Ujian Allah téh mangpirang-pirang,
nu kabéhanana téh ngamuara kana dua bentuk ujian
nyaéta antara hadé jeung goréng.
Aya ujian nu ngeuna kana awak, anak, harta banda, jabatan, kakawasaan, aqidah, jeung sajabana ti éta
Pon kitu kénéh kaasup larangan reujeung paréntah Allah éta ogé kaasup ujian
Tegesna, Agama téh minangka ujian pikeun nu ngagemna
Dina sapalih katerangan dijelaskeun, yén ujian nu beurat mah, nyaéta dimana manusa meunang kahadéan, sabab teu jarang jalma nu gagal dimana nampa kakawasaan, dimana manéhna meunang kasuksésan. Sedengkeun ujian nu pang énténg-énténgna nyaéta nu ngeunaan kana lahir urang, saperti keuna ku panyakit, kasangsaraan jeung sajabana ti éta. Tur duana minangka hiji tolok ukur Alloh dina milih hamba-Na, mana nu sabar jeung henteu dina nandangan éta ujian kasangsaraan, ogé milih hamba-Na nu mana nu syukur dina nampa kasuksésan hirup.
Kabeh bentuk ujian nu sifatna kagoréngan nu keuna ka jalma nu Mu’min bari sabar dina mayunana, maka ku Allah bakal diganjar ku bentuk dihampura dosana, nepi ka éta ujian téh jadi hiji kani’matan.
Nya kitu kénéh kabéh bentuk ujian kahadéan nu keuna ka jalma nu Mu'min bari syukur dina nampana, maka ku Allah bakal diganjar ku tambah-tambahna kani'matan
Ngan kadangkala kalolobaan jalma teu lulusna téh di mana manéhna ditibanan ujian kasuksésan hirup, misalna hasilna usaha, lobana harta banda, ningkatna kalungguhan atawa naékna jabatan, dipercaya nyepeng kakawasaan jeung sajabana ti éta.
http://Telegram.me/urangsundaasli

Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
Keun antepkeun,
Cai ngalir ka hilir nurutkeun kodratna nu salawasna milih tempat nu rada handap,
Dina legana luasna Laut
Omat ulah dihalangan ku nyocokan saluran,
Sanajan beton tulang moal kuasa nahan cai nu lembut sarta tiis ngabogaan potensi jadi sumber petaka.
Keun antepkeun
pasir jeung gunung di kaluhureunna
gomplok pinuh tatangkalan nu éndah
nampung cai hujan disimpen dijéro panampunganna
Ulah ngantepkeun garing, gersang digundulan ku hasrat sarakah sebahagan jalma nu teu paduli nasib loba nyawa ngalayang
ogé sedih sapopoé lantaran kaleungitan sumber kahirupan
Keun antepkeun daratan jeung gunungna sarta jurang gunung
jadi imah ibadah cai kahirupan keur nu hirup di alam dunya kaasup manusa
lantaran ngarubah rata sarta datar jadi lautan pasir
bakal jadi ahir ngalirna cai
Keun antepkeun laut jeung ombak sarta gelombangna
babarengan jeung hiliwirna angin nu bisa jadi topan jeung badai
maranehanna tetep babarengan tanpa kudu sarua damai di handap sorotan sang surya.
Keun antepkeun kuring, anjeun, urang kabehan dina duduluran nu teu cicing tapi teu saling mikangewa sarta dendem damai keur saeusi panghuni semesta alam.

Aya saurang budak leutik keur nyekel dua apel dileungeunna.
Indungna datang ngadeukeutan,
Bari gumujeng nanya "Sayang
Mamah nyuhunkeun hiji nya ??
Si budak ngarérét indungna, sababaraha detik,
Gancang pisan langsung ngegel dua2na apel...gantian...terus digayem
Si indung usaha nyumputkeun kahandeueulna
Gumujengna langsung luntur, ti rarayna aya rasa kuciwa,
Nepi ka si budak nyodorkeun salah sahiji apel nu geus somplak digégél tadi ka indungna,
Atoh pisan si budak mikeun apel bari seuri bungah terus ngomong :
"Nu ieu kanggo Mamah,
Margi langkung AMIS"
Jempling.....
Teu aya nu bisa diucapkeun tina biwir indungna,
Ngan gumujeng jeung bola soca nu baseuh.
📝Sing saha waé anjeun,
Sabaraha lila pangalaman jeung pangatahuan anjeun, ulah sok gancang nyangka/nilai sasama.

