura ditibanan hukuman pati.

Andakasura beungeutna ditutupan ku kaén bodas, tuluy digantung. Ti harita Nagri Cempa beuki ma’mur loh jinawi.

@urangsundaasli
Cutatan Carita Wawacan ka-2

*Wawacan Babad Galuh*

Asal-Usul Ngaran Kawali

Pangkur

Nyai Ujung Sekarjingga, didangdanan beuteungna maké kawali, jiga nu
reuneuh nyemplu, dicandak ka payunan, disandingkeun calikna deukeut ka ratu,
kocap Ajar Patih datang, geus aya payuneun gusti.

Lajéng Ajar téh haturan, jisim abdi ngahaturkeun pangabakti, éta rupina
sakitu, lajéng Ratu mariksa, éta naon geuning kawas rupa daun, pék Ki Ajar téh
haturan, reundeu asal ti nu ngirim.

Lamun kitu mah petana, manéh Ajar méré seredan ka aing, Ratu beuki
tambah bendu, manéh Ajar kawasa, cing seug taksir mangkéna ngajuru, ieu
pamajikan urang, medal pameget ta istri.

Ratu ngandika ka Ajar, ieu kasakit ku manéh kudu leungit, manéh anu
nyieun kitu, Ajar henteu tarima, teu mupakat pada jalma nyieun kitu, wondéning
kudu walaras, éta sagala panyakit.

Sugan baé katarima, sembah puji ka Pangéran sajati, miwah kangjeng
pararosul, ngan éta Nu kawasa, ngaleungitkeun kana sagalaning mahluk, nu
aya di alam dunya, di lahir reujeung di batin.

Ajar tuluy ngawalonan, nun sumuhun perkawis pariksa Gusti kumaha
kersana ratu, menggah taksiran abdi mah, ari babar mangké éta Nyai Ujung,
geus kantenan moal cidra, putrana éta lalaki.

Ratu gancang ngabebenda, Ajar manéh téh henteu sayakti, ayeuna kudu
dihukum, sababna hatur dora, lain reuneuh enya sotéh éta nyemplu, meunang
kami ngadandanan, dititah ngandung kawali.

Tuluy Ajar seuseurian, henteu pisan aya suker saeutik, kajeun teuing Ratu
bendu, manéhna henteu susah, da geus tangtu éta kersana Yang Agung, moal
beunang diowahan, budakna medal lalaki

Sinom

Cing ayeuna geura buka, ku kami sing katingali, barang brak dibarukaan,
kawali henteu kapanggih, enggeus leungit tanpa lebih, kantun beuteung Ujung
nyemplu, lajeng reuneuh sayaktosna, héran kabéh nu ningali, tambah-tambah
ratu bendu sarta wirang.

Éta kawali didupak, ku Ajar keur waktu tadi, saméméhna dibukaan, ku Ajar
enggeus ditarik, ninggangna ka sisi cai, dina sakuloneun lembur, ngaranna téh
Selapanjang, mana disebut Kawali, mana éta kitu tina caritana.

Tuluy Ajar dibuburak, ku Ratu dititah balik, barang Ajar enggeus mulang,
Ratu nimbalan ka Patih, éh Patih jeung paramantri, geuwat ku manéh sarusul,
Ajar téh geura paéhan, cacag mangka bijil peujit, tuluy budal Patih reujeung
balad-balad.

Ajar kasusul di jalan, direjeng ku paramantri, dicacag ditarumbakan, tapi
teu mental sahiji, keris tumbak reujeung bedil, kabéh éta mararintul, taya nu
néwek pisan, tuluy Ki Patih ngalahir, kersa Ratu Ajar kudu dipaéhan.

Ditumbak kudu getihan, sarta kudu tijumpalik, éh kutan kitu kersana,
sumangga baé Ki Patih, mana kitu enggeus jangji, da kitu kersana Ratu, tuluy
Ajar téh ditumbak, sarta barijilan getih, tapi éta getih téh hérang kacida.

@urangsundaasli
[WILUJENG BOBORAN SIYAM 1 SYAWAL 1441 H]

Sampurasun 🙏

Tina kaweningan ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa. Bilih aya tutur saur teu kaukur, léngkah paripolah nu teu merenah. Ka para wargi sadaya, ti réngréngan Urang Sunda Asli ( USA ) neda dihapunten tina sadaya kakirangan & kalepatan.

Muga - muga urang sadaya salawasna aya dina ginanjar kawilujengan sangkan tiasa tepang dina sasih Siyam salajengna.

Amiiin!

@urangsundaasli
*Lutung Kasarung*

Sunan Ambu di Kahyangan boga anak lalaki, kasép
taya papadana, ngaranna Guru Minda. Hiji peuting Guru
Minda ngimpi boga bébéné (kabogoh) nu sarupa jeung
Sunan Ambu. Nepi kahiji waktu Guru Minda maling-maling neuteup Sunan Ambu. Sunan Ambu nyahoeun.

Antukna Guru Minda dititah turun ka Buana Pancatengah
pikeun néangan pijodoeunana anu sarupa jeung Sunan
Ambu. Tapi saméméhna kudu salin rupa heula jadi lutung,
sarta dingaranan Lutung Kasarung.

Sanggeus dibéré pituduh pijalaneunana, Guru
Minda nu geus jadi lutung, turun ka Buana Pancatengah.

Gubragna di Nagara Pasirbatang Anu Girang.

Anu ngaheuyeuk dayeuh di Pasirbatang Anu Girang
harita nya éta Mas Prabu Ageung Tapa. Praméswarina
Nitisuari. Boga anak tujuh awéwé wungkul, ngarana:
Purbararang, Purbaéndah, Purbadéwata, Purbakancana,
Purbamanik, Purbaleuwih jeung nu bungsu Purbasari,
anu panggeulisna.

Ku lantaran geus kolot, Prabu Ageung Tapa ngarasa geus meujeuhna ngécagkeun kalungguhan sarta diteruskeun ku salah saurang anakna. Terus baé Prabu
Ageung Tapa téh ngumpulkeun anak-anakna, pikeun
nyérénkeun kalungguhanana. Anu kapilih pikeun gaganti anjeunna téh nya éta Purbasari, anakna anu
bungsu. Purbararang salaku anak panggedéna ngarasa
kaléngkahan ku nu jadi adi. Manéhna ngarasa tugenah.

Basa Prabu Ageung Tapa katut permaisurina geus ninggalkeun nagara, Purbararang ngayakeun rupa-rupa réka-perdaya pikeun ngarebut kalungguhan ti Purbasari.

Ari alesanana manéhna ngarasa leuwih boga hak jadi ratu ti batan Purbasari, lantaran manéhna anak panggedéna
(cikal). Ku réka perdaya Purbararang téa, nya ahirna
Purbasari disingkurkeun ti nagara, dititah nyingkur di
Gunung Cupu. Di leuweung hara-haraeun, anu jauh ka
ditu ka dieu. Tempatna di saung hateup injuk sajalon,
handapna palupuh sabébék.

