Peuting ieu mawa gelap jeung burinyayna
nakolan rasa ku gundam jeung samagaha
di dieu, kuring ngukur cimata make lambaran lambaran kertas
pulpen meh beak, tapi cimata masih menta nuliskeun kaperihna
beu geuning cimata teh teu daek suda
kualatan naon atuh kasedih nyimeuhan carit
Gunung nu ngajunung…
Sawah nu ngenpay mapaes ku koneng umyang
Jadi saksi nguduprukna diri
Haat ku laku gorengna lampah
Awak saukur lamokot ku dosa
Diri leuleus teu walakaya
Sumujud ka Indung nu ngandung
Ka Bapa nu ngayuga
Hapunten Ema…
Hapunten Bapa…
Ieu putra joledar ka Salira…
http://Telegram.me/urangsundaasli
#sunda #ngamumule #basasunda

Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
Incu, putu
Geura prak eunteungeun diri pribadi
Basa mah gambaran rasa, budi mah gambaran ati
Dina raga urang asa haté leutik
Nu salwasna tara daék ngabohong, jeung di bohongan
Jaga diri masing nastiti, dumugi mapagna pati
Incu, putu
Mungguh hirup éstu katungkul ku pati
Maot teu apal di mangsa
Kadé hirup masing ati ati ngajaga lampah jeung basa
Sing répéh rapih, bérés roés, akur reujeung sasama
Tengetkeun ku hidep
Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta.
Insya Allah bakal waluya hirup kumbuhna
Incu, putu
Prak sing bisa maca, bisa ngaji
Ngajina sing nepi kana tungtung ati
Macana sing napak kana tungtung rasa.
Tumutkeun pitutur Rosul, taat paréntah agama
Insya Allah hidep bakal bagja dunya bagja akhérat
Incu, putu
Geura sungsi élmu sing nepi katimu
Geura alap harta sing nepi ka ala mangpaatna
Najan lengkah kahalang jurang jeung jungkrang
Teu aya alesan keur hidep ngahontal sagala kahayang
Prak di ajar sing tekun keur neuleuman eusining hirup
Sawang mangsa nu bakal datang
Nu katukang prak sing jadi pieunteungeun
Kadé Incu, putu
Nyukcruk élmu, nyuprih harti sing nepi ka jucung
Ulah kabengbat hal anu mawa tugenah mawa cilaka diri
Ulah, ulah ngalelebar diri
Hidep téh sirung harepan indung jeung bapa
Nu baris ngalalakon di mangsa nu bakal datang.

Mun urang nempo sakuriling urang, geuning loba jalma nu hirupna leuwih susah ti urang, ku kituna urang kudu loba ngucap ALHAMDULILLAH.
http://Telegram.me/urangsundaasli
#sunda #ngamumule #basasunda
http://Telegram.me/urangsundaasli
#sunda #ngamumule #basasunda
Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
"Tah.. dina waktos kiamat mah, gunung baritu, langit runtuh atuh laut oge bahe, nu nyawaan sadayana nembahan pati
" kitu diantarana kalimah guru nu keur nerangkeun bab kiamat ka barudak esde .., .
"sok bilih aya nu bade ditaroskeun barudaaaakkkk"
Murid (M) : pa ari kiamat teh iraha ?
Guru (G) : teu aya nu terang bageur, da eta mah rahasia Gusti
M : pak ari gunung bituna tarik ?
G : muhun tarik pisan
M : tarik mana sareng pepetasan ?
G : tarik ieu bageur..
M : pa.. pa.. paa.. ari si Oman maot teu, ?
G : maot, sadayana oge maot... (mimiti kesel)
M : asssiiikkk moal aya nu nyingsatkeun deui, asiik ... asiiikk..
M : pa .. pa.. ari laut bahena seueur ?
G : loba...
M : sabaraha baskom ?
G : teu ka itung.. saduut..., meunggeus nu lain nanyana
M : assiiikkk bisa guyang deui... bisaaa guyang deuiii,,,,
M : pa ari domba maot ?
G : paaaeeeehhh... apan kabeehhh paaaeeeehhh....
M : asikkk... moal ngarit deui... asiik moal ngarit deuiiii...
M : pa... paaa... paa...
G : geus aahh..!.
M : hiji deui pa..., paaa, ari sakola libur ?
G : libuuurrrr... apan DEWEKNA OGE MODAAARRR...........!!!!!

