Jadi urang sunda mah kudu nyunda!
Nu kumaha ari nyunda téh?
Nyunda, numutkeun kana hartina yén ngaregepkeun ajén-ajén kasundaan dina laku lampah tur kahirupan sapopoé.
Mun diitung mah meureun aya ratusan, boa rébuan ajénna kasundaan téh. Lain saukur basa komo pakéan.
Enya saé ngamumulé Basa Sunda, komo dina obrolan sapopoé, cenah basa sunda téh rék leungit, sabab teu diparaké ku masarakatna. Basa sunda geus jarang digarunakeun.
Tapi ulah leutik haté, hayu urang tanjeurkeun ajén-inajén kasundaan. Ngarah teu asup siloka Basa Sunda arék punah.
Dina raraga ngangkat harkat darajat Ki Sunda, mibanda karakter sunda téh lain tuluy ngajadikeun urang ngarasa diri pangunggulna. Sakabéh suku di Indonesia masing-masing miboga adat séwang-séwangan nu sarua luhungna.
Kadé tong jadi jelema nu "heureut deuleu pondok léngkah".
Tah lebah dinya, kudu terus-terusan teu meunang eureun diajar tur muka wawasan jeung élmu nu luhung ti urang keur papada urang.
Ceuk papatah mah "élmu luhung kasakti diri".
Cenah urang Sunda mah kudu nuturkeun kana opat hal dina néangan élmu, nyaéta:
1. Daluang: kitab, buku. Ieu hartina urang kudu loba maca.
2. Papada urang: maksudna diajar mah bisa ti saha waé, ulah ngabéda-bédakeun jelema tina pangkat, harta, komo deui statusna mah.
3. Kalangkang: ieu nyimbolkeun refleksi, yén urang téh kudu ngeunteung kana perjalanan hirup, boh nu sorangan atawa nu batur.
4. Haleuang: lagu, syair, seni. Loba karya seni nu bisa jadi picontoeun. Tongtonan nu bisa jadi tungtunan.
Mun lagu-lagu galau mah ulah diturutan nya??
Basa. Kecap jeung Budaya nu aya di Urang Sunda. Moal tepi ka érépeun, masih Loba kénéh mun bener-bener urang niat ngaguarna.
http://Telegram.me/urangsundaasli

Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
Lamun seug nitenan maké haté anu wening,
robahna alam majuna jaman jeung anu ngajamanana .!
Aya karempan nyaliara dina dada, aya kasedih kingkin na ati,
lewang lamun nyoréang mangsa katukang,
neuteup ka hareup asa pajeujeut ..
Teu érék ngarasa kitu kumaha atuh da .?
Nitenan pamingpin ieu nagri geus leungit kanya'ahna ka rahayat leutik,
gawéna ngan saukur diuk ucang anggé bari ngaléléwé rahayatna anu keur léwéh,
teu bisa saré alatan beuteungna lapar hayang dahar,
Pon kitu deui rahayatna loba anu geus teu ajrih lamun panggih jeung pangagung nagri, pajarkeun téh naon hormateunana da teu jadi duit.!
Rék kumaha kahareupna ieu nagri jeung bakal kumaha nasib turunan urang jaga.?
lamun masih siga ayeuna,
hukum jeung aturan dijieun kaulinan,
pamingpin gawéna milari hasil nu mucekil ngagasab hak rahayatna,
rahayatna geus pakia2 jeung dulur komo jeung batur,
pa'aing2 teu tolih ka batur nyeri anu penting aing seuri.!
Ngan hiji tempat panglumpatan tina ieu kajadian nyaéta Allah SWT Anu Maha Sagala2na .!

