ـ֓҉ऺـ༻❁༻ ﷽ ༺❁༺ـ֓҉ऺـ
Mangpaat anu gedé pikeun kahirupan téh nyaéta mangpaat dina hal dijadikeun pangupa jiwa: bisa dijadikeun sumber napakah. Ieu téh hartina tangkal kawung bisa dimangpaatkeun pikeun ngahasilkeun duit jeungeun bekel kahirupan. Sakumaha anu disebutkeun dina tulisan saméméhna, (ampir) sakabéhna tangkal kawung téh bisa dimangpaatkeun, ti mimiti puhu tangkal nepikeun ka tungtung daun.
Jadi tangkal kawung téh loba pisan mangpaatna.
Salian ti mangpaat pikeun sumber napakah, tangkal kawung ogé bisa nyuburkeun taneuh di sakurilingeunana. Taneuh di handapeun tangkal kawung mah biasana osok tiis baseuh. Teu anéh lamun aya kebon anu dipinuhan ku tangkal kawung, karasana téh osok tiis. Mangpaat tangkal kawung lamun ditilik tina widang ékonomi jeung widang séjénna, nyaéta:
1.Tangkal kawung bisa dijadikeun sumber gula beureum. Gula beureum tina tangkal kawung mah kacida kareueutna dibandingkeun reujeung gula tina tangkal kalapa.
2. Tangkalna bisa dijual pikeun dijieun aci.
3. Injukna bisa dijual ka tukang nyieunan sapu injuk.
4. Carulukna bisa dijieun cangkaléng.5. Langarina bisa dijieun parab domba.
6.Nyéréna bisa dijieun sapu nyéré.
7.Sarérang kawungna bisa dijieun obat éwateun/jarawat. Ogé bisa nyageurkeun tatu tapak urut kakeureut, barabak, jst.
8. Daun kawung anu ngora bisa dijieun ududeun nyaéta udud daun kawung.
9. Daunna bisa dijieun hateup saung.
10. Tangkal anu ngorana bisa dijieun humut.
11. Ruyungna tangkal kawung anu teuas bisa dipaké pikeun pérah pakarang. Imah sugu, jst.
Sedengkeun mangpaat pikeun barudak mah nyaéta:
1. Dahanna bisa dijieun momobilan.
2. Popotongan tangkal kawung anu dituar tapi teu dimangpaatkeun osok jadi tempat jaradina tunggeu. Tunggeu ook dipaké hareureuy ku barudak.
3. Langarina osok dipaké babalédogan maké nyéré. Babalédogan pajauh-jauh atawa pakeuna-keuna kana hiji hal.
Wilujeng enjing. Mugi teu janten bosen. Pami bosen mah wios teu kedah mairan. Heu heuy
Ngopi brayy kamana atuh brayy.
http://Telegram.me/urangsundaasli

Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
ـ֓҉ऺـ༻❁༻ ﷽ ༺❁༺ـ֓҉ऺـ
Gambaran sipating dina kahirupan
Mulasan lambaran dina léngkah
Nohonan tetekon dina sagala lalakon
Tengetan tanggara dina saban lampah
Nu maturan rénghap saban wanci
Ati-ati sadia saméméh datang pinasti
Tuh geura balébat geus ngajak kebat
Tong kajongjonan tong poho paliré haté
Lumampah dina jalan nu bener
Bebekelan keur jaga kahirupan langgeng
Tuh! Tempo batur geus nungtutan
Lalakon hirup geus lekasan
http://Telegram.me/urangsundaasli
Gambaran sipating dina kahirupan
Mulasan lambaran dina léngkah
Nohonan tetekon dina sagala lalakon
Tengetan tanggara dina saban lampah
Nu maturan rénghap saban wanci
Ati-ati sadia saméméh datang pinasti
Tuh geura balébat geus ngajak kebat
Tong kajongjonan tong poho paliré haté
Lumampah dina jalan nu bener
Bebekelan keur jaga kahirupan langgeng
Tuh! Tempo batur geus nungtutan
Lalakon hirup geus lekasan
http://Telegram.me/urangsundaasli
Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
ـ֓҉ऺـ༻❁༻ ﷽ ༺❁༺ـ֓҉ऺـ
*Reuceuh Bonténg*
Salian ti didahar sacara langsung atahanana, bonténg ogé bisa didahar sanggeus dipolahkeun. Salasahiji kadaharan tina bonténg anu dipolahkeun téh nyaéta Reuceuh bonténg. Reuceuh bonteng lumayan ngeunah pikeun deungeun (batur dahar) sangu.
Nyieun Reuceuh bonténg kacida gampangna, teu susah. Kari nyadiakeun bahan anu diperlukeun pikeun nyieun Reuceuhna, diantarana waé: cikur, céngék jeung uyah ditambah bawang beureum katut gula. Bahan mah gumantung kana pangaresep séwang-séwangan, arék dilengkepan atawa moal. Da pangaresep unggal jalma mah geningan béda-béda.
Bahan anu diperlukeun pikeun sasiki bonténg anu gedéna sedeng (kira-kira sagedé pigeulang leungeun):
1. Cabé rawit dua siki atawa tilu siki.
2. Cikur sasiki atawa sacukupna.
3. Saséndok leutik uyah atawa sacukupna.
4. Sasihung bawang beureum.
5. Sasihung bawang bodas.
6. Gula beureum sacukupna.
7.Bonténg dibeulah dua.