Naon-naon nu geus sagala dilampah
Tangtu geus nincak bener jeung salah
Aya kangeunah jeung loba katugenah
Nu ngabalukarkeun jadi luhlah
Dinten ieu dinten jumaah
Dinten nu pinuh barokah
Sagala nu kantos dipilampah
Mugia sing janten hikmah
http://Telegram.me/urangsundaasli
#sunda #ngamumule #basasunda
Tangtu geus nincak bener jeung salah
Aya kangeunah jeung loba katugenah
Nu ngabalukarkeun jadi luhlah
Dinten ieu dinten jumaah
Dinten nu pinuh barokah
Sagala nu kantos dipilampah
Mugia sing janten hikmah
http://Telegram.me/urangsundaasli
#sunda #ngamumule #basasunda
Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
Heru : ni,,, hirup Ujang naha kieu, asa pabaliut teu puguh.
Nini : Ujangna hayang naon kitu?
Heru : Hayang téréh beunghar ni,,
Nini : Asal daek ngalaksanakeun amanat nini?
Heru : Naon tah ni,,(curinghak)
Nini : Yeuh regepkeun ku silaing!, lamun hayang beunghar kudu NATA NITI NÉTÉ
Heru : Naon hartina nya...? (Garo-garo teu ateul)
Nini : NATA..... kudu ngatur diri, sing bisa ngurus awak jeung ngabagi waktu, ulah sakahayang, sakainget,komo sakapeung-
sakapeung mah.
NITI.... hartina ulah di engké-engké, da wanci mah bakal terus nyerelék, sok niatan ti ayeuna rék ngarobah diri.
Ari NETE.... kudu satahap-satahap, moal ujug-ujug beunghar, tapi alon-alon asal kalakon apanan ari lalakon mah dina felm ge
tara ujug-ujug menang,kudu sabar dina usaha, nu dibarengan ku doa, kitu jang...
Heru: Naon tadi teh...nata, niti nete, ari NOTO jeung NUTU naon nya ni,,
Nini : NOTO téh apanan bahasa jawana tina NATA.
Heru : Ari NUTU?,(panasaran)
Nini : Tah ieu halu ku nini diwariskeun ka silaing, ulah
nepi buburuh NUTU leungit sampe 7 turunan nini.
*Peupeujeuh cekel pageuh amanat nini*

Teundeun eunteungeun, Ingkeun tunda ayakeun
Tunda dina pandarangin ati
Welas asih ti Hiyang Gusti
Waspada tingal permana
Urang téang balukarna!
http://Telegram.me/urangsundaasli
#sunda #ngamumule #basasunda
Tunda dina pandarangin ati
Welas asih ti Hiyang Gusti
Waspada tingal permana
Urang téang balukarna!
http://Telegram.me/urangsundaasli
#sunda #ngamumule #basasunda
Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
sing tarapti diri
balebat geus ngajak kebat
nyerangkeun nu keur jongjon eundeuk-eundeukan
teu malire hate nu salawasna rehe
hayu mulang, tuh batur geus nungtutan
ninggalkeun pakalangan, kahade obor awi nya karari,
keur narawangan jalan nu baris kasorang
sandiwara geus lekasan
cunduk ninggang waktuna
manusa teu walakaya