Aya kalangkang ringkang ngajebéngan nyurakan diri sorangan
Geuning aya tangtungan ngajirim ngabelegbeg hideung ku dosa.
Rumasa.
Jirim diri nganti panti...rénghap hirup dialas didago ku mangsa
Horéng raga bakal pindah padumukan ti dunya nya...ka kalanggengan.
Alam téh poék jeung peteng lamun dilimpudan ku méga dosa
Tapi Alam bakal caang padang narawangan asal teu anggang tina ridona Pangéran
Ngitung umur tunggu lembur,padahal jirim bakal di kubur
Naon atuh ari Dunya ?
http://Telegram.me/urangsundaasli
Geuning aya tangtungan ngajirim ngabelegbeg hideung ku dosa.
Rumasa.
Jirim diri nganti panti...rénghap hirup dialas didago ku mangsa
Horéng raga bakal pindah padumukan ti dunya nya...ka kalanggengan.
Alam téh poék jeung peteng lamun dilimpudan ku méga dosa
Tapi Alam bakal caang padang narawangan asal teu anggang tina ridona Pangéran
Ngitung umur tunggu lembur,padahal jirim bakal di kubur
Naon atuh ari Dunya ?
http://Telegram.me/urangsundaasli
Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
Inget baheula keur leutik basa nu jadi Indung meuli buah, pastina antara kuring jeung adi sok parebut pelokna.
Sakapeng kuring nu ngéléhan, sakapeng adi nu ngéléhan. Kungsi ngalaman pas Indung mawa buah ngan hiji-hijina. Tuluy dipesék. Kuring jeung adi silihlérét, da pada-pada hayang ngagorogotan pelok buah.
Ahirna nu jadi Indung nitah suten ka kuring jeung adi. Mana nu meunang, éta nu kabagéan pelok buah.
Nepi ayeuna mun pareng meuli buah, sok ngomongna buah wéh ka tukang dagang téh. Padahal mah ngaranna "buah mangga".
nyawang mangsa ka tukang
http://Telegram.me/urangsundaasli
Sakapeng kuring nu ngéléhan, sakapeng adi nu ngéléhan. Kungsi ngalaman pas Indung mawa buah ngan hiji-hijina. Tuluy dipesék. Kuring jeung adi silihlérét, da pada-pada hayang ngagorogotan pelok buah.
Ahirna nu jadi Indung nitah suten ka kuring jeung adi. Mana nu meunang, éta nu kabagéan pelok buah.
Nepi ayeuna mun pareng meuli buah, sok ngomongna buah wéh ka tukang dagang téh. Padahal mah ngaranna "buah mangga".
nyawang mangsa ka tukang
http://Telegram.me/urangsundaasli
Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
Keur usum kacang panjang di kebon mah, taya deui anu kapikir pikeun molahkeun éta hasil tatanén salian ti dijieun karédok. Kacang panjang anu meujeuhna rangu téh dikarédok, naha dijieun deungeun sangu atawa didahar karédokna wungkul. Kacang panjang anu osok dikarédok biasana mah anu ngora kénéh supaya rangu, henteu liat. Tapi lain harti anu geus kolot mah henteu bisa dikarédok. Anu geus kolot mah biasana diarah sikina wungkul, henteu jeung cangkangna da bakal liat.
Pikeun nyieun karédok kacang panjang, sadiakeun bahan-bahan kayaning cikur, bawang beureum, bawang bodas, uyah, gula, cabé jeung kacang panjang. Dina nyadiakeunana teu kudu aya kabéh. Pikeun anu henteu resep maké bawang, bisa waé henteu ditambahan ku bawang. Sadiakeun ogé coét jeung mutuna pikeun ngaréndos.
Cara nyieunna:
1. Asupkeun cikur, bawang beureum, bawang bodas, uyah, gula jeung cabé kana coét. Terus diréndos nepikeun ka lembut. Ukuran gedé jeung lobana mah gumantung pangaresep kana rasa.
2. Kacang panjang diteukteukan parondok, kira-kira sabuku ramo panjangna. Meunang neukteukan diasupkeun kana coét. Kacang panjang anu geus rada kolot (kulitna geusliat) mah henteu diteukteukan, tapi dipesék diala sikina.
3. Réndos deui kacang panjang meunang neukteukan téh sina bareulah supaya nyerep jeung galo samarana. Sina rata samarana atawa bareulah kacang panjangna.
"Hayu Ahh..

Meureun ieu anu kudu karandapan
Taya tangan pangawasa ngan ukur bisa sumerah
Sabab taya daya jeung upaya
Cimata anu jadi saksina
Basa haté jumerit ka nu maha Kawasa
Tumarima kana qodar-Na
Kokojayan dina sagara katunggaraan
Duhh..! nyakseni pisan abdi téh Gusti
Teu daya. Teu upaya hirup abdi di alam dunya
Anging ngantosan karidhoanana Gusti
Sok sanaos ati peurih. haté rajét
Abdi percanten ka nu kanyaah Gusti
Moal samata-mata Gusti ngalungsurkeun cai soca
Lamun teu disampurnakeun ku lungsurna rasa kabagja
Hamo samata-mata Gusti ngadongkapkeun rasa kanyeri
Lamun teu disampurnakeun ku dongkapna rasa kasuka..
Kokocoran rasa kanyeri
Kokocoran rasa kabagja
Moal ngaburial tina tampian haté abdi
Saupami hamo ngamuara ka nu ridho-Na Pangersa
Milik diri. Bagja awak
Abdimah mung saukur mahluk-Na
Sagala nu karandapan
Pamulas hirup anging ngantosan Ajalna.. . .