Cara molahkeunana:
1. Samara reuceuhna (cabé, cikur, uyah, bawang beureum, bawang bodas katut gula beureum) diréndos dina coét maké mutu nepikeun ka lembut.
2. Bonténg meunang meulah téh dikerokan maké séndok. Diarah jerona wungkul, kulitna mah henteu diarah. Dikerok téh supaya jadi laleutik bonténg anu direuceuhna (henteu gugurundulan galedé). Bonténg meunang ngerok diasupkeun kana coét.
3. Terus galokeun bonténg reujeung samara Reuceuhna nepikeun ka galo.
(Catetan: ukuran lobana samarana mah gumantung kana pangaresep bisa leuwih saeutik atawa leuwih loba).
Tong hilap. Kurupukan, kantenan disanguan mah.
Wilujeng nyobian.

Hayang miara kukupu ?
Teu kudu newak kukupu nu keur eunteup pasti bakal hiber.
Tapi coba melak kembang.
Otomatis Kukupu pasti bakal datang nyampeurkeun ngabukakeun jangjangna nu endah
Lain ngan kukupu nu datang,
oge nu lainna saperti,
papatong, lebah jeung sajabana, nambahan kaendahan mangrupa warna.
Kitu ogé dina kahirupan dialam dunya.
Waktu urang hayang bagja,
untung, sugema, bahagia.
Pelak we kahadean demi kahadean, babagi demi babagi.
Ahirna kabahagiaan jeung kauntungan bakal datang nuturkeun.
Lain ngan hiji,tapi bisa rébuan.
Kukituna salila urang masih dipasihan kahirupan,
yu urang ngadirikeun ,ngabangun taman-taman kembang urang, mangrupa kahadean jeung kahadean.
Nu mangpaat keur sasama. dikenang salilana.
Saperti Para Pahlawan urang nu geus melak kahadean tarohan jiwana,demi ieu NKRI.
WILUJENG DINTEN PAHLAWAN
10 NOVEMBER 2018
Ulah Carékeun Agama Jeung Nagara

Mapag kahayang
Ngajomantara ka jana pria
Geus jauh tina rame-rame dikaria
Mangsana hirup kudu bener.
Kudu daria Sagala hal.
Sagala dodoja Kudu siap sadia
Nete akar ngeumbing jangkar
Entong bangkar
Hirup kudu pinuh ku sumanget nu motekar
Komo lamun hirup diri jadi tambelar
Sanajan jalan hirup ngan saukur jadi pakacar
Ngambah sagara kahirupan nu teu datar
Loba pilihan lalakon. Nu jelas reujeung samar.
Tangtukeun pilihan. Teu meunang langsung kaluar.
Supaya pikiran jeung ingetan jadi janglar.
Sing lancar enggoning balangsiar
Muga berkah dina ihtiar
Bral...!

Jaman keur leutik anu dipikaresep téh taya deui kajaba ti mulung muncang. Balik sakola téh langsung wé ider-ideran ka kebon batur, ngahaja néangan kebon anu aya tangkal muncangan najan ngan satangkal ogé. Itung-itung bari ulin.
Anu diajakan téh tara lobaan, paling ogé duaan atawa ngan sorangan. Maksudna mah supaya ulah parebut dina mulung muncangna. Muncang anu dipulung téh apanan tacan tangtu aya anu murang, dina muragna ogé apanan tacan tangtu loba. Atuh lamun ku lobaan téh tangtuna ogé bakal parebut.
Lamun sorangan, najan moal parebut reujeung batur ogé, da asa teu puguh taya batur cacarita (sieun lamun kudu sorangan mah).
Muncang pikeun naon kitu?
Muncang anu dipulung téh biasana mah osok dikumpulkeun terus diteundeun di pipir hawu atawa parako supaya garing. Sanggeus loba tuluy dijual. Kabeneran osok aya anu néangan muncang pikeun dibeuli. Ngan tara saeutik lamun meulina téh, da kagok. Matak kudu ngumpulkeun heula muncang sina loba. Ngumpulkeun muncang sina loba hasil tina mulung mah tara sakeudeung-sakeudeung. Da anu ngaranna mulung mah tacan tangtu dina sakali mulungna bakal meunang. Aya kalana henteu meunang pisan. Dina meunangna ogé ngan ukur sababara siki.
Salian ti dijual, kadang lamun anu alus mah osok dipaké ngadu, nyaéta ngadu muncang. Muncang meunang mulung téh osok ngahaja dipilihan heula néangan muncang gendul pikeun dipaké ngadu. Buah muncang anu dijerona ngan ukur aya sasiki muncangna, dipisahkeun pikeun diberesihan reujeung dipiara supaya alus dipaké ngaduna. Sedengkeun anu eusina dua siki (muncang dampa) mah osok dikumpulkeun pikeun dijual.
Muncang nu diadukeun mah muncang jalu, sikina tunggal.