Nalika éta kamulyaan dilalalworakeun atawa henteu amanah dina nyepengna
Tegesna henteu sukur kana éta kamulyaan nu dipaparin ku Allah
Misalna,
Dipaparin jabatan kalah ka dipaké milampah kadzoliman,
Dipaparin kalungguhan kalah ka dijadikeun hiji alat pikeun nganteur kahayang nafsu pribadina
Nepi ka loba jalma nu sangsara
katalangsara ku akibat laku lampahna,
nya kaasup ogé jadi wawakil rahayat nu teu amanah dina ngemban amanah rahayat,
lain kamaslahatan nu dipelak tapi sabalikna kamafsadatan nu dipupuk digemuk.
Loba jangji henteu bukti
Loba catur tanpa bukur
Loba nganyenyeri batan nembongkeun bakti
Mun nyarita loba ngaatasnamakeun rahayat
Tapi dibalik tujuannana téh
rahayat ukur dijadikeun tameng pikeun nganteurkeun kahayangna jahatna wungkul
sok padahal mun seug ditanya ka maranehna rahayat nu mana nu ku manehna geus dibaréla
Nu puguh mah
Loba kénéh rahayat nu keuna ku kasangsaraan
Loba kénéh rahayat nu nu kalaparan
caritana aya program ngurangan angka kamiskinan
tapi lain kurang kamiskinan téh ieu mah kalah ka nambahan
kaasup nu nyekel programna, atawa para pajabat nu dipercaya pikeun ngalaksanakeun programna kaasup jalma miskin
Da geuningan dana nu kuduna diancokeun pikeun laksananana éta program,
ieu mah kalah kalolobaannana henteu nepi, nyangkol teuing dimana.
Tah kamulyaan nu samodél ieu nu kaasup kamulyaan nu teu aya ridho ti Allah. Tegesna, bisa disebut mulya mungguh manusa, tapi hina mungguhing Allah.
Komo deui mun seug meunangna kamulyaan ku jalan henteu wajar
kayaning meunang maksa mirusa nu puguh mah éta hak batur
tapi direbut ku jalan nandasa atawa ngadzolim, atawa ngahontalna éta kamulyaan teh ku jalan meunang nyogok jeung sajabana ti éta,
ieu hal ogé kaasup kamulyaan nu mungguhing Allah hina.
Kamulyaan-kamulyaan samodél kitu téh kaasup kamulyaan nu palsu
kamulyaan nu semu bari nipu
Nu hasilna lain kabagjaan tapi kamadharatan.
Malah nu matak jadi hariwang mah kamulyaan éta bisa nganteur ka diri jalma nu mibandana tumuwuhna sifat kasombongan, sifat katakaburan, asa aing, adigung kumalungkung
Mun seug geus kitu, maka manjing kana Dawuhan Allah dina Hadits Qudsi:
"Saban-saban kamulyaan nu henteu aya ridho Allah, maka hakékatna hal éta téh hina"

Hiji waktu Udin nanya ka Ibuna
IBU, naha Ibu rajin ngadu'a,
padahal kaayaan ekonomi urang tetep wé
Miskin?
Naon nu Ibu kenging ku seringna Ibu ngadu'a ka Gusti Allah?
Si ibu ngawaler:
Anaking, Ibu teu kenging nanaon
Malahan Ibu seueur nu leungit.
Tapi.......
IBU rék ngabéjaan naon waé nu leungit, Udin"
Sihoréng nu leungit téh :
▶ Kakhawatiran
▶ Amarah
▶ Deprési
▶ Kuciwa
▶ Nyeri-haté
▶ Karakusan
▶ Katamakan
▶ Mikangéwa
▶ Kaadigungan
Réngsé ngadu'a ibu jadi tenang, adem.
Teu salawasna jawaban du'a urang lain naon nu urang tarima
Tapi .....
Naon nu leungit tina kahirupan urang Anaking"