Kamari jeung ayeuna, beda wanci beda rasa, sarua jeung, anu beda ukur rasa, teu sampurna mungguhing manusa, kapiheulaan ku rasa, da bongan rasa panuntun raga, poma rasa ulah katutup ku raga, sabab raga mawana cilaka, Pastina manusa bakal sampurna, mun rasa geus mimpin rahgana. Sabab rasa panjurung Qolbu (aras), ari nu calik di aras nyaeta ALLOH, TAH SIFATNA. Matak aya Rosullulloh, gelarna RASAALLOH DA NYATANA.
Hiji euweh duana, Tunggal eweuh baturna, Rasa nu mawa bejana, Raga tunggal nu nampina.
Bukti pasti hurip diri, kabuka ku suci ati. Waspada lakuning diri, ciri mursid aya na ati.
Kade elmu patokanna, Elmu jadi kedokna, Lain elmu ku lobana, Tapi elmu kulakuna.
Elmu sato laku sato, Elmu setan laku setan, Elmu nabi laku nabi, Elmu biwir ecan pasti.
Tingal jalmi kulakuna, lain bener cek biwirna, laku bukti kaelmuna, biwir sok jadi ujubna,
Mangka apik nyiar ilmi, Teang mursid nu sajati, Ulah jauh ka luli-luli, mursid aya dina ati.
Ngaji diri neang jati, Geusan mulang asal pasti, Jalanna thorekat wali, tapi poma ulah lali ku syareat oge pasti.
Sabab jalir tina ilmi, mun syareat teu katiti (syareat, thorekat, hakekat jeung ma’rifat)
Majar diri geus ma’rifat, apal kana dzat jeung sifat, kade ulah unggah adat. Bisi jadi mabok madat.
Ma’rifat nepi kajati, Hakekat jaminan pasti, Tarekat jalanna misti, Syareat lakuning diri.
Sholat ulah jadi harti, sabab eta waris Nabi, mun sholat diluli-luli, batal diri nepi ka Jati.
Haleuang boga nu urang, Hariring boga nu kuring, Haleuang asal nu wenang, Hariring asal nu wening, Wenang urang milih jalan, Wening urang caang jalan, Wenang ningal kanu enggal, Wening ati pasti nunggal.
Nabi tara nitis badan, Wali tara nyurup raga, Nu nitis iblis jeung setan, Nu nyurup eta danawa.
Geura udag laku nabi, Makena syareat wali, Pasti bakal wening ati, Jadi jalan tuduh pasti, Poma omat ulah bireuk, Geura nurut kanu deukeut, Nu deukeut eweuh jarakna, Ibarat gula jeung rasana.
Hapunten abi hapunten, Hapunten kawening gusti, Hampura abi hampura, Hampura wenang nu Maha Wening 🙏

*KI SUNDA CAKRA BUANA*
Asyhadu sahadat Sunda Sajati,
Sapapada jeung Warasatul Anbiya,
Neang indung ku abduhu Nu rahayu
Neang Bapa Johar awal tangkal darajat
Nu mayungan sajagat,murbeng alam wisesa
Nu ngauban Pangeran Syarif Hidayatullah
Run turun bayu rahayu,Bayu tresna bayu asih,
Urang buka tutungkusan,Nu kahalang ku pipinding,
Dina gebang sewu lontar,Dina titis tulis bagja awak
MACA UGA nu waruga,ATRA SETRA kanti sukma,
Panglambang congkrang Kujang papasangan,
Sir suci,Sir Adam,Sir Muhammad,
Muhammad jala lalana
Nu aya di saluhuring alam
Nu jauh urang deukeutkeun,
Geus deukeut urang layeutkeun,
Geus layeut urang paheutkeun,
Geus paheut SILIH WANGIKEUN
Wangi SAJAJAR ngajomantara.
Rahayu salam kawilujengan