Sarta saméméhna diboréhan
kéler nahun, papakéanana diganti ku nu rarombéng.

Dina hiji poé, Purbararang nitah ngala lutung ka Aki Panyumpit.

Kudu meunang, lamun teu meunang Aki Panyumpit baris ditugel jangga. Aki Panyumpit
moro lutung ka leuweung. Ngan aya nu anéh, basa moro
ti isuk-isuk nepi ka soré bet teu meunang lutung hiji-hiji
acan. Tong boroning meunang, manggihan ogé heunteu.

Padahal biasana mah lutung téh loba tinggurayang. Aki Panyumpit kacida pisan bingungna.

Keur kitu, bet ujug-ujug aya lutung hiji keur tinggurayang dina tangkal.

Aki Panyumpit reuwas pacampur jeung atoh lantaran mun meunang éta lutung moal tulus ditugel janggana (diteuteuk beuheungna) téa.

Bari jeung ngadégdég, ku Aki Panyumpit disumpitan, tapi teu daék waé beunang, sabab lutung téh bet bisa nyingcet jeung ngelok jiga manusa.

Aki Panyumpit mungguh kagét
manggihan lutung nu tapis nyingkahan paser. Leuwih kagét deui sanggeus ngadéngé lutung téh bisa gomong.

Tétéla éta téh Lutung Kasarung téa.

Lutung Kasarung ménta dibawa ku Aki Panyumpit sarta dipasrahkeun ka
Purbararang di karaton.

Caritana Lutung Kasarung téh geus aya di karaton.
Basa rék dipeuncit kacida linghasna, lulumpatan ngaruksak barang-barang nu aya di karaton. Antukna Purbararang
nitah Léngsér sangkan mawa lutung ka Gunung Cupu
pikeun maturan Purbasari.

Cocoba jeung dodoja ka Purbasari ku réka perdaya
Purbararang kacida loba jeung héséna. Mimiti Purbasari
dititah ngabendung Leuwi Sipatahunan dina waktu
sapeuting, Purbasari bisa ngalaksanakeun panitah
Purbararang. Terus Purbasari diajak paalus-alus ngahuma.

Purbasari dititah ngahuma di tanah anggar sarta ngan
dibéré pakarang kujang buntung. Tapi hasilna huma
Purbasari leuwih alus batan huma Purbararang.

Purbararang henteu sugema ku ngadoja sakitu.

Purbasari tuluy diajak paalus-alus ninun. Tétéla deui
baé, hasilna leuwih alus beunang Purbasari. Terus diajak pageulis-geulis. Purbasari angger anu meunang. Ahirna nya diajak pakasép-kasép kabogoh. Lebah dieu Purbasari
bingung, sabab kabogoh Purbararang téh sinatria gandang anu jenenganana Indrajaya. Ari kabogoh Purbasari apan
lutung.

Ku sabab dianggap
éléh téa, nya Purbasari
kudu nandangkeun
hukuman. Salian ti ku
du
masrahkeun karaton téh,
kudu ditugel jangga deuih.

Tapi barang Purbasari rék
ditugel pisan, torojol aya
satria gagah, leuwih kasép
jeung gandang ti batan
Indrajaya, nyampeurkeun
sarta ngaku kabogoh
Purbasari. Éta satria
téh taya lian ti Lutung
Kasarung anu geus salin
rupa deui jadi Guru
Minda.

Nénjo kaayaan kitu,
Indrajaya panas. Terus
narajang Guru Minda, der gelut. Indrajaya éléh jajaten ku
éta satria gagah téa.

Ahirna Purbasari jeneng jadi raja di nagara Pasir Batang Anu Girang, dibarengan ku salakina. Ari
dulur-dulurna dijadikeun pembantu-pembantuna.

Iwal Purbaleuwih (pangais bungsu) anu sok nulungan
Purbasari upama keur dikakaya ku dulur-dulurna nu séjén.

@urangsundaasli
Pék ilo ringkesan carita pantun ieu di handap!

Carita Pantun “Ciung Wanara”
Ciung Wanara téh saenyana putra raja Galuh Pakuan.

Ngan ti leuleutik dirorok ku Aki Balangantrang jeung Nini Balangantrang. Ciung Wanara téh teu apaleun yén
anjeunna putra raja.

Disangkana indung-bapana téh Nini jeung Aki Balangantrang wé.

Ngan dasar aya terah sanajan dididik ku nini-nini jeung aki-aki bari di kampung, béda pasipatanana jeung barudak-barudak kampung séjénna. Leutik kénéh gé geus ngawasa rupa-rupa élmu nu biasana mah nu karitu téh dicekel ku jalma déwasa.

Ari karesep Ciung Wanara harita ngukut jeung ngadu hayam. Nu matak barang ngadéngé béja cenah raja Galih Pakuan gé kasenengna kana ngadu hayam.

Cita-cita Ciung Wanara hayang ngéléhkeun hayam kagungan raja. Ceuk pikiranana hadé goréngna hayam mah gumantung kana turunan jeung pamiaraan.

Sanajan hayam raja, ari goréng turunan atawa pamiaraan mah moal bisa ngéléhkeun ka hayam manéhna.

Dina hiji waktu Ciung Wanara nyarita ka Nini jeung Aki
Balangantrang yén manéhna rék indit ka nagara Galih Pakuan. Komo
wé nini-nini jeung aki-aki téh barang mimiti ngadéngé caritaan Ciung Wanara kitu, rareuwaseun pisan. Tapi teu aya alesan keur nyarék. Komo mun seug nilik jalugjugna awak Ciung Wanara nu geus rék nincak déwasa, pantes mun hayang indit pikeun nyiar luang pangalaman ka dayeuh téh.

Leuwih ti kitu, Aki jeung Nini Balangantrang nu apaleun pisan, saha ari Ciung Wanara téh, dina pikirna ieu lalaki lalanang jagat téh tangtu baris ngukir sajarah.

Kacaritakeun dina waktu nu geus ditangtukeun jung baé Ciung Wanara téh indit kadua hayam jago. Waktu nyorang lembur-lembur matak
guyur, sabab ceuk mojang-mojang kakaraeun teuing nempo satria kasép
ngalémpéréng konéng ngaliwat, hanjakal ngan saliwat. Para pamuda gé garogedeg ceuk ieu saha ceuk itu saha. Waktu aya nu ngabéjaan yén éta téh
anak Nini jeung Aki Bala¬ngantrang kalah beuki kacida garogedegna.

Keur meujeuhna panas poé mentrang-mentring Ciung Wanara nepi ka luareun lawang sakéténg nyaéta lawang paranti asup ka jero dayeuh.

Di dinya anjeunna ngareureuhkeun capé heula di handapeun tangkal kai.