Ari sikina dua mah sok disebut muncang képé, (muncang awéwéna meureun) ilahar dipaké samara bumbu cobék, angeun Tutut, jst.
Wilujeng siang

*NADZOMAN
NABI URANG SAREREA*
1
Nabi urang saréréa,
Kangjeng Nabi anu mulya,
Muhammad jenenganana,
Arab Kurés nya bangsana.
2
Ramana Gusti Abdullah,
Ibuna Siti Aminah,
dibabarkeunana di Mekah,
wengi Senén taun Gajah.
3
Robiul awal bulanna,
tanggal kadua belasna,
April bulan maséhina,
tanggal kadua-puluhna.
4
Ari bilangan taunna,
lima ratus cariosna,
tujuh puluh panambihna,
sareng sahiji punjulna.
5
Siti Aminah misaur,
waktos babarna kacatur,
ningal cahaya mani ngempur,
di bumina hurung mancur
6
Babar taya kokotoran
Orok tos kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum seuseungitan
7
Medal Nabi Akhir Zaman
Pirang-pirang ka anehan
Sesembahan Bangsa Syetan
Kabeh pada Karuksakan
8
Nabi yuswa Lima Bulan
Geus Yasa Angkat - angkatan
Yuswana Salapan Bulan
Geus Capetang Sasauran
9
Yuswana Sapuluh Bulan
Yasa Ameng Papanahan
Ngéléhkeun Budak nu Lian
Tapi tara kumagungan
10
Parangina Kangjeng Nabi,
jatnika pinuh ku puji
pinter tur gedé kawani,
sabar nyaah ka sasami.
11
Keur opat taun yuswana,
diberesihan manahna,
nabi dibeulah dadana,
malaikat nu meulahna.
12
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana,
ngeusikeun kana manahna,
elmu hikmah sapinuhna.
13
Tuluy dada Kanjeng Nabi,
gancang dirapetkeun deui,
sarta teu ngaraos nyeri,
dicap ku Khotami Nabi.
14
Rama Nabi kacaturkeun
pupusna kacarioskeun
basa Nabi dibobotkeun
dua sasih kaunggelkeun
15
Kagenep taun yuswana
ditilar pupus ibuna
Nabi dirorok eyangna
Abdul Mutalib asmana
16
Kersana Rabbul’alamin
Kangjeng Nabi nu prihatin
yuswa dalapan taun yakin
éyangna mulih ka batin
17
Sabada wapat éyangna
Nabi dirawat Uwa na
Abi Talib kakasihna
sadérék teges ramana
18
Kangjéng Nabi sering pisan
dicandak ka Nagara Sam
sok nyandak barang dagangan
di dinya téh pajeng pisan
19
Kacatur di éta nagri
loba pandita Yahudi
sareng pandita Nasrani
nu tepang jeung Kangjeng Nabi
20
Sadayana sasauran
ieu jalmi mo nyalahan
pinabieun ahir jaman
Torét, Injil, geus ngiberan
21
Sipat Nabi panganggeusan
aya di anjeunna pisan
harita loba nu iman
ka Nabi ngangken panutan
22
Lami - Lami Kangjeng Nabi
Di Sambat ku Hiji Istri
Dagang ka Unggal Nagri
Ka untungana di bagi
23
Istri Jenengan Khodijah
Putra Huwailid katelah
Nu pang Bengharna di Mekah
Ka Nabi kalangkung nyaah
24
Siti Khodijah masrahan
Ka Nabi Barang Dagangan
Mesaroh nu Ngarencangan
Ka Nabi purah Nyarengan
25
Kacarios MeMesaroh teh
Loba pamendakna Aneh
Cicirén Nabi nu Sholeh
Matak ngagerakkeun Kabeh
26
Tatangkalan uluk Salam
Mega bodas sok Mayungan
Jeung aya cap Kanabian
Dina salirana pisan
27
Pamendak Siti Khodijah
Cocok pisan jeung Mesaroh
Akhirna Siti Khodijah
Ka Nabi mundut di Tikah
28
Harita yuswana Nabi
Salawe tahun kawarti
Ngadak - ngadak Sugih Mukti
Tapi tambah sae Ati
29
Karesepna Kangjeng Nabi
ka Gusti Allah ngabakti
di Gunung Hira maranti,
ibadahna saban wengi.
30
Di dinya jol kasumpingan,
Jibril nu nurunkeun Kur’an,
kalawan dawuh Pangéran,
Nabi didamel utusan.
31
Harita yuswana Nabi,
patpuluh taun kawarti,
diutus ku Allah pasti,
ngémbarkeun agama suci.
32
Anu iman pangheulana,
Siti Khodijah garwana,
Abu Bakar kaduana
sohabat nu pangmulyana
33
Murangkalih nu nonoman,
anu pangheulana iman,
Sayidina Ali pisan,
ka Nabi sadérék misan.
34
Jeung ari jalma beulian,
anu pangheulana iman,
Sayid Bilal kaleresan,
anu jadi tukang adan.
35
Ari lolobana pisan
ka Nabi téh ngamusuhan,
nganiaya ngajailan,
teu aya pisan ras-rasan.