Najan jadi tukang tarung,
lain harti kudu adigung
Rasa manéh geus teuas balung,
naha geus sanggup ngahakan gunung ??
Sok sanajan boga sima
tong sok deleka ka sasama
Sok sanajan boga komara,
tong aniaya ka papada manusa
Najan jiwa gatotkaca,
kudu angger handap asor ulah codéka
Boga pangabisa paké keur ngariksa,
ngajawara pikeun ngajaga.
Ari hirup kudu ngaca
Soméah jeung nyaah ka sasama
Luhung élmu boga pangaweruh,
silih asih jeung silih asuh..
Kudu asih kanu leutik,
nyaahan kanu malarat,
hormat ka saluhureun,
handap asor ka sasama
seuweu siwi siliwangi
kudu méré wawangi ka ieu nagri
élmu luhung tong adigung,
jembar pangabisa tong nepak dada
élmu luhung ti nu Maha Agung,
jembar pangabisa kersaning Nu Kawasa
http://Telegram.me/urangsundaasli
#sunda #ngamumule #basasunda
lain harti kudu adigung
Rasa manéh geus teuas balung,
naha geus sanggup ngahakan gunung ??
Sok sanajan boga sima
tong sok deleka ka sasama
Sok sanajan boga komara,
tong aniaya ka papada manusa
Najan jiwa gatotkaca,
kudu angger handap asor ulah codéka
Boga pangabisa paké keur ngariksa,
ngajawara pikeun ngajaga.
Ari hirup kudu ngaca
Soméah jeung nyaah ka sasama
Luhung élmu boga pangaweruh,
silih asih jeung silih asuh..
Kudu asih kanu leutik,
nyaahan kanu malarat,
hormat ka saluhureun,
handap asor ka sasama
seuweu siwi siliwangi
kudu méré wawangi ka ieu nagri
élmu luhung tong adigung,
jembar pangabisa tong nepak dada
élmu luhung ti nu Maha Agung,
jembar pangabisa kersaning Nu Kawasa
http://Telegram.me/urangsundaasli
#sunda #ngamumule #basasunda
Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
*DONGENG WAYAH KIEU*
Aya Aki-aki jeung Nini-nini hog hag parasea, teu beunang di pisah kusasaha oge, anu ahirna eta si Aki nekad indit ninggalkeun imah :
Nini : "Aki rek kamana maneh ……"
Aki : " Rek indit aing mah geus teu betah"
Nini : " Ari ieu atuh pakean bawa ……"
Aki : " Sudi, bikeun we ka batur"
Nini : " Ari itu kebon jeung sawah…"
Aki : " Pek we bikeun ka anak incu"
Nini : " Ari ieu motor jeung mobil ……"
Aki : " Sudi pek we jualan"
Si Nini kesel terus morosotkeun sarung jeung calanana sorangan bari pok nyarita…
Nini : "Ari ieu kasahakeun …"
Aki : " Aaaahh bobogaan geus peot kitu, sudi aing mah pek we bikeun KA NU MACA..

Seuhaaah....lada !!!
Beuki lila beuki lada
Ningali polah maranehna
Pajarkeun manusa
Kalakuan leuwih ti kuda
Seuhahhhhh ...ladaaa
Kuda onam tara codeka
Komo nyiksa ka sasama
Najan tara maca kitab jeung sajabana
Tapi tara ngaruksak ka nagara
Malahan mah ngabela
Nyicingan jeung hirup di tanah pusaka
Nu puguh mah musuh nagara
Nyieun nagara di jero nagara
Make dalih agama, pajar ngarah sejahtera
Nu puguh mah ngaruksak ajaran eusi kitabna
Seuneu naraka tiis pikeun maranéhna
Kuring teu suka warisan di ruksak ku andika
Nagara Républik Indonésia nu urang sararéa
Tempat hirup jeung huripna bangsa anu béda
Ngajalankeun aturan nagara jeung masing masing kayakinanna
Euweuh bédana. Kabéh ogé sarua.
Ngabdi ka Nu Kawasa jeung nagarana.
Ieu nagara islam indonésia.
Mending buru gera sadar, sabab Garuda Pancasila moal binasa!
Sanajan kumaha carana
Isuk jaganing pagéto aranjeun bakal ngarasa akibatna.
mudah-mudahan isukan nyambel teu seuhaah teu pati ladaa..