Karinget ngucur ti sakuliah badanna, ni’mateun pisan katebak ku angin
ngahiliwir.

Bari diuk manéhna nempo lawang sakéténg dijaga ku jelema duaan jarangkung gedé bari marawa tumbak jeung nyorén gobang.

Ceuk pikiranana kumaha bisana asup ari dijaga kitu mah, mangkaning teu boga duit. Sabab sakur nu asup ka dinya kudu mayar.

Ngan kabeneran nu jaraga téh sok luas-léos. Sabot bongoh kitu sup Ciung Wanara asup.

Barang geus di jero dayeuh, jelema-jelema karagéteun, nempo pamuda nu sakitu kasépna. Harita Ciung Wanara aya nu ngaku ku hiji randa beunghar. Waktu ditanya ngaran jeung lembur,
Ciung Wanara ngajawab terus terang.

“Ari Ujang ka dieu téh rék naon?” Nyi Randa nanya deui.
“Hoyong ngadu hayam sareng kagungan Kangjeng Raja!” jawabna tenang.

”Is na ari Ujang, asa lalawora teuing! Boga naon kitu keur
tumpangna?”
“Aya wé.”

“Ayeuna mah tong waka jeung nu raja, jeung nu bibi wé heulaanan!
Da bibi gé boga hayam adu mah!”
“Mangga, ngan upami sareng nu bibi mah moal tumpangan.”

Kacaritakeun geprak wé hayam Ciung Wanara diadukeun jeung
hayam Nyi Randa beunghar. Da ngan sakali ngabintih hayam Nyi Randa ngagolér. Jelema-jelema nu nyaraksian ramé surak. Aya ogé nu ngomong, “Héran déwék mah euy! Hayam turundul kitu maké meunang!”
Isukna Ciung Wanara kaluar ti tempat panyiru-rukanana nyaéta imah Nyi Randa téa.

Waktu ulin ka alun-alun lar patih Purawesi jeung Puragading bébénténg nagara Galih Pakuan angkat sareng. Jaman harita téa upama aya pangagung angkat, jelema-jelema nu nempo téh kudu brek
caringogo bari tungkul. Upama teu kitu dianggap teu sopan, pasti bakal meunang hukuman.

Sanajan teu nyaho gé nu duaan éta patih, nilik dedeg-pangadegna,
saha nu teu sieun. Geus puguh awakna jarangkung gedé, kumis baplang jeung godégan, maké iket barangbang semplak nepi ka buukna sakitu panjangna papuket kabeungkeut iket. Awakna teu maké baju nepi ka atra
bulu kélékna jabrig, dadana buluan. Ka handap mak
é calana sontog maké beubeur sagedé tampah, Duanana pada nyorén gobang ngangsar ampir antel kana taneuh. Upama ngarérét ka nu ngahormat, burileng panonna
nu sagedé jéngkol téh hirup kawas rék kék waé ngerewes.

Ari Ciung Wanara aya nu ngabéjaan yén éta téh patih, ngadon solongkrong nyampeurkeun.

Duka kituna téh pédah didikan Aki jeung Nini Balangantrang nu ngajarkeun hakékat jelema mah taya bédana da sarua damelan Nu Maha Kawasa. Malah dina basa gé ka ieu-ieu sarua taya
adab taya kasar. Atawa pangna wani nyampeurkeun patih téh perbawa sipatna nu teuneung. Tapi nu pasti mah berekah didikan jeung sipat! Waktu Ciung Wanara nyampeurkeun ka patih mah papakéanana lain nu biasa, tapi diganti ku nu goréng. Malah teu maké baju-baju acan,
beuteungna ngahaja dibucitreuk-bucitreukkeun, beungeutna camérong
diko-toran leutak.

Barang solongkrong ka patih, nu disampeurkeun nanya sorana mani tarik semu peura, “Rék naon sia budak buncir nyampeurkeun ka kami?”
Ceuk Ciung Wanara bolostrong bari teu kireum-kireum, “Hayang
ngadu hayam jeung nu Kangjeng Patih!”
“Hah siah wawanianan! Boga hayam turundul kitu wani ngadu jeung nu aing! Sakali ngabintih gé hayam sia paéh!” Patih Purawesi sasauranana
kitu bari bendu sabab asa dihina ku budak buncir.

“Nyobaan wé!” ceuk budak buncir téh.

“Heug! Tapi naon tumpangna?” saur Patih Pura-gading.

“Teu boga da kami mah tara tumpangan!” cék budak buncir..

“Aéh-aéh siah!” saur Patih Purawesi, “Kieu wé atuh! Lamun hayam sia
éléh, sia ku kami digebug sapuluh kali Ku gegendir ieu! Wani henteu?”
“Wani! Ngan upama hayam patih nu éléh naon tumpangna?”
“Moal éléh hayam kami mah!”
“Enya upama ieu mah,” ceuk budak buncir deui.

“Manéh ku kami dibéré duit sarajut!” saur Patih Purawesi.
Geus nyieun perjangjian kitu mah Patih Purawesi jeung Patih Puragading nimbalan ponggawa nyandak hayam kagunganana nu
pangsaéna. Budak buncir diajak ka pakalangan paranti ngadu hayam. Di dinya nu lalajo geus pinuh. Jelema sakitu lobana teu aya saurang gé numangmeunangkeun ka hayam budak buncir.

Hayam Patih Purawesi tuluy diasupkeun ka pakalangan. Barang sup ger nu lalajo surak. Hayam téh jangkung gedé buluna hérang pertanda asak piara, jawérna sumpel, buntutna lempay, siihna seukeut panjangna kira-kira satunjuk. Barang jrut ka pakalangan, belegender kokoréh tuluy kongkorongok.

Ningali hayam lagana kitu, Patih Purawesi imut. “Sok, Buncir asupkeun hayam manéh!”
Hayam turundul téh ku budak buncir ditiup sirahna geus kitu
dialungkeun ka pakalangan. Barang sup, séak diudag ku hayam Patih Purawesi. Si Turundul nyingcet, jol di tukangeun Si Jelug, kecok sirah hayam Patih Purawesi téh dipacok, jebét dibintih. Teu ngadua-kalian, hayam patih Purawesi ngagolér teu hudang deui.

Ger nu lalajo surak éak-éakan. Patih Purawesi barengep lain pédah aya nu neunggeul tapi bakat ku éra ku nu lalajo. Sabab hayam kagunganana tacan aya nu ngéléhkeun, sumawonna nepi ka ngagolér kawas harita mah. Ongkoh jaman harita mah ajén jelema téh ditangtukeun ku hayam aduna. Upama hayam aduna kuat teu aya nu ngéléhkeun, ajén nu bogana ningkat upama hayamna éléh, ajén nu bogana turun.

Budak buncir téh nyokot hayamna ti pakalangan, tuluy diusapan.