36
Para Shohabat kungsi Ngalih
Ka Nagri Habsi nu teubih
Didinya Anjeuna Linggih
Kirang kenging tilu sasih
37
Samulih Shohabat ti Habsi
Kacarios Kangjeung Nabi
Kenging pohara Cocobi
Kersana nu Maha Suci
38
Uwa na sareng Garwa na
Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana
Kalima puluh tahunan
39
Geus pupus Siti Khodijah
Nikah ka Siti Saodah
Sareng ka Siti 'Aisyah
Ummil Mu'minin ka telah
40
Tidinya kersa Pangéran
Maparinan Kamulyaan
Ka Nabi nu Akhir Zaman
Kakasih nu Sifat Rohman
41
Nuju tanggal tujuh likur,
bulan Rajab nu kacatur,
runut kaol nu kamashur
Kangjeng Nabi téh disaur.
42
Dipapag ku malaikat,
nyandak burok nu k
*NADZOMAN
NABI URANG SAREREA*
1
Nabi urang saréréa,
Kangjeng Nabi anu mulya,
Muhammad jenenganana,
Arab Kurés nya bangsana.
2
Ramana Gusti Abdullah,
Ibuna Siti Aminah,
dibabarkeunana di Mekah,
wengi Senén taun Gajah.
3
Robiul awal bulanna,
tanggal kadua belasna,
April bulan maséhina,
tanggal kadua-puluhna.
4
Ari bilangan taunna,
lima ratus cariosna,
tujuh puluh panambihna,
sareng sahiji punjulna.
5
Siti Aminah misaur,
waktos babarna kacatur,
ningal cahaya mani ngempur,
di bumina hurung mancur
6
Babar taya kokotoran
Orok tos kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum seuseungitan
7
Medal Nabi Akhir Zaman
Pirang-pirang ka anehan
Sesembahan Bangsa Syetan
Kabeh pada Karuksakan
8
Nabi yuswa Lima Bulan
Geus Yasa Angkat - angkatan
Yuswana Salapan Bulan
Geus Capetang Sasauran
9
Yuswana Sapuluh Bulan
Yasa Ameng Papanahan
Ngéléhkeun Budak nu Lian
Tapi tara kumagungan
10
Parangina Kangjeng Nabi,
jatnika pinuh ku puji
pinter tur gedé kawani,
sabar nyaah ka sasami.
11
Keur opat taun yuswana,
diberesihan manahna,
nabi dibeulah dadana,
malaikat nu meulahna.
12
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana,
ngeusikeun kana manahna,
elmu hikmah sapinuhna.
13
Tuluy dada Kanjeng Nabi,
gancang dirapetkeun deui,
sarta teu ngaraos nyeri,
dicap ku Khotami Nabi.
14
Rama Nabi kacaturkeun
pupusna kacarioskeun
basa Nabi dibobotkeun
dua sasih kaunggelkeun
15
Kagenep taun yuswana
ditilar pupus ibuna
Nabi dirorok eyangna
Abdul Mutalib asmana
16
Kersana Rabbul’alamin
Kangjeng Nabi nu prihatin
yuswa dalapan taun yakin
éyangna mulih ka batin
17
Sabada wapat éyangna
Nabi dirawat Uwa na
Abi Talib kakasihna
sadérék teges ramana
18
Kangjéng Nabi sering pisan
dicandak ka Nagara Sam
sok nyandak barang dagangan
di dinya téh pajeng pisan
19
Kacatur di éta nagri
loba pandita Yahudi
sareng pandita Nasrani
nu tepang jeung Kangjeng Nabi
20
Sadayana sasauran
ieu jalmi mo nyalahan
pinabieun ahir jaman
Torét, Injil, geus ngiberan
21
Sipat Nabi panganggeusan
aya di anjeunna pisan
harita loba nu iman
ka Nabi ngangken panutan
22
Lami - Lami Kangjeng Nabi
Di Sambat ku Hiji Istri
Dagang ka Unggal Nagri
Ka untungana di bagi
23
Istri Jenengan Khodijah
Putra Huwailid katelah
Nu pang Bengharna di Mekah
Ka Nabi kalangkung nyaah
24
Siti Khodijah masrahan
Ka Nabi Barang Dagangan
Mesaroh nu Ngarencangan
Ka Nabi purah Nyarengan
25
Kacarios MeMesaroh teh
Loba pamendakna Aneh
Cicirén Nabi nu Sholeh
Matak ngagerakkeun Kabeh
26
Tatangkalan uluk Salam
Mega bodas sok Mayungan
Jeung aya cap Kanabian
Dina salirana pisan
27
Pamendak Siti Khodijah
Cocok pisan jeung Mesaroh
Akhirna Siti Khodijah
Ka Nabi mundut di Tikah
28
Harita yuswana Nabi
Salawe tahun kawarti
Ngadak - ngadak Sugih Mukti
Tapi tambah sae Ati
29
Karesepna Kangjeng Nabi
ka Gusti Allah ngabakti
di Gunung Hira maranti,
ibadahna saban wengi.
30
Di dinya jol kasumpingan,
Jibril nu nurunkeun Kur’an,
kalawan dawuh Pangéran,
Nabi didamel utusan.
31
Harita yuswana Nabi,
patpuluh taun kawarti,
diutus ku Allah pasti,
ngémbarkeun agama suci.
