URANG SUNDA ASLI
224 subscribers
1.32K photos
369 videos
26 files
800 links
Ngamumule basa sunda
Download Telegram
Ari maot téh pasti
Lamun urang maot
Kumaha???
Sieun ku maot tapi disampeurkeun
tambah umur tambah deukeut ka lawang kubur
Nganteurkeun anu maot remen ngaliwat kuburan biasa
tapi langka anu inget kana datangna ajal geusan nambah ngaréaan amal.

*OMAT ULAH GAGAL NALIKA DATANG AJAL*

#lenyeupaneun

http://Telegram.me/urangsundaasli
Ngaheruk napakuran diri nu lamokot ku dosa , rumasa tacan béla kakolot.

http://Telegram.me/urangsundaasli
Manusa diciptakeun téh jadi mahluk anu sampurna, anu ngabogaan pangleuleuwih tibatan mahluk Allah nu séjénna saperti Malaikat jeung Jin. Sampurna dina dedegan, oge sampurna dina bekel (pitrah) anu dibikeun langsung ku Allah. Manusa ngabogaan jasad anu sampurna pikeun ngalakonan hirupna di dunya. Manusa ngabogaan akal pikeun mikir jeung milih anu kudu dipilih. Manusa ngabogaan haté jeung napsu.

Manusa gubrag ka dunyana téh bari dibéré modal pikeun ngalumangsungkeun kahirupanana.

Modal anu pangmimitina dipiboga ku manusa teh nyaéta pitrah, suci beresih tina kokotor jeung sagala dosa. Kaasup dina kayakinanana ogé masih beresih, ngaku yén Pangéran manéhna téh Allah.

Tapi sanggeus gubrag ka dunya, taya anu ngajamin manéhna téh bakal tetep dina kaayaan suci beresih. Da nu ngaranna dunya mah pinuh ku gogoda. Loba jalma anu teu bisa ngajaga dirina supaya beresih tina dosa. Pangpangna ngajaga kayakinan ka Pangéranana. Loba jalma anu kasasar, katipu ku kaayaan dunya, ku kani’matan dunya.

Teu saeutik jalma anu ngorbankeun kayakinanana pikeun ngudag dunya, ngudag harta, ngudag tahta jeung wanoja.

Parandéné kitu teu saeutik ogé jalma anu bisa ngajaga kayakinanana. Sanajan dibibita ku kani’matan dunya anu sakitu matak poho kana wiwitan, kana asalna.

Manusa digubragkeun ka dunya téh tangtuna ogé ngabogaan tujuan atawa tugas anu kudu dijalankeun di dunya ieu. Da teu ujug-ujug Pangéran téh nyiptakeun ciciptaan, mun euweuh maksudna mah. Jadi manusa digubragkeun ka dunya téh pasti ngabogaan tujuan.

"Naon atuh tujuan manusa digubragkeun ka dunya téh?".

Ceuk nu hutbah basa jumaahan mah, cenah: "Manusa diciptakeun ka dunya téh supaya ibadah. Sakumaha dina Qur'an disebutkeun, yén tujuan Pangéran nyiptakeun manusa jeung jin téh taya deui pikeun ibadah. Jadi tujuan manusa hirup di dunya téh taya deui iwal ti pikeun ibadah. Mun henteu ibadah tangtuna ogé teu saluyu jeung tujuan manéhna hirup di dunya salaku manusa. Da ciciptaan Pangéran anu disebut manusa mah tugasna téh ibadah."

Subhanalloh..! Naha bener uing téh geus jadi jalma sagemlengna? Jeung geus bener ieu uing téh geus jadi wawakil Pangéran?"gerendeng jamaah

"Wallahu a'lam!" pokna ceuk nu gigireun bari nundutan

http://Telegram.me/urangsundaasli
*SAMPURASUN*

lain ngusik ula mandina
lain ngahudang macan turuna
lain ngungkit nu kamari
lain ngungkab nu baheula
rek ngaguar tutungkusan tikaruhun

amit ampun nya paralun
ka Gusti Nu Maha Agung
ka Nabi anu linuhung
Muhammad anu jinunjung
rahmat safaat kasuhun

sim kuring neda papayung
ka luhur neda papayung
papayung nu Maha Agung
ka handap neda pangraksa
pangraksa Maha Kawasa

kaler kulon kidul wetan
mugi diaping dijaring

ti luluhur ti karuhun
ti buyut ti nini aki

nu nurunkeun kabudayan
kidung pantun tembang kawih

ieu abdi sadayana
seja ngaraksa mupusti
seja ngaraksa mupusti
amit kanu mangku lembur

kanu nyungsi dinu sepi
nu keur genah tumaninah

bisi kausik keur calik
kalangkah kaliliwatan

neda agung nya haksami
kalangkah kaliliwatan

neda agung nya haksami
amit ngahudang wayangkeun

Rahayu...