Nu lalajo ngarogrog nempo hayam budak buncir. Ku saréréa pada nyidikkeun teu aya tanda-tanda hayam alus. Nu matak sakur nu lalajo pada hookeun.

“Sok ayeuna mah jeung nu aing!” saur Patih Puragading. “Sok asupkeun heula hayam maneh, Buncir!”

Saperti tadi budak buncir téh méméh ngasupkeun hayamna ditiup heula huluna, Sanggeus hayam turundul aya di pakalangan, hayam Patih Puragading diasupkeun. Barang sup sebrut hayam jelug nu Patih Puragading ngudag Si Turundul. Tapi nu diudag rikat luncat ka luhur nepi ka nu ngudag téh kaselebrungan. Si Turundul geus taki-taki di tukangeun
Si Jelug. Barang Si Jelug malik, sebrut deui ngudag. Si Turundul nu geus taki-taki mapang hulu Si Jelug ku pangbintih satakerna. Jepet golépak hayam Patih Pura gading ngagolér. Ger deui nu lalajo surak. Patih Puragading baketut ambek nyedek tanaga midek.

Sanggeus dua hayam patih ngagolér, budak buncir ngade
ukeutan patih rék nagih jangji, Patih Purawesi jeung Puragading kalah ambek, geus puguh hayam nu dipikameumeutna éléh, ayeuna aya nu nagih. Ku sabab
kitu budak buncir téh dirawél tadina rék digebug. Ngan budak buncir nu taya lian Ciung Wanara bisa cungcat-cingcet nepi ka teu katéwak.

Sakitu dikepung ku dua patih dibantuan ku para ponggawa karaton teu beunang. Ber pada ngudag, Ciung Wanara geus teu aya, nyumput ngadedempés. Puguh wé dua patih téh ambek murang-maring. Majar
jelema sakitu lobana éléh ku budak buncir saurang.

Kacaritakeun béja yén aya budak buncir boga hayam adu sakitu meunanganana geus dugi ka Kangjeng Raja Galih Pakuan.

Anjeunna enggal nimbalan para ponggawa milarian budak buncir téa. Nu milarian geus ber ka ditu ber ka dieu tapi nu dipilarian teu kapendak, teu aya raratan-raratanana acan.

Kabeneran ku kapinteran Léngsér budak buncir téh kapanggih. Ngan waktu diajak ka karaton ngadeuheus ka Kangjeng Raja, budak buncir téh mugen, embungeun. Ari alesanana sieun ku patih.

Budak buncir téh nya
nyarita terus terang katugenahna ku patih. Nu jangji rék méré duit sarajut kalah rék nyiksa. Patih nu modél kitu cenah kudu meunang hukuman.

Léngsér nyanggupan rék méréskeun masalah éta asal budak buncir daék milu ka karaton.

Kacaritakeun sanggeus Léngsér jangji mah, budak buncir téh daékeun milu.

Barang nepi ka karaton patih keur araya di dinya. Nempo budak buncir panonna burulang-burileng tapi teu bisa kukumaha da sieuneun
ku raja. Budak buncir mah nempo patih kitu téh tenang wé siga teu aya kakeueung.

Saparantos diparios ku raja, énggalna budak buncir terus terang hayang ngadukeun hayamna jeung kagungan raja, nu geus sohor ka mana-mana teu acan aya nu ngéléhkeun. Waktu diparios naon tumpangna, waler
bu¬dak buncir, pati-hurip raga sareng badan. Dawuhan raja ti kami mah cenah tumpanganana nagara sabeulah.

Isukna jelema-jelema geus pinuh di tempat pangaduan hayam rék lalajo. Hayam raja mah datangna ka dinya gé pada ngagotong jeung kurungna. Ti barang datang disada kakak-kokok jeung pucak-pacok.

Atuh si Budak Buncir geus datang cingogo bari ngusapan hayamna Si Turundul.

Barang geus ninggang kana waktuna dua hayam geus pasangsanghareup-sanghareup. Hayam raja nu jangkung leuwih ti hayam patih, dongko bari muridingkeun bulu beuheungna, panonna gular-giler sieun kapiheulaan kabintih. Kecok Si Turundul sirahna dipacok, jebét dibintih.

Ger nu lalajo ramé surak kabéh ngabobotohan hayam raja. Ngan dibintih sakitu tarikna Si Turundul teu régrog-régrog. Manéhna gulak-gilek ngamaénkeun huluna bisi kabeunangan deui. Kangjeng Raja Galih Pakuan imut ngagelenyu ningali hayam aduanana nu sakitu ageungna, ngalawan hayam turundul, eukeur mah leutik kawas kurang parab deuih, Tapi waktu Kangjeng Raja imut kitu, teu kanyahoan kecok hayam kagungan raja dipacok jawérna, jebét dibintih.

Kawas lawan-lawan Si Turundul nu ti heula, teu kudu ngadua kalian dibintih, sakali gé cukup. Barang jebét golépak ngagolér.

Kangjeng Raja ngarénjag reuwas teu aya papadana, Patih Purawesi jeung Puragading tadina rék ngarontok budak buncir, ngan énggal dihuit ku raja.

“Héy Patih! Teu meunang kitu! Geus puguh hayam urang nu éléh, rék naon deui! Kaula moal jalir jangji rék masrahkeun karajaan satengahna.

Geus adat nu sok ngadu ngan meunang jeung éléh. Malah loba nu béak kakayaanana ku ngadu!”
Barang ngadangu kasauran raja kitu, patih cicing teu ngomong
sakemék Harita kénéh karajaan Galih Pakuan beulah kulon dipasrahkeun ka budak buncir. Beulah wétan mah geus dicepeng ku putrana Hariang Banga.

Dina hiji kasempetan kauninga ku raja yén budak buncir téh taya lian ti Ciung Wanara putrana ku anjeun, nu dirorok ti oorok ku Aki jeung Nini Balangantrang. Ku sabab kitu saur raja ka Ciung Wanara, “Sukur hidep geus jadi budak prihatin. Jeung hidep boga karajaan lain warisan, tapi hasil usaha sorangan.

Muga-muga waé bisa ngajalankeun pamaréntahan,
ari Ama mah ti wangkid ieu rék ngabagawan.”

@urangsundaasli
Pék ku hidep ilo kalayan gemet ieu bacaan di handap!

Teks ka-1

*Ngadu Geulis*

Kolot mah mapatahan, cenah kudu boga saku dua. Lain goréng sangka tangtuna gé tapi ati-ati. Atuh, mun aya nu muji, tong waka atoh, komo nu muji hareupeun. Da nu kitu mah, bisa waé pangarahan, hayang meunang kauntungan ti nu dipuji.

Kudu boga saku rangkepan. Éta gé ceuk kolot kénéh. Atuh, tong waka percaya ka nu ngumbar jangji, da nu hawara biwir mah, ceuk ki dalang, leuir pikir. Nu asal nyarita, ilahrna, teu asak balitungan.