32
Anu iman pangheulana,
Siti Khodijah garwana,
Abu Bakar kaduana
sohabat nu pangmulyana
33
Murangkalih nu nonoman,
anu pangheulana iman,
Sayidina Ali pisan,
ka Nabi sadérék misan.
34
Jeung ari jalma beulian,
anu pangheulana iman,
Sayid Bilal kaleresan,
anu jadi tukang adan.
35
Ari lolobana pisan
ka Nabi téh ngamusuhan,
nganiaya ngajailan,
teu aya pisan ras-rasan.
36
Para Shohabat kungsi Ngalih
Ka Nagri Habsi nu teubih
Didinya Anjeuna Linggih
Kirang kenging tilu sasih
37
Samulih Shohabat ti Habsi
Kacarios Kangjeung Nabi
Kenging pohara Cocobi
Kersana nu Maha Suci
38
Uwa na sareng Garwa na
Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana
Kalima puluh tahunan
39
Geus pupus Siti Khodijah
Nikah ka Siti Saodah
Sareng ka Siti 'Aisyah
Ummil Mu'minin ka telah
40
Tidinya kersa Pangéran
Maparinan Kamulyaan
Ka Nabi nu Akhir Zaman
Kakasih nu Sifat Rohman
41
Nuju tanggal tujuh likur,
bulan Rajab nu kacatur,
runut kaol nu kamashur
Kangjeng Nabi téh disaur.
42
Dipapag ku malaikat,
nyandak burok nu k
asebat,
leumpangna téh cara kilat,
tutunggangan Nabi angkat.
43
Ti Mekah ka Baitul Maqdis,
teu lami-lami antawis,
ku jalmi henteu katawis,
Kersana Gusti nu Wacis.
44
Ti Baétul Makdis terasna,
naék tangga saterusna,
mi’raj téa kasebatna,
ka langit Nabi sumpingna.
45
Tujuh langit sadayana,
sareng aras pangluhurna,
disumpingan sadayana,
katut surga-narakana.
46
Kangjeng Nabi ditimbalan,
ku Gusti Nu Sipat Rahman,
anjeunna kudu netepan,
solat muji ka Pangéran.
47
Sadayana jalmi iman,
sami gaduh kawajiban,
solat nu lima giliran,
henteu meunang dikurangan.
48
Solat éta minangkana,
dina agama tihangna,
jalmi nu luput solatna,
nyata rubuh agamana.
49
Kacarios dina Zaman
Mi'rojna Nabi Panutan
Yuswana teh kaleresan
Lama puluh dua jalan
50
Kapir Mekah kacaturkeun,
barang Nabi nyarioskeun,
mi’raj lain dimulyakan,
anggur pada nyeungseurikeun.
51
Pada hasud ngakalakeun,
ti dinya Allah ngersakeun,
Kangjeng Nabi dialihkeun,
ka Madinah disirnakeun.
52
Para sohabat pirang-pirang,
nu buméla milu iang,
milu ngalih saabrulan,
henteu pisan sumoréang.
53
Tambih kamulyaan nabi,
di madinah asal sepi,
jadi ramé ku nu ngaji,
muji ka Nu Maha Suci.
54
Sapuluh taun lamina,
di Madinah jumenengna,
agama Islam cahyana,
gumebyar ka mana-mana.
55
Nagri Mekah di Perangan
Akhirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan
Yaqin lain Jijieunan
56
Ari yuswa Kangjeng Nabi
Genep puluh tilu pasti
Maqomna di jeuro Nagri
Madinah Nagara Suci
57
Puputrana Kanjeng Nabi
Aya Opat anu Istri
Siti Zenab nu Kahiji
Ruqoyah nu hiji deui
58
Ummi Kulsum katiluna
Siti Fatimah Bungsuna
Ari putra nu Cikalna
Sidna Qosim kakasihna
59
Sidna 'Abdullah Raina
Ibrohim nu katiluna
Eta nu genep putrana
Siti Khodijah Ibuna
60
Sidna Ibrohim Ibuna
Mariyah jenenganana
Istri ti Mesir asalna
Tah kitu turunanana
61
Putra nu pameugeut kabeh
Pupus keur Aralit keneh
Nu istri Carogena teh
Para Shohabat nu Sholeh
62
Siti Zenab Carogena
Abul'Ash Jenenganana
Siti Ruqoyah Carogena
Sidna 'Utsman mimitina
63
Geus Siti Ruqoyah Hilang
Anjeuna turun Ka ranjang
Ummi kultsum putri Lanjang
Di Tikah geuntos nu Hilang
64
Caroge Siti Fatimah
Sidna 'Ali nu katelah
Bakarromallahu Wajhah
Anu ka Mashurkeun gagah
65
Ari Putu Kanjeng Nabi
Dalapan pamegeut Istri
Siti Umamah jeung 'Ali
Ti Siti Zenab kawarti
66
Ari Sidna 'Abdullah mah
Putu ti Siti Ruqoyah
Putu tu Siti Fatimah
Aya Lima kabeh namah
67
Tilu anu pameugeutna
Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husen ka duana
Sidna Muhsin ka tiluna
68
Ummi Kulsum nu Istrina
Ka Sidna 'Umar Nikah na
Sitna Zenab ka duana
Nurut Ungeuling wartosna
69
Urang kudu Cinta ati
Ka Turunan Kanjeng Nabi
Poma ulah goreng Ati
Sumawona Hiri dengki
70
Ari mungguh Kangjeng Nabi,
nyaahna langkung ti misti,
ka umatna jaler istri,
leuwih ti sepuh pribadi.