Wanci sareupna bisa jadi wanci anu kudu dijauhan pikeun jalma-jalma urang lembur, hususna pikeun barudak. Lamun wanci geus ngagayuh ka wanci sareupna, kolot-kolot biasana mah ngageroan budak-budakna pikeun geura ngarampih ka jero imah. Ulah aya budak anu kumawani ngulampreng atawa masih kénéh ulin di luareun imah. Kabéhanana kudu arasup ka imah.
Ceuk kolot mah cenah, bisi aya sandékala.
Nya biasana mah barudak téh narurut pikeun gagancangan arasup ka jero imah. Ngaringkeb wé di imah, ulah kaluar dina waktu éta.
Tapi, kaayeunakeun mah dina waktu sareupna téh lolobana mah barudak téh arinditna ka masigit. Malahan mah dina wanci saacan sareupna ogé barudak mah geus arindit ka masigit. Lamun ngulamprengna arék ka masigit mah, taya ieuh anu ngalarang kolot-kolot téh. Da ka masigit mah kolot téh osok ngajurung-jurung. Sigana mah meureunan éta sandékala téh sieuneun lamun kudu manggihan barudak anu ka masigit mah.
Béda jeung barudak anu henteu indit ka masigit. Anu henteu ka masigit mah biasa osok dicarék pikeun ngulampreng di luareun imah, kudu cicing di jero imah.
Terus, naon atuh anu ngaranna Sandékala téh?"
Ceuk kolot mah sandékala téh mahluk anu pikasieuneun. Anu dipikaresep ku éta mahluk téh nyaéta barudak. Sedengkeun ari wujudna éta mahluk téh kacida gedéna.
Sanajan kitu, nepi ka ayeuna tacan aya kabéjakeun urang lembur anu nangénan atawa manggihan éta mahluk.
Ah, Sandékala mah, éta paribasa kolot wé nyingsieunan, ngarah barudak geura arasup ka imah."
Kitu, jigana mah!"

Isuk-isuk geus meleték di palebah wétan.
Cahyana moncorong ngaliwatan sela-sela dangdaunan.
Nyaangan unggal tempat anu tadina poék.
Dina majuna waktu, isuk muru beurang.
Cicingna nérékél naék nepikeun ka luhur.
Malahan mah aya mangsa cicingna di luhureun emun-emunan.
Wanci ngagayuh ka wanci soré, pindah deui cicingna.
Tadina anu di luhureun téh turun ka lebah kulon.
Anu ahirna mah nyumput di tukangeun gunung.
Anu tadina dunya dicaangan ku cahyana, jadi poék mongkléng.
Kitu jeung kitu, unggal poé. Isuk-isuk mucunghul di lebah wétan, pabuburit surup di lebah kulon. Éta anu dipigawé ku panonpoé. Teu pernah elat, komo nepikeun ka eureunna mah. Lamun geus waktuna kudu mucunghul di lebah wétan, pasti bakal mucunghul di lebah wétan. Lamun waktuna kudu surup di lebah kulon, pasti surup di lebah kulon.
Ti wétan muru ka kulon. Tuluy tilem ka handapeun alam dunya. Panon poé téh ngurilingan alam dunya ti lebah wétan ka lebah kulon. Unggal poé kituna téh.
Ngan, naha bener anu nguriling téh panonpoé?"
Sanggeus ditalungtik reujeung naon anu dipikanyaho ku élmu pangaweruh, hususna ti sakola, anu nguriling téh lain panon poé tapi alam dunya. Lain panonpoé ngurilingan alam dunya, tapi alam dunya anu ngurilingan panon poé. Najan ku jalma anu cicing di alam dunya, karasana panonpoé anu ngurilingan alam dunya, anu sabenerna mah sabalikna.
Kabayang lamun dunya muterna téh lalaunan!
Éy, paliaas..!