Cék kekecapan kolot deui baé, jéngkol aya usumna, ékol mah
bisa sapapanjangna. Nu boga karep ngedalkeun alesan, nyombo, jeung ngabobodo nu wujudna dina pamuji jeung jangji, bisa kedal sapapanjangna.

Kétang, ari raména jangji jeung pamuji mah, aya usumna, usum-usuman, lima taun sakali, sakurang-kurangna gé. Dina mangsa pilihan pamingpin,
moal kurang-kurang nu muji-muji rahayat jeung ngedalkeun jangjina.

Cenah, rahayat téh geus palinter! Ngan, tangtu wé, ngadéngé pamuji kitu
gé ulah waka beukah liang irung, da puguh bisa jadi ukur panyombo jeung pangolo, boa sangkan balangah, atawa teu curiga mun loba nu rék curang.

Kétang, bongan jadi rahayat! Tukang dipépéndé sina ngarasa kapaké.

Urusan nyombo si leutik, geus aya ti baheulana. Remen kacatur dina carita-carita buhun, upama pangawulaan (ménak) mikahayang banda
rahayat, apan cukup wé ku muji-muji. “Alus tah kuda téh, hadé piara andika mah!” Nu dipuji, bungah, léah haté nu saterusna sadrah mikeun barang atawa pangabogana.

Mun nu hayang jadi pamingpin muji jeung ngabibita, teu sing
salah. Jurus kitu téh, padika lawas dina ngawasa pihak séjén. Kitu téh saperti ceuk Haji Hasan Mustapa, ilaharana jelema bisa dibibita ku nu pikabitaeunana, bisa disingsieunan ku nu dipikasieunna. Kitu deui ceuk
Jeffrey Archer (dina The Fourth Estate) apan sangkan pihak séjén nurut téh, bisa maké dua cara, mun teu diolo, diintimidasi!

Jurus kawas kitu gé diéstokeun pisan ku nu harayang kapilih téh.

Apan, nu sakirana kasedep jeung kalandep ku masarakat, disadiakeun.

Mangga pilih, jalmi sohor artis selebritis.

Dina mangsa jaman ‘youtube’ jeung ‘idol’ popularitas jadi
tinimbangan utama. Kadar, mampuh jeung henteuna dina mancén gawé, teuing aya dina tinimbangan nomer sabaraha. Nu penting, kumaha raména. Kétang, kamampuhan mah nuturkeun, bisa diajar! Sageuy teu apal, tolab élmu téh apan sapapanjangna.

Ngasongkeun selebritis atawa artis, teu sing salah. Kabéh gé
tunggaling mahluk, naon waé propésina manusa-manusa kénéh. Teu sing ngalanggar undang-undang, malah luyu jeung aturan anu nyampak,
masing-masing warga nagara gé boga hak milih jeung dipilih.

Boa, karep ngasongkeun artis atawa béntang pilem gé tandaning pinter jeung wijaksanana nu ‘ngabenkeun’ pipamingpineun. Wanoheun kana kaayaan rahayat nu seuseut-seuat dina nyumponan pangabutuh sapopoé. Rayat kudu kerung ngerutkeun kulit tarang mikiran bangbaluh hirup.

Ku lantaran kitu, meureun, merenah mun dibéré pipamingpineun nu sohor di dunya hiburan. Hartina, teu sing salah, munpipamingpineun boga karep ngahibur masarakat.

Upama pihak nu hayang nyangking kakawasaan ngabalitungkeun
karesep masarakat, mémang témbrés dina paripolahna, saperti kagambar
dina pilihan umum, pilprés jeung pilkada. Pihak-pihak nu hayang kapilih, tatahar ti anggalna. Najan can waktuna kompanye, nu ‘ngawanohkeun’ jenglengan pribadi piliheun mah ubyag naker. Sina sohor, sina popular, ulah éléh ku selebritis.

Rayat nu dianggap pinter, ceuk kolot mah, angger ulah kabobodo ténjo! Mun salah milih, leuh, rék milih deui téh, ‘ngemplad’ naker, da kudu ngadagoan usum pilihan lima taun deui. Boa sajeroning nungguan pilihan deui gé loba nu geus jompo.

Milih pamingpin, milih nagarawan, lain sakadar milih pulitisi. Béda, cenah, pulitisi jeung nagarawan mah. Saperti ceuk Jefferson, pulitisi mah mikirna pilihan umum saterusna; ari nagarawan mah mikiran generasi saterusna.

@urangsundaasli
*Dihin Pinasti Anyar Pinanggih*

Saha nu teu ngangres ningal pirang-pirang jelema
jeung sasatoan, ujug-ujug musna kaléléd lambak gangas
tsunami. Wawangunan jeung tatangkalan méh rata
jeung taneuh. Runtah pasoléngkrah di unggal tempat, ngahunyud di saban juru.

Tempat nu tadina éndah
jeung asri téh, deudeuh… kiwari ngan kari ruruntuk.

Kajadianana wuwuh sakedét nétra éstu teu disangka-
sangka. “Kakarénna” ukur nyésakeun rasa ketir jeung
watir ku ningali layon ‘ngabarugigag’ pabalatak di mana-mana. Dihin pinasti anyar pinanggih. Tegesing Alloh
parantos mintonkeun kakawasaanana.

Nu saralamet tina gulungan lambak gangas,
tingjarerit-tingkarocéak, awor jeung nu maridangdam
leungiteun anakna, kitu deui sabalikna. Nini-nini
rawah-riwih néangan incu kakasih. Bébéné kaleleban ku
beubeureuhna. Randa-randa tingsalegruk micangcam nu
jadi salakina. Kokotéténgan, mapay-mapay unggal layon.

Dilelekan bari disidikkeun sugan anakna, sugan bapana,
sugan indungna jsté. Ngan lolobana lain jeung lain baé.

Pon kitu deui, imah katut harta bandana burakrakan,
teu kaciri urut-urutna acan.

Loba nu bedah cimata,
tinglenggerek bakating ku nalangsa. Papakéan ngan kari
saraket awak. Pohara ngangresna lantaran lieuk euweuh ragap taya. Cindekna mah loba nu katalangsara, nunggelis pahatu lalis. Henteu sanak henteu kadang, hirup bet jadi
nunggul pinang.

Niténan korban tsunami harita nu kacida rohakana,
jadi ngangres kabina-bina.

Héabna mungguh kebat ka
mana-mana. Tina galona watir jeung ketir, bet ngagédéng
rasa kaahéng. Kahémeng téh duméh ngabandungan
nu tumerapna ka Pulo Simeulue. Nurutkeun data nu
maot ngan tujuhan, tina 6.306 jiwa jumlah pangeusina.