71
Welas asih ka nu miskin,
sumawon ka budak yatim,
pada seubeuh ku paparin,
kadaharan jeung pisalin.
72
Akurna ka urang kampung,
calik satata ngariung,
tara angkuh jeung adigung,
sanajan ka urang gunung.
73
Ka nu nandang kasusahan,
gering jeung kapapaténan,
ngalayad sarta ngubaran,
ngajajapkeun ka kuburan.
74
Manis saur manis budi,
éstu mustikaning jalmi,
sajagat mo’ mendak deui,
saé rupa jeung parangi.
75
Raray lir bulan purnama,
halisna lir katumbiri,
waos lir inten widuri,
salira harum wawangi.
76
Éstu kersaning Pangéran,
lain seungit dimenyanan,
karinget pada nandéan,
diparaké seuseungitan.
77
Sakitu Nabi mulyana
Taya pisan adigung na
Angkat pungkureun Shohbatna
Kalangkung handap Asorna
78
Anggoan kersa lumayan
Najan nu geus di Tambalan
Kitu deui katuangan
Bangeut pisan di Kurangan
79
Beutah dina Kamiskinan
Lain Sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan
Ngarah karidhoan Tuhan
80
Pirang-pirang mujijatna,
tawis kanabianana,
Kur’an nu nomer hijina
mujijat nu pangmulyana.
81
Tangkal nu pérang daunna,
disiram urut abdasna,
ngadadak loba buahna,
sarta hirup saterasna.
82
Domba nu banget kuruna,
sarta lalépét susuna,
diusap ku pananganna,
ngadadak juuh susuna
83
Dina hiji waktos deui,
sahabat bet kirang cai,
teras baé Kangjeng Nabi,
mundut cai anu kari
84
C
leumpangna téh cara kilat,
tutunggangan Nabi angkat.
43
Ti Mekah ka Baitul Maqdis,
teu lami-lami antawis,
ku jalmi henteu katawis,
Kersana Gusti nu Wacis.
44
Ti Baétul Makdis terasna,
naék tangga saterusna,
mi’raj téa kasebatna,
ka langit Nabi sumpingna.
45
Tujuh langit sadayana,
sareng aras pangluhurna,
disumpingan sadayana,
katut surga-narakana.
46
Kangjeng Nabi ditimbalan,
ku Gusti Nu Sipat Rahman,
anjeunna kudu netepan,
solat muji ka Pangéran.
47
Sadayana jalmi iman,
sami gaduh kawajiban,
solat nu lima giliran,
henteu meunang dikurangan.
48
Solat éta minangkana,
dina agama tihangna,
jalmi nu luput solatna,
nyata rubuh agamana.
49
Kacarios dina Zaman
Mi'rojna Nabi Panutan
Yuswana teh kaleresan
Lama puluh dua jalan
50
Kapir Mekah kacaturkeun,
barang Nabi nyarioskeun,
mi’raj lain dimulyakan,
anggur pada nyeungseurikeun.
51
Pada hasud ngakalakeun,
ti dinya Allah ngersakeun,
Kangjeng Nabi dialihkeun,
ka Madinah disirnakeun.
52
Para sohabat pirang-pirang,
nu buméla milu iang,
milu ngalih saabrulan,
henteu pisan sumoréang.
53
Tambih kamulyaan nabi,
di madinah asal sepi,
jadi ramé ku nu ngaji,
muji ka Nu Maha Suci.
54
Sapuluh taun lamina,
di Madinah jumenengna,
agama Islam cahyana,
gumebyar ka mana-mana.
55
Nagri Mekah di Perangan
Akhirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan
Yaqin lain Jijieunan
56
Ari yuswa Kangjeng Nabi
Genep puluh tilu pasti
Maqomna di jeuro Nagri
Madinah Nagara Suci
57
Puputrana Kanjeng Nabi
Aya Opat anu Istri
Siti Zenab nu Kahiji
Ruqoyah nu hiji deui
58
Ummi Kulsum katiluna
Siti Fatimah Bungsuna
Ari putra nu Cikalna
Sidna Qosim kakasihna
59
Sidna 'Abdullah Raina
Ibrohim nu katiluna
Eta nu genep putrana
Siti Khodijah Ibuna
60
Sidna Ibrohim Ibuna
Mariyah jenenganana
Istri ti Mesir asalna
Tah kitu turunanana
61
Putra nu pameugeut kabeh
Pupus keur Aralit keneh
Nu istri Carogena teh
Para Shohabat nu Sholeh
62
Siti Zenab Carogena
Abul'Ash Jenenganana
Siti Ruqoyah Carogena
Sidna 'Utsman mimitina
63
Geus Siti Ruqoyah Hilang
Anjeuna turun Ka ranjang
Ummi kultsum putri Lanjang
Di Tikah geuntos nu Hilang
64
Caroge Siti Fatimah
Sidna 'Ali nu katelah
Bakarromallahu Wajhah
Anu ka Mashurkeun gagah
65
Ari Putu Kanjeng Nabi
Dalapan pamegeut Istri
Siti Umamah jeung 'Ali
Ti Siti Zenab kawarti
66
Ari Sidna 'Abdullah mah
Putu ti Siti Ruqoyah
Putu tu Siti Fatimah
Aya Lima kabeh namah
67
Tilu anu pameugeutna
Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husen ka duana
Sidna Muhsin ka tiluna
68
Ummi Kulsum nu Istrina
Ka Sidna 'Umar Nikah na
Sitna Zenab ka duana
Nurut Ungeuling wartosna
69
Urang kudu Cinta ati
Ka Turunan Kanjeng Nabi
Poma ulah goreng Ati
Sumawona Hiri dengki
70
Ari mungguh Kangjeng Nabi,
nyaahna langkung ti misti,
ka umatna jaler istri,
leuwih ti sepuh pribadi.