*BALA-BALA VS MITOHA*
Isuk kénéh mitoha keur anteng maraban lauk di balong,kuring nyampeurkeun ngalanyahan jeung rék ngaakuran deui ka mitoha ,,"heuuh ..bongan kamari masalah bala-bala,mitoha ka kuring rada baeud,pan kamari kasus bala-bala téa"..."tah éta !".
"nuju maraban lauk pa ?" cékeng teh muka obrolan.
"Nya jang...." bari paroman siga anu keheul keneh.
"Ari itu dina galengan melak naon Pa ?" bari nunjuk kana sisi balong.
"cengek jeung tomat!" rada teugeug ngajawabna téh.
Kuring ngan seuri leutik,nempo mitoha siga anu masih keneh keuheul ka kuring,ah keun wae pan meh kasebut minantu anu begeur...heheeh (anu maca tong protes).
"Dupi anu di kebon pengker di pelakan naon pa?",resep katinggalna mani pinuh ku tatangkalan jeung sayuran.
"Jang ari di lembur mah yeuh asal aya kadaek tatanen,boh sayurna kitu deui nyawahna,moal hese jeung ripuh teuing ari aya lahan mah,tinggal aya kadaek".nyebut kecap "kadaekna" téh bari di tarikeun,,meureun tidituna mah nyindiran kuring.
"sami atuh pa teun abdi ge di lembur ,sabangsaning bubuahan sareng beas mah abdi mah tara meser!".
"Geuning ujang téh ngebon jeung nyawah kitu di kota téh?,mitoha semu anu atoheun naker.
"Hanteu ogé pa" cék kuring bari keom.
"Haaar....ari éta beas jeung sayuran timana?" mitoha rada nyolot.
"Nya nganjuk weh atuh pa ka warung"..bari ngaleos.
Gorowok téh mitoha ka anakna...."Nyai...!!! ,"kadieukeun ruyung Abah"...!,"gableg salaki téh kudu di warah siah" .

*SALAH JEUNG BENER DINA ATURAN ANU HAQNA*
Ciri mahluk nu sajati lian ti mahluk nu ngalaksanakeun parentah illahi nu tos janten katangtuan hirupna , Taliktik diri mah sing apik , ngotektak badan masing sampurna , ngarah nyaho ka jati dirina tur bakal apal kamutiara badan sakujur
Kumargi eta ( wujud ) mung pentaris cek babasaan manusa mah tapi jang urang balarea eta ( wujud teh hiji pusaka tur wadah nu kedah di pupusti sangkan ka suciannana tetep kajaga )
Kusabab tina hiji ajaran ;
urang tilik masing taliti--bisi leungeun salah nya ngarampa--suku bisi salah nya nincak--panon salah nya nenjo--ceuli salah ngadengena--
hate salah usik--akal salah nempatkeun--bangbaluh kolbu --humandeuar na kasusah hate --
tong nuduh kanu jauh --ulah nyawang kanu anggang -bibit berewit nu karasa --panyakit nu nyampak --
tiluhur sahibas rambut --tihandap sahibas dampal --amanah nu - nyata
geuning kitu nyata --paciweuhna alam rame --gumuruhna alam dunya --ku ayana biwir --
hiji papakas amanah ti dat Ilahi--kasebut biwir jeung lisan:NA --bagja jeung cilaka alatan ucap:NA --
balukar wujud jasmani nu katempuhan --
nyata karasa --teu warna teu rupa--ngan ukur aya soraNA, kaluar sare'at biwir kasebut Ucap:NA
Ucap ulah saucap-ucapna, ari lain ucapkeuneun-nana --pon kitu deui panon, dangu, tur ambekan,
jst - moal teu kitu --
pihartoseun : ---ari lain ucapkeuneun-nana --ngandung hartos sareng tujuan --
mudu kumaha dina prak-prakan-nana -- ? sareng ucap nu mana atuh -- ?
sabab ucap nu bakal ngabuktikeun, --ingkar jeng hianatna manusa --cilaka jeung bagjana manusa --
harkat darajat nu pang mulya mulyana
teu di denge puguh ka denge --teu ka ambeu sidik ka seuseup --teu dirampa kumaha --teu ngalengkah pon kitu --kudu kumaha nya nyarita -- ?
lisan(NA) nu kaluar --ucap(NA)nu teu warna teu rupa --teu dihianat --
bodas pasti ku-nyacasna , hideung pasti ku irengna, salah tetep salah, bener tetep bener
lisan nu kaluar --jadi tulisan roqib jeung atid --jadi balitungan keur dirina, awal jeung akhirna --
lisan nu kaluar --nu mawa amanah ti Gustina --nu mawa mangfa'at keur dirina --maslahat keur sasamana
salamet dirina salamet sasamana---- rohmatan lil allamin ----