Mungguh mun ngudag kana logika mah asa pamohalan.
Malah éta pulo téh payus mun kudu pangheulana
carem kasirna lambak.

Nurutkeun akal séhat –utamana mun nelek-nelek kana peta- éta pulo téh apan sasatna
paeunteung-eunteung jeung pangdeukeutna ka puseur
lini. Anggangna ti puseur lini ka éta pulo (Simeulue) téh
nurutkeun Dr. Yusuf Surahman, M.Sc. Direktur Teknologi
Inventarisasi Sumber Daya Alam (TISDA) BPPT, kira-kira
60 km. Bandingkeun jeung ka Banda Aceh anu anggangna
kira-kira 400 km. Mungguhing mana kitu ogé Gusti téh
kagunganeun maksud anu tangtu.

Lian ti geus jadi katangtuan, dihin pinasti anyar
pinanggih, cék ujaring carita lobana nu saralamet téh
satemenna tumali jeung kapercayaan masarakat kana
mitos. Mitos téh sumebarna tatalépa sacara turun-
tumurun. Wallahu alam kumaha éta mitos téh dikemasna,
naha ngaliwatan carita (dongéng), pakeman basa, totondén jsté. Ngan seuhseuhanan eusina mangrupa pépéling nu
kacida dipuhit ku masarakatna. Cék sakaol, napakna ieu mitos, gelar tina luang nu kaalaman karuhunna dina
abad 19-an. Bawirasa lamun nuduhkeun dina abad 19-an
mah patali jeung bituna gunung Rakata (Krakatau) dina
tanggal 27 Agustus 1883.

Waktu Gunung Rakata, bitu, cenah laut téh kawas nu
kaserot. Basisirna ogé nepi ka saat ngolétrak. Loba lauk
nu tinggolépak kasaatan. Jalma pahibut nyarokotan lauk
nepi rada tengah. Tapi teu kungsi lila basisir nu tadina ngolétrak téh ngadak-ngadak pasang. Ujug-ujug léb baé kagulung ku
lambak -harita mah can
aya istilah tsunami- anu
pohara ngagulidagna méh
24 meter luhurna. Jelema nu
ngaralaan lauk téh kabéh
carem kaléléd lambak.

Lambak nu rosa kebat
hanjat ka darat, neumbrag
jeung ngababukan naon
baé nu ngahalangan.

Sabada surud, naon-naon
anu kasorang ku cai tuluy
kabawa palid ka tengah
laut. Tatangkalan, sasatoan jeung pirang-pirang jalma lir
beunang nyapukeun baé, jadi runtah di tengah laut.

Pulo-pulo nu aya di sapanjang basisir Sumatra (Samudra Hindia) kaasup pulo Simeulue ogé kalémbak.

Pirang-pirang pangeusina musna kabawa cai. Nya ku
karuhun éta pulo, utamana ku nu salamet, éta kajadian téh
dijadikeun catetan minangka pépéling keur sékésélérna.

Éta pépéling téh salahsahijina ditépakeun ngaliwatan
kila-kila. Kila-kilana di mana dunya ngariyeg, basisir
ngolétrak, mangka kudu gura-giru marubus ka leuweung
atawa tempat anu laluhur. Tah waktu dunya ngariyeg (tanggal 26 Désémber 2004) urang Simeulue mah cenah,
cul naon-cul naon berebet baé marubus ka pagunungan.

Da kitu mungguh nurutkeun unggelna mitos. Teu wudu
ogé ari lemburna mah burakrakan. Ngan meureun, early warning system salaku antisipasi gempa & tsunami nu
kakara rék dibaladah ku pamarentah, méh tinggaleun
ketak ku urang Simeulue. Da keur urang Simeulue mah
early warning system enas-enasna mah pan nyampak dina mitos téa.

Nurutkeun sawatara katerangan, pangna urang
Simeulue loba nu saralamet téh ogé diSundang ku muhitna
kana kapercayaan patali jeung rupa-rupa pantrangan.

Upamana, urang Simeulue teu weléh mupusti alam
sabudeureunana (leuweung) lantaran patali sieun ku
saniskara pantrangan téa.

Warga umumna tuhu kana
papatah jeung kacida sieunna kana éta pantrangan.

Lantaran lamun éta pantrangan dirempak balukarna baris
nimbulkeun mamala boh ka dirina boh ka lingkunganana.

Tuhuna kana pantrangan téa, tumerapna leuweung-leuweung jadi angger weuteuh jeung sanget lantaran
taya nu ngaruksak jeung ngagunasika. Munasabah
ku weuteuhna leuweung, geus bisa nahan panarajang
rohakana lambak tsunami téa.

Apanan ajén-inajén budaya karuhun bangsa Indonesia baheula, kacida mupusti alam sabudeureunana.

Lantaran anggapanana yén unggal barang, lian ti mahluk
hirup, ogé ngabogaan jiwa atawa roh. Nya teu anéh mun
baheula mah lamun rék nuar kai gedé téh paribasana
henteu wasa lantaran kacida sakralna utamana sieun
aya mamala. Kai téh kakara dituaran lamun saméméhna
dilaksanakeun heula ritual.

Nurutkeun anggapanana yén
kai téh seuhseuhanana mah barang hirup nu ngabogaan
jiwa (roh). Ku kituna, éta kapercayaan téh méh nanceb dina batin-batin urang Simeulue. Éta mitos minangka sawangan
hirupna (weltanschauung) pikeun numuwuhkeun kasadar
jeung kasieun masarakatna sangkan tetep mulasara
harmonisna hubungan antara manusa jeung alamna.

Munasabah kaahéngan nu tumiba ka pangeusi pulo
Simeulue téh teu leupas tina kahanan rupa-rupa mitos nu
dianutna. Jadi, ditilik tina kajian antropologi mah mitos
téh ngabogaan pirang-pirang kagunaan, di antarana
pikeun ngadalikeun masarakatna (social control), alat pendidikan (pedagogical device), jeung alat “pemaksa” sarta “pengawas” sangkan norma-norma salawasna digugu tur diturut ku anggota masarakatna.

Cindekna, lamun mitos dipiara ganjaranana bakal salamet, sabalikna mun mitos diluli-luli balukarna bakal nandangan mamala.

Tina musibah di Acéh jeung Sumut nu pikaketireun, -utamana pasca tsunami- tétéla keur urang mah loba pisan tapakureunana. Hikmah
naon nu nyumput disatukangeunana? Bawirasa nyangkarukna wuwuh aya dina haté-haté nu jalembar.

Banda sasampiran nyawa gagaduhan.

Wallahu alam.

@urangsundaasli
Medar Tarjamahan

Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén.

Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa. Prosés narjamahkeun, boh karya
ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina.

Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina.

Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis" jeung "satia".

Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.