71
Welas asih ka nu miskin,
sumawon ka budak yatim,
pada seubeuh ku paparin,
kadaharan jeung pisalin.
72
Akurna ka urang kampung,
calik satata ngariung,
tara angkuh jeung adigung,
sanajan ka urang gunung.
73
Ka nu nandang kasusahan,
gering jeung kapapaténan,
ngalayad sarta ngubaran,
ngajajapkeun ka kuburan.
74
Manis saur manis budi,
éstu mustikaning jalmi,
sajagat mo’ mendak deui,
saé rupa jeung parangi.
75
Raray lir bulan purnama,
halisna lir katumbiri,
waos lir inten widuri,
salira harum wawangi.
76
Éstu kersaning Pangéran,
lain seungit dimenyanan,
karinget pada nandéan,
diparaké seuseungitan.
77
Sakitu Nabi mulyana
Taya pisan adigung na
Angkat pungkureun Shohbatna
Kalangkung handap Asorna
78
Anggoan kersa lumayan
Najan nu geus di Tambalan
Kitu deui katuangan
Bangeut pisan di Kurangan
79
Beutah dina Kamiskinan
Lain Sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan
Ngarah karidhoan Tuhan
80
Pirang-pirang mujijatna,
tawis kanabianana,
Kur’an nu nomer hijina
mujijat nu pangmulyana.
81
Tangkal nu pérang daunna,
disiram urut abdasna,
ngadadak loba buahna,
sarta hirup saterasna.
82
Domba nu banget kuruna,
sarta lalépét susuna,
diusap ku pananganna,
ngadadak juuh susuna
83
Dina hiji waktos deui,
sahabat bet kirang cai,
teras baé Kangjeng Nabi,
mundut cai anu kari
84
C
ai ngan sakedét pisan,
éstu kabéh pada héran,
Nabi neuleumkeun panangan,
dumadak tuluy manceran.
85
Cai mancer loba pisan,
ka luar tina panangan,
sela-sela ramo pisan,
cukup keur jalma réaan.
86
Kacatur Hiji Beudeuwi
Ngadoja ka Kanjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai
Sina ngomong cara Jalmi
87
Tuluy Tangkal teh di Saur
Harita ku Kanjeng Rosul
Tangkal datang ngagulusur
Akarna teh di Gugusur
88
Ngadeuheus ka Kanjeng Nabi
Uluk Salam cara Jalmi
Sanggeus kitu balik deui
Ka tempat asalna tadi
89
Badwi teh ngan kantun Héran
Ningal eta ka anehan
Tuluy bae asup Islam
Ka Nabi ngangken panutan
90
Saliana Loba deui
Mu’jizatna Kanjeng Nabi
Mun di wincik Hiji - hiji
Keur nulisna moal mahi
91
He Allah nu Sifat Rohman
Abdi Sadayana Iman
Teu Aya deui Pangéran
Lian ti Anjeuna pisan
92
Nu ngadamel Bumi 'Alam
Rawuh saeusina pisan
Nu Wajib di Ibadahan
Teu aya anu nyésa pisan
93
Sareng abdi Iman deui
Ka Sidna Muhammad Nabi
Yen eta utusan Gusti
Miwulang sadaya Jalmi
94
Nu Sifat ka percayaan
Bijaksana tur Budiman
Bener unggal sasauran
Najan Saur kaheureuyan
95
Ngémbarkeun Kanjeng Nabi téh
Ka Jalma sadunya kabeh
Dawuh Pangéran nu Shoheh
Nu Wajib di Turut nateh
96
Hurmat urang ka Anjeuna
Dina mangsa jumenengna
Sareng sa ba'da Wafat na
Eta teu aya beda na
97
Duh Gusti jungjunan abdi
Sidna Muhammad habibi
Pamugi salira nampi
Kanu hina diri abdi
98
'Abdi umat akhir zaman
Anu banget panasaran
Hoyong tepang ngadeuheusan
Seja tumut serah badan
99
Di Yaumil Akhir pamugi
'Abdi sing janten ngahiji
Sareng indung bapa 'Abdi
Ngiring Gusti ka Sawargi
*Alhamdulillaah*
*Tammat Wallaahu A'lam*
Mugi Ageung Manfa'at...
http://Telegram.me/urangsundaasli
éstu kabéh pada héran,
Nabi neuleumkeun panangan,
dumadak tuluy manceran.