(rasa..karasa..rumasa )..mangga regepkeun ieu carita.
gep deui leungeun supri nyabak tarang ,sorot soca mencrong kosong nu aya na pikiran supri ngan THR jeung THR ,
"jadol teh naha can cair wae THR teh ,"gerentes hate supri nu kagareuwahkeun ku sora lastri ,"
pa,iraha balanja baju karunya barudak nanyakeun wae,"gebeg tuluy cengkat bari nyarita ,"insya allah enjing,"bari ngaleos ka jero imah.
supri kaluar tuluy pamit ka lastri ,"mah bapa kaluar heula sakedap," muhun ati ati pa .,"tembal lastri ..
aya 3 jam supri geus nepi ka tempat anu dituju nyaeta toko emas .,
singhoreng supri geus boga niat rek ngajual emas pamajikan na ..
kaluar ti toko emas gidig manehna indit ka jero pasar niat rek meuli baju jeung calana jang budak na ..,
beres meuli baju jeung calana supri reureuh bari ngitung sesa duit "alhamdulilah nyesa 750rebu geuning bae ah ke meunang THR diganti " .
karek dua lengkah supri dicegat ku jalma jangkung badag bari nodongkeun peso ,,"kadieukeun eta duit lamun henteu paeh maneh," .
bakat ku sieun akhirna duit dibikeun ..sanggeus duit dibikeun...
. ,"aahhkkk"sora supri bari nahan kanyeuri singhoreng peso geus nancleub pas keuna jantung supri harita keneh supri panggih jeung ajalna...
supri nu geus jadi bugang dipiceun dialungkeun ka jurang.....
di imah lastri ret deui ret deui kaluar naha si bapa teh kamana meni ngampleng..
ti jam ka jam.ti poe ka poe ibur salembur yen supri kabur ,.
lastri jeung budakna ceurik jeung ceurik sabab supri taya laratan,.
malem takbiran kadenge nu takbir di masjid sora bedug patembal tembal batur saruka bungah tapi henteu keur lastri sabab supri nu jadi salaki euweuh wae laratan.
"assalamualikum selamat malam"sora diluar bari keketrok kana panto
"waalaikum salam ".tembal lastri bari ngagebeg tur ngadegdeg geuning nu keketrok teh polisi
"betul ini rumah pa supri".ceuk polisi
"iya sumuhun betul ada apah".ceuk lastri
polisi ngajelaskeun kajadian nu tumiba ka supri ..gubraag lastri kapiuhan disusul ku sora budak na nu ceurik gagauran
sanggeus sadar lastri ngan bisa ceurik cipanon ngalembereh teu eureun eureun,.tatangga pada daratang milu prihatin ka lastri nu kamusibahan
isuk na sanggeus beres solat ied batur silih anjangan silaturahmi..kadenge sora mobil ambulan harita keneh tatangga geus surti jeung yakin eta ambulan nu mawa layon supri.
tepi di buruan ambulan eureun layon digotong dibarengan ku sora ceurik jeung cipanon lastri nu teu saat saat.
"bu lastri ini jenazah bapa supri dan ini barang bawaan nya ,,"ceuk patugas .
gancang carita layon supri geus dikuburkeun kabeh nu jadi dulur tatangga teu bisa nahan rasa kasedih ninggal kajadian nu tumiba ka lastri..
beres dikuburkeun hiji hiji baraya tatangga pamitan .ngan tinggal lastri jeung budak na .
"nyai,kadieu geulis candak eta babawaan si bapa",mangga mah ." .
tembal budak na barang dibuka singhoreng baju anyar jang lebaran budak hiji hiji na.
harita keneh lastri jeung budak na ceurik bari silih gabrug teu nyangka geuning lebaran ayeuna lebaran panungtung supri jeung kulawargana.
mugia aya mangfaat na ieu carita..
rasa mah moal tiasa di beuli ku harta banda..
manusa mah teu daya teu upaya anging kagungan nu mawa kawasa.