Dina périodeu saméméh Perang Dunya II anu réa digarap ku
pangarang Sunda téh saduran, lain tarjamahan. Dina saduran mah lain waé "alih basa"-na bébas, tapi karya deungeun téh dipapantes, disusurup jeung kaayaan di urang. Istilah séjén anu sok mindeng digunakeun harita nyaéta salinan atawa nyalin. Dina mangsa saméméhna, nyaéta dina periodeu naskah (manuscript), anu disebut nyalin téh bisa jadi
narjamahkeun (bébas), transliterasi atawa transkripsi atawa bener-bener nulad (aksarana, basana teu diganti).

Kagiatan narjamahkeun téh teu kawatesanan ukur pikeun
karangan ilmiah wungkul. Tapi méh saban widang paélmuan kungsi ditarjamahkeun karya-karyana. Ku lantaran kitu, majuna paélmuan téh éstuning ngabelesat pisan.

Diantara karya-karya anu sok diterjemahkeun téh nyaéta karya sastra.

Dina karya sastra, urang baris mikawanoh nu disebut karya tarjamahan.

Demi karya tarjamahan téh nyaéta karya nu ngahaja ditarjamahkeun ku nu narjamahkeun sangkan balaréa (masarakat pamaca) bisa maca éta karya.

Ari karya nu ditarjamahkeun kana rupa-rupa basa dikasangtukangan ku
lantaran éta karya téh dianggap fenomenal atawa karya masterpiece. Lian ti éta, bisa jadi lantaran nu nulis éta karya téh kasinugrahan hadiah nobel sastra. Éta karya masterpiece téh nya tuluy baé ditarjamahkeun kana
rupa-rupa basa, nu tujuanana sangkan ruang lingkup atawa segmentasi nu macana leuwih lega deui.

Ngan anu jadi pasualan, aya kalana karya nu ditarjamahkeun téh sanggeus meunang pangajén bet teu luyu jeung
eusi/amanat nu nulisna. Nu matak teu anéh loba nu maca ngarasa kuciwa ku hasil tarjamahanana.

Jadi tukang narjamahkeun téh mémang lain pagawéan nu enteng-enteng. Sabab ari narjamahkeun téh butuh mikapaham kumaha eusi
karya sastra “dima’naan” jadi hiji hal anu ngabogaan sasaruaan ma’na jeung karya aslina. Ku lantaran kitu, pikeun nu narjamahkeun mah kudu enya-enya mikapaham maksud nu nulis éta karya nu ditarjamahkeunana, saméméh dijanggélékkeun dina wangun karya nu geus ditranformasikeun téa.

Dina tanggal 14 Mei 1860 kungsi medal hiji buku nyaéta Max Havelaar nu dikarang ku Multatuli kalawan J. de Ruyter nu medalkeunana. Ieu buku
dikarangna ti mimiti bulan Séptémber tepi ka Oktober 1859 di Brussel, Bélgia. Éta buku téh gelar tina pirang-pirang rasa kuciwa gumulung dina batin Multatuli tepi ka jadi obsési. Novel Max Havelaar téh enas-enasna hayang ngarobah kalakuan para pangagung pribumi anu telenges ka rahayatna, tur ngarobah kawijakan ékonomi Walanda anu nyekék rahayat Hindia Walanda.

Multatuli téh sandiasmana Éduard Douwes Dékker anu lahir di Amsterdam taun 1820.

Manéhna kungsi jadi Asistén Résidén Lebak. Salila
di Hindia Walanda, Multatuli mindeng kuciwa. Upamana baé, basa salila opat bulan jadi Asistén Residén Lebak, manéhna nyakséni yén Bupati Radén Adipati Karta Negara meres jeung nindes rahayatna. Malah mah éta masalah téh dilaporkeun ka Residén, terus ka Gupernur Jéndral. Tapi ku sabab ngarasa teu diwaro ku dununganana, Douwes Dékker ménta eureun tina pagawéanana. Paméntana dicumponan ku pamaréntah Walanda tanggal 4 April 1856.

Taun éta kénéh manéhna mulang ka Walanda. Hirupna di ditu éstu kadungsang-dungsang.

Novel Max Havelaar diwengku ku 20 bab, anu salah sahiji babna ngadongéngkeun lalakon Saijah jeung Adinda. Jadi, buku Saija beunang nyundakeun RTA. Soenarja. Ari anu didongéngkeunana téh pangalaman Saija jeung Ina, dua rumaja nu si
lih pikaasih tapi kudu papisah.

Saija téh anak patani. Kolotna teu kaur boga munding, da sok
dipundut baé ku Wadana Parang Kujang minangka pajeg.

Emana maot kanyenyerian. Bapana gé maot deuih di pangbérokan sanggeus nyoba-nyoba indit ka Bogor nyingkahan nu sok nagih pajeg.

Saija dalit jeung Ina ti leuleutik. Basa rék nyiar gawé ka Batawi, Saija nyieun pasini jeung Ina yén upama engké balik ti Batawi, Saija rék ngawin Ina.

Tapi basa balik ka lemburna sanggeus tilu taun digawé di Batawi, Saija teu bisa tepung jeung Ina. Ari sababna, Ina katut adi-adina milu ka bapana ngumbara ka Lampung, nyingkahan katelengesan Juragan Wadana anu geus ngajabel munding tepi ka Emana Ina maot kanyenyerian.

Saija indit ka Lampung, tapi nu
kasam-pak ku manéhna, lembur anu dicicingan ku Ina jeung kulawargana téh dihuru ku Walanda. Saija ngamuk, tapi teu walakaya, perlaya ditubles mangpirang pedang jeung bayonét Walanda.

Tina galur caritana urang bisa nengetan kumaha gambaran kaayaan di Banten Kidul dina jaman kolonial: rahayat désa dikakaya, dikaniaya, ditandasa nu pohara ku pamaréntah, akibat tina pulitik jajahan anu telenges taya ras-rasan.

Multatuli hayang milu memener nu teu adil. Ku jalan
ngadongéngkeun tragedi Saija jeung Ina, manéhna hayang nandeskeun kumaha akibatna pulitik jajahan nu taya ras-rasan téh kana kahirupan rahayat. Lian ti éta, dina Saija téh ngelemeng deuih sumanget rahayat dina enggoning ngalawan kateuadilan.

Bawirasa, R.T.A Soenarja titén pisan kana kasang tukang budaya katut kaayaan batin nu maca tarjamahanana. Dina nyundakeun lalakon Saija, manéhna henteu ngan saukur mindahkeun kekecapan tina Max Havelaar, tapi enyaan diluyukeun kana acining batin urang Sunda deuih. Éstuning “disundakeun”. Upamana baé, ngaran “Saijah” diganti ku “Saija”, kitu deui ngaran “Adinda” diganti ku “Adina” tepi ka jadi Ina. Lebah ngagambarkeun Saija tepung jeung Ina nu geus perlaya, gambaranana téh nenggel pisan kana mamaras rasa.