http://Telegram.me/urangsundaasli
Panungtung bulan puasa
Mapag poé anu fitri
Neda jembar pangampura kalepatan dina diri,
Yu urang sami-sami silih hapunten nya dulur ogé baraya di mandalamaya
Dina wanci idul fitri urang silih lubarkeun sagala dosa,

Admin ngahaturkeun wilujeng boboran siam 1439H,
Neda dihapunten lahir-batin ogé mugia Allah SWT nampi amal
Soléh urang sadayana,
Aamiin 🙏🙏🙏

http://Telegram.me/urangsundaasli
*Quantum Healing*

Saurang Ibu nu tos yuswa sepuh, anjeunna jalmi beunghar bade operasi ratransplantasi/ cangkok ginjal kanggo neraskeun kahirupanna. margi ginjalna tos teu pungsi
Saatos proses seleksi nya aya calon donor nu cocok sareng anjeunna sacara medis. Nyaeta saurang Ibu ngora nu miskin.

Waktuna operasi kadua ibu si pasen jeung donor kudu meuting di RS keur parsiapan operasi cangkok ginjal.

Samemeh asup ka ruang Operasi Ibu beunghar hayang panggih heula jeung Ibu miskin nu ngadonor ginjalna.
Pas dihareupeun kamarna, ibu beunghar ngadenge sora Ibu donor ceurik. Pas panto dibuka ditanya ku Ibu beunghar :" Kunaon Ibu nangis?

"Abdi kapaksa jadi donor ginjal lantaran butuh artos.Caroge abdi tos pupus .Abdi kedah ngaageungkeun 3 murangkalih nu masih meryogikeun biaya sakola.

Abdi moal ngalakukeun sapertos kieu upami abdi gaduh artos.,jawab ibu donor ginjal pinuh harepan.
Nguping cariosan ibu donor , si Ibu beunghar ngarasa sedih, simpati, haru

Teu lila anjeunna nyarios :
"Kuring geus kolot , geus loba pisan nikmat dipasihan ku Allah
Sapertina kuring teu perlu deui ginjal

Lamun Allah tos nakdirkeun kuring maot jeung ieu panyakit . teu nanaon tos waktosna
Ieu tarima duit sabage sedekah ti kuring . Keur ngabiayaan hirup anjeun jeung sakola barudak . Kuring iklas jeung ieu panyakit.

Operasi ahirna dibatalkeun. Ibu beunghar jeung ibu miskin baralik ka imahna masing-masing.

Sababaraha lila ti harita, aneh si Ibu beunghar teu ngalaman masalah deui jeung pungsi ginjalna
Di cek ka RS puguh we dokter kaget lantaran ginjalna tos normal . damang

Sacara medis ieu hal teu mungkin kajadian.
Ku ikhlasna sedekah ku jumlah anu sakitu gedena.panyakit si Ibu beunghar langsung didamangkeun. kuasa Gusti Alloh
.
Para pakar kasehatan nyebutkeun yen cageurna model kieu disebut "Quantum Healing/ teu jelas mekanismena. .

Aya proses nu kajadian nu teu bisa dijelaskeun ku ilmu kadokteran.

Para ahli ngan bisa ngajelaskeun aya mekanisme psikoneuroendokrinimunologi

Mekanisme nu mimiti ti kalbu/ iman atawa pikiran nu engkena bisa ngajadikeun sistem persyarafan jeung saterusna oge ngajadikeun fungsi hormonal jeung sistem kekebalan tubuh dina nyegah atawa nyageurkeun hiji panyakit.

http://Telegram.me/urangsundaasli
Sabulan campleng urang manteng
Anu gawé atawa ngadon ngedeng
Ngambah sagara lain na impleng
Dibarung ku rasa keyeng
Jog anjog ka pajaratan
Seja mungkas bakal lekasan
Ninggalkeun sagara pangbuian
Ngambah hirup nu anyaran
Tungtung nu ditunggu-tunggu
Ayeuna geus henteu di ditu
Isukan mangsa nu tangtu
Bakal manggih poé anu saéstu

Teuteup bareubeu bungah sedih
Ngahiji na dada ngalindih
Sakeudeung deui bakal patebih
Jeung lalakon beberesih
Rasa bungah sugan jadi tanda
Lubarna sagala dosa
Pungkasna beresih tanpa ceda
Mapag poé kalawan sampurna

Ngan hiji nu dianti-anti
Rasa sedih lain sajadi-jadi
Susuganan ngajadi ciri
Taun hareup panggih deui

Wilujeng boboran siam

http://Telegram.me/urangsundaasli