Manusa mahluk nu mulya
Alloh ciptaannana
Islam agamana
Hayu papag bulan puasa
Séhat jagjag sing waluya
Sing jauh sirik jail kaniaya
Ngarah urang sadayana
Kalebet ahli SurgaNa
Aamiin.. Yaa Robbal Alamiin
http://Telegram.me/urangsundaasli
#sunda #ngamumulesunda
Alloh ciptaannana
Islam agamana
Hayu papag bulan puasa
Séhat jagjag sing waluya
Sing jauh sirik jail kaniaya
Ngarah urang sadayana
Kalebet ahli SurgaNa
Aamiin.. Yaa Robbal Alamiin
http://Telegram.me/urangsundaasli
#sunda #ngamumulesunda
Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
Hiji sonten,
saurang ibu nu tos mending sepuh,
nuju calik dina korsi ditépas bumi
direncangan ku saurang putrana.
Jang, anaking,
ari itu kembang naon?"
pokna si ibu bari nunjuk kana kembang nu ngajéjér diburuan bumina.
Etatéh kembang melati bu.
waler putrana
pondok.
Ari nu itu kembang naon?
saur si ibu deui bari nunjuk kana kembang dina pot nu aya di juru teras.
Eta ogé sami bu,
kmbang melati..
waler
putrana rada nyentak.
Anu ka-3x na si ibu tumaros deui,
Ari nu itu?
bari nunjuk kana kembang nu digantung dina pot,
Ya ampun ibu, éta oge sami.
Tingali atuh
rupi sareng bentukna ogé kapan sami!!
waler putrana nyentak ambeuk.
Tidinya,
si ibu henteu tumaros deui,
mung katingal cai socana nyurucud kaluar maseuhan damisna.
Ibu kunaon nangis?
saur putrana heraneun.
Ibu sedih, 30 taun anu katukang,
hidep
nanya ka ibu hal anu sarupa jiga tadi nepi ka 10x,
ibu ngajawab kalayan sabar jeung pinuh ku kadeudeuh.
Tapi naha tadi ibu karék oge nanya 3x ka hidep,
hidep nyentak ka ibu jiga nu ambek?"
waler si ibu bari ngusapan cai panona.
Tidinya putrana langsung nyu'uh kana lahunan si ibu bari nginghak nangis nyuhunkeun pangapunten.
***
Baraya, kadeudeuh nu janten sepuh ka urang,
khususna ibu kalintang ageung sareng teu aya watesna..
Kasabaran anu janten sepuh dina miara
sareng ngarumat putrana,
estuning kasabaran anu sajati. Aranjeuna, hususna ibu,
tulus sareng ihlas mikadeudeuh ka urang
tanpa ngaharepkeun imbalan. Kapeurih,
kanyeri sareng kacapean aranjeuna dina
ngarawat urang moal aya bandinganana.
Baraya, mangga kanu gaduh keneh sepuh,
jagi, rawat sareng bagjakeun aranjeuna ku kadeudeuh sareng kaikhlasan urang anu saleres-leresna,
Omat, ulah bade aya rasa
kapaksa komo deui kasangheuk.
Sing emut,
kadeudeuh aranjeuna kaurang
moal tiasa digentosan ku naon baé,
Haturnuhun baraya,
wilujeng ngabagjakeun
nu janten sepuh.
#carpon
#sunda

Jaba hawa tiis
Jaba hujan
Jaba can di sanguan
Jaba horéam
Jaba udud kari puntung
Sajabana wé poé ieu mah.
Meujeuh bari mirun seuneu mah
Ngahaneutan awak nu tara ka cabak 😊☕
#sunda
#nyunda
#siduru
http://Telegram.me/urangsundaasli
Jaba hujan
Jaba can di sanguan
Jaba horéam
Jaba udud kari puntung
Sajabana wé poé ieu mah.
Meujeuh bari mirun seuneu mah
Ngahaneutan awak nu tara ka cabak 😊☕
#sunda
#nyunda
#siduru
http://Telegram.me/urangsundaasli
Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
Aya nu kungsi ngalaman lamun mangsa keur usum nyambut di sawah sok tumpak dina garu, bérés nyambut tuluy milu ngamandian munding. 😊😊😊
#paribasasunda #paribasa #sunda #savekearifanlokal #basasunda #budayasunda #urangsunda #jawabarat #indonesia #culture