Minangka buku tarjamahan, Saija tangtuna gé ngandung sawatara kosa kecap injeuman tina basa deungeun. Tah, lebah dieu mah RTA Soenarja henteu cara HB Jassin anu narjamahkeun Max Havelaar kana basa Indonesia kalawan gembleng, tur méré katerangan ngeunaan ngaran jalma, kekecapan, atawa ngécéskeun cutatan nu dipaké ku pangarang.

Nu sidik, kualitas RTA Soenarja téh kacida alusna.

Éta saperkara narjamahkeun prosa dina winangun novel, tangtu bakal béda deui lamun urang rék narjamahkeun puisi (sajak).

Malah aya nu nyebutkeun yén narjamahkeun puisi mah jauh leuwih bangga batan narjamahkeun prosa.

Parandéné kitu lebah narjamahkeun puisi mah gedé
kamungkinan sarua banggana jeung nulis éta puisi, anu henteu cukup ku modal kamampuh ngagunakeun basa aslina, tapi ogé kudu weruh kana
basa katut budaya hasil tarjamahanana. Béh dituna anu narjamahkeun puisi mah kudu mibanda pangalaman kapenyairan, pangalaman ngaracik
kekecapan, pangalaman ngagunakeun métafor, pangalaman ulin jeung
imaji, jeung pangalaman ngagunakeun diksi. Upama henteu mibanda pangalaman éta, tinangtu bakal lapur lantaran hasil tarjamahanana baris
jadi karya anu taya pulukeunana.

Narjamahkeun prosa kamungkinan itunganana kalimah per kalimah, demi itungan dina puisi mah kecap per kecap, jadi tangtu bakal leuwih banggana.

Ku ayana kitu, narjamahkeun puisi ogé kudu pinter jeung seukeut dina milih hiji kecap di antara kecap-kecap séjén anu teu pamohalan hartina sarua.

@urangsunda
Panata Acara (Mc)

Pentas Seni

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Langkung ti payun mangga urang sami-sami ngadeuheuskeun puji
sinareng sukur ka Alloh SWT anu parantos ngamparkeun ni’mat ka urang sadaya. Insya Alloh ni’mat iman, ni’mat Islam wuwuh nimat silaturahmi, dugi ka urang dina danget ieu tiasa ditepunglawungkeun sawargi-wargi kalayan rahayu salamet. Nya ku rahayu salamet nu janten marga lantaranana, dugi ka urang tiasa ngalaksanakeun rupi-rupi kagiatan anu tos maneuh dilaksanakeun unggal taun nyaéta miéling HUT RI anu ka-68.

Kalihna ti éta, teu hilap salam kawilujengan mugia ginuluran ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna, tur lélébéranana gubrag ka urang sadaya nu umangken
umatna. Amin…

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat!

Sateuacan medar ieu acara, sim kuring kalayan asmana panata
calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka para bapa, para ibu miwah hadirin sadayana anu parantos kersa nyaosan pangulem panitia. Atuh teu hilap, ogé ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan kana sagala rupi pangrojong boh moril boh materil, dugi ieu acara tiasa lumangsung kalayan nyugemakeun. Sakali deui hatur nuhun nu taya
wates wangenna.

Salajengna dina ieu kasempétan, sim kuring baris ngadugikeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun dina wengi ieu.

Anu kahiji
nyaéta bubuka; kadua, ngagalindengkeun kalam Ilahi, katilu, rupi-rupi pamapag: pupuhu panitia, bapa Kadés Bojong Inong; nu kaopat bewara sareng pamasrahan rupi-rupi penghargaan. Nu kalima, minangka acara inti nyaéta rupi-rupi kamonésan nu dijanggélékkeun dina pinton seni; nu pamungkasna acara Do’a.

Kanggo muka ieu acara, mangga urang sami-sami maos basmalah sasarengan.

Bismillahirrahmanirrahiim.
Acara kahiji nyaéta bubuka ku ngagalindengkeun ayat suci Al Quran anu baris didugikeun ku Sadérék Hasan Baéhaqi sareng saritilawahna ku Sadérék Siti Maryam. Mangga dihaturanan . . . .
. . . .

Acara kahiji parantos réngsé, mugi nu ngaoskeun sareng urang nu ngaregepkeun kalam illahi nembé sing kénging barokah ti Gusti Nu Maha Suci. Sumangga urang lajengkeun kana acara anu kadua nyaéta rupi-rupi
pamapag. Pamapag nu kahiji mangrupi laporan ti pupuhu panitia HUT RI ka-55. Ka Saderek pupuhu panitia HUT RI ka-68 Indra Permana mangga
dihaturanan . . . .
. . . .

Hatur sewu nuhun ka pupuhu panitia anu parantos ngalaporkeun rupi-rupi kagiatan dina salebeting miéling HUT Kamerdékaan, mugi tiasa
kama’lum ku sadayana.

Salajengna, pamapag nu kadua badé ditéma ku pamapag Bapa Kadés Bojong Inong. Pangersa Bapa Drs. H. Udin Soléhudin
dihaturanan . . . .
. . . .

Alhamdulillah, ku urang nembé kabandungan sasauranana Bapa Kadés, anu écés tur témbrés. Éstuning bérés roés basana, genah ngadangukeunana, mérénah larapna. Hatur nuhun Bapa! . . . .

Acara salajengna, mangrupi acara bewara pamasrahan rupi-rupi penghargaan sareng hadiah tina lomba nu parantos dilaksanakeun. Ka
pihak panitia dihaturanan kanggo ngabéwarakeun kajuaraan rupi-rupi lomba.

Namung sateuacan panitia ngadugikeun béwara, kumargi seueur pisan hadiah sareng penghargaan tina rupi-rupi kajuaraan, sim kuring
asmana panitia badé nandeskeun yén dina pamasrahan hadiah sareng
penghargaan téh badé dipaparinkeun ku cara diselangsekarkeun dina acara pinton seni. Hatur nuhun.

Mangga panitia dihaturanan kanggo ngabéwarakeun hasil kajuaraan.
. . . .
Hatur nuhun. Hadirin anu ku sim kuring dipihormat.
Salajengna acara nu dianti-anti parantos dugi, ku mangrupi pinton seni. Mangga kaleprok heula barudak sing ramé! . . . . Kanggo langkung ngahirupkeun sareng ngaramékeun ieu acara, corong badé kasanggakeun
ka Mang Minta anu tos teu bireuk deui kanggo urang sadayana.

Alhamdulillah, acara demi acara parantos réngsé dilaksanakeun.

Sateuacan sim kuring pamit, kalayan asmana panata calagara neda dihapunten tina samudaya kalepatan sareng kakirangan.

Hatur nuhun kana samukawis perhatosanana. Mangga Mang Minta dihaturanan!

Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Conto anu ieu dibaca ku hidep téh nyaéta pokpokanana pana