85
Cai mancer loba pisan,
ka luar tina panangan,
sela-sela ramo pisan,
cukup keur jalma réaan.
86
Kacatur Hiji Beudeuwi
Ngadoja ka Kanjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai
Sina ngomong cara Jalmi
87
Tuluy Tangkal teh di Saur
Harita ku Kanjeng Rosul
Tangkal datang ngagulusur
Akarna teh di Gugusur
88
Ngadeuheus ka Kanjeng Nabi
Uluk Salam cara Jalmi
Sanggeus kitu balik deui
Ka tempat asalna tadi
89
Badwi teh ngan kantun Héran
Ningal eta ka anehan
Tuluy bae asup Islam
Ka Nabi ngangken panutan
90
Saliana Loba deui
Mu’jizatna Kanjeng Nabi
Mun di wincik Hiji - hiji
Keur nulisna moal mahi
91
He Allah nu Sifat Rohman
Abdi Sadayana Iman
Teu Aya deui Pangéran
Lian ti Anjeuna pisan
92
Nu ngadamel Bumi 'Alam
Rawuh saeusina pisan
Nu Wajib di Ibadahan
Teu aya anu nyésa pisan
93
Sareng abdi Iman deui
Ka Sidna Muhammad Nabi
Yen eta utusan Gusti
Miwulang sadaya Jalmi
94
Nu Sifat ka percayaan
Bijaksana tur Budiman
Bener unggal sasauran
Najan Saur kaheureuyan
95
Ngémbarkeun Kanjeng Nabi téh
Ka Jalma sadunya kabeh
Dawuh Pangéran nu Shoheh
Nu Wajib di Turut nateh
96
Hurmat urang ka Anjeuna
Dina mangsa jumenengna
Sareng sa ba'da Wafat na
Eta teu aya beda na
97
Duh Gusti jungjunan abdi
Sidna Muhammad habibi
Pamugi salira nampi
Kanu hina diri abdi
98
'Abdi umat akhir zaman
Anu banget panasaran
Hoyong tepang ngadeuheusan
Seja tumut serah badan
99
Di Yaumil Akhir pamugi
'Abdi sing janten ngahiji
Sareng indung bapa 'Abdi
Ngiring Gusti ka Sawargi
*Alhamdulillaah*
*Tammat Wallaahu A'lam*
Mugi Ageung Manfa'at...
http://Telegram.me/urangsundaasli
Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
ـ֓҉ऺـ༻❁༻ ﷽ ༺❁༺ـ֓҉ऺـ
Kusabab kitu, hiji jalma henteu bisa maksa jalma séjén pikeun miboga kahayang jeung pasipatan anu sarua reujeung manehna. Dina kahirupanana kudu miboga sipat silihragangan jeung silihhargaan.
Ngaragangan jalma séjén, ngahargaan nu lian.
Lamun papada jalma geus miboga pasipatan silihragangan jeung silihhargaan, kahirupan papada jalma bakal tengtrem, jauh tina pacogregan.
Dina ngaragangan jalma séjén sabenerna mah sarua reujeung ngaragangan atawa ngahargaan diri sorangan.
Hiji jalma bakal ngaragangan lamun manehna diragangan.
Hiji jalma bakal ngahargaan ka jalma anu ngahargaan.
Jadi aya kakait anu bulak-balik.
Jalma anu ngaragangan atawa ngahargaan, bakal diragangan atawa dihargaan ku jalma séjén. Jadi sabenerna mah, balik deui ka jalma-jalmana.
Lamun hayang diragangan atawa dihargaan ku jalma séjén, taya deui cara anu alus tibatan kudu ngaragangan jeung ngahargaan jalma séjénna.

Pastina sakabéh kolot pada-pada ninggalkeun warisan ka nu jadi turunanna. Boh warisan élmu, pon deui warisan harta.
Alanglangka kolot nu ngarti kana warisan nu sabenerna. Nu penting mah aya warisan wéh keur turunanna.
Jeung deui nu jadi anak sok aya nu katempuhan tina titinggal kolotna. Nu paling kasiksa mah, mun nu jadi anak kudu memeres tapak tilas kolotna.
Tapak tilas kolot nu can kapegatkeun atawa can katobatan salama hirupna, sok nurusbuwat ka nu jadi turunanna. Nu ahirna anakna nu katempuhan.
Aya sababaraha warisan kolot nu jadi beban atawa siksa keur turunanna, nyéta :
1. Tapak tilas musyrik
2. Tapak tilas nyandung
3. Tapak tilas pegat duriat
4. Tapak tilas sangsara
Lain harti nu jadi anak kudu nyalahkeun ka kolotna, mun hirupna ngalaman kitu. Tapina nu jadi anak kudu daék memeresna tina tapak tilas salah jeung dosa nu jadi kolotna. Ngarah nu jadi anak katuntut jadi anak nu soleh.
Sabab sok sanajan umur urang geus kolot gé, angger wéh disebut anak ku kolot urang mah.