Teu kabayang kumaha jadina lamun bonténg ngalawan kadu.
Uyuhan waé bonténg daékeun ngalawan kadu. Da lamun nilik kana kaayaan mah pamohalan meunangna lamun bonténg ngalawan kadu. Nilik luaranana, bonténg mah rangu. Sedengkeun ari kadu apanan sakitu ranggéténgna ku cucuk anu teuas.
Jadi, lamun bonténg ngalawan kadu téh sigana mah bonténg bakal ngalaman tatu anu kacida rohakana.
Rahayat leutik lamun kudu ngalawan jalma jegud atawa jalma anu miboga kalungguhan, bisa tumiba kana kaayaan ieu. Rahayat leutik bisa diibaratkeun kana bonténg. Sedengkeun jalma anu miboga kalungguhan bisa diibaratkeun kana kadu. Rahayat leutik mah moal meunang lamun kudu ngalawan jalma jegud. Arék dina widang nanaon ogé, susah meunangna rahayat leutik mah. Naha arék dina widang pulitik, widang ékonomi, widang hukum jeung widang séjénna, rahayat leutik mah lolobana katindes ku jalma jegud atawa jalma anu miboga kalungguhan.
Lamun nempo kaayaan, rahayat leutik mah teu bisa ngalawan ka jalma anu miboga kalungguhan. Da dina ngalawanna ogé geus jelas bakal éléhna téh. Anu bisa dipilampah téh paling ogé ngan ukur ngajerit maratan langit dina jero haté. Komo da kahirupan ayeuna mah anu diniléy téh kalungguhan, beungharna jeung jegudna jalma. Umumna jalma dihargaan kusabab miboga harta anu loba jeung kalungguhan anu luhur. Najan ajén dirina taya nanaonna, ari hartana loba mah pada mihormat.
Kualatan kitu, tibatan ngalawan tapi matak cilaka, mending cicing supaya aman jeung henteu digunasika.
Saptu lumaku
ngawujud sing tangtu
sunah kalampah pardu kalaku

Gusti… kalayan Kersana Gusti..
Angin masih kénéh ngahiliwir ngusapan haté.
Gunung-gunung masih kénéh ngajungkiring mindingan diri kuring.
Tatangkalan masih kénéh rajeg ngiuhan salira abdi.
Ombak masih kénéh daék paudag-udag nepakan raga badag.
Panon poé masih kénéh daék nguniang ti beulah wétan.
Langit masih kénéh saged ngiuhan sakabéh mahluk.
Tapi naha…
Tapi naha haté kuring masih kénéh ngabentrang lir batu karang?
Heuras kénéh lir batu cadas?
Ngabatu, ngabaketrak kacida teuasna!
Teu daék asak hampura ka sasama
Teu daék nya’ah kanu sahandapeun
Teu hormat ka nu leuwih sepuh nu pinuh karamat.
Jiga nu bakal hirup salilana
Jiga nu bakal walagri nu abadi
Padahal sehat ngan ukur saliwat
Padahal cageur ngan ukur sasampeur
Padahal ngora ngan ukur sakedét nétra
Duh Gusti, Nu Maha Suci…
Waktos téh ngan séép digorogot ku kamaksiatan abdi.
Taun ngaleungit ngan ukur dipaké teu uni jeung wargi
Bulan ilang ngan ukur ku loba catur jeung batur
Poé ngan sajorélatan dipaké ngotoran haté
éstuning taya pisan kahadéan nu bisa ngupahan diri.
Gusti..
Dina poék mongkléngna haté abdi
Abdi kakarayapan milari Panangan Gusti
Neda pamuntangan diri
Ngarah hirup pinuh ku harti
Ngarah hurip meunang ajén diri
Supados ngintip wanci ka payun teu ringrang
Supados nyawang mangsa ka tukang teu melang.
Nya teu aya deui tempat pikeun mumuntang.
Anging Salira nu Maha Wenang
Gusti..
Sajeroning abdi lamokot ku dosa
Dina hate leutik mah abdi jumerit maratan langit.
Ngocéak maratan jagat.
Dumeuheus ka Gamparan.
Mugi Anjeun maparin cahaya nu ca-ang padang
Nu bisa nyaangan jagat alam
Mugi Gusti masihan panghampura
Sabab taya deui kamulyaan
Kajabi hirup aya dina Panghampuraan.