Justru Alloh mah Adil
Lenyepaneun mung kanggo urang éta téh,
Kantun lenyepan ku urang panginten
Margi bilih urang dugi ka kufur nikmat
Sanes kanten parantos di atur di gilir bagja sareng susah hamba hamba na

Hirup baris aya dina kahuripan
Asal taat kana saratna
Tong boga sipat
NGEDUL, WADUL jeung RAHUL
Tapi kudu ngabogaan sipat
GOTONG ROYONG, NYAAHAN, BÉRÉHAN jeung BABADANTENAN
Hayang hurip henteu meunang
loba HÉÉS jeung kecap HÉSÉ
Kudu tetep teuneung jeung ludeung
Utamakaeun heula atikan SIRAH. HATÉ jeung LEUNGEUN
Sabab dina ngalakonan hirup
Salawasna kudu ngabiasakeun diri
Saméméh ngaléngkah haténa kudu miheulaan
Jeung saméméh nyarita haténa kudu geus ngomong leuwih ti heula
Paribasa..!!
Kaduhung tara tiheula
Nu matak ulah nungtun domba
Anggur giringkeun bari gebug bujurna
Ceuk Éyang Takokak nu Dombana kabur teuing kamana.

Ibadah lamun teu cumpon élmu anu 3 moal jadi dangdanan,
Paingan di wajibkan Tholabul'ilmi ti mimiti lahir dugi ka maot supaya:
Shidiq dina ibadah téh,
Amal anu di pigawé ku anggota dhohir saperti ubudiyah solat, puasa jeung sajabana, éta kedah di atur ku élmu fiqih élmu anu ngatur kana tata cara ibadah supaya ngabuahken SAH na ibadah
Shidiq dina ubudiyah,
Éta amal qolbu/amal haté anu kudu di élmuan ku elmu tasowuf, élmu tasowuf téh élmu anu ngatur kana pertingkahna NAFSU,
Pan nafsu téh aya 7,
sapertos Amaroh, lawamah mulhamah, mut'mainah, rodliyah, mardliyah, kamilah, élmu tasowuf téh élmu anu ngatur supaya BENERNA TUJUAN dina ubudiyah sapertos ;
dina amal ulah ka campuran ku RIYA, PANGARAHAN, UJUB sareng sajabana,
Tapi dibeberes dina ubudiyah téh supaya ikhlas, ridlo, sobar, tawakal dlln,
supaya bisa ngahasilken kana MAQBULNA ubudiyah
Shidiq Abudah téh nyaéta
Amal bagéan rohani/sirr,anu éta amal rohani teh Piken ngabébérés ITIQOD/KAYAQINAN/KA TAUHIDAN nalika migawé ibadah supaya dina nalika ibadah ulah boga TEKAD, boga KAYAQINAN, bahwa DIRI anu bisa ibadah, diri anu boga gawé diri anu boga kadaék jeung sabangsana AKUAN DIRI, bahwa si diri anu bisa amal, ieu Abudah téh tingkah rohani, patékadan rohani téh kudu di élmuan ku élmu TAUHID
jadi nalika amal téh kudu ditékadkeun diyakinkeun lain diri anu bisa amal lain diri anu boga daék amal, tapi ALLOH anu ngabisaken kana diri bisa amal ALLOH anu ngersakeun daék amal ALLOH anu ngabisakeun diri ibadah jadi bersih kayaqinan"Sihatul 'aqidahna, tah ieu tingkah rohani anu di elmuan ku elmu TAUHID téh supaya bisa ngabuahkeun kana MA'JUR na DIGANJARNA amal
Jadi amal ibadah manusa téh kudu nyumponan anu 3:
1. Amal jasad
2. Amal haté
3. Amal rohani/sirr
Ibadah, ubudiyah, abudah
Janten anu di sebut amal sholeh téh anu ngakuran kana tilu pertingkah;
1. Shohihul ibadah, bener tata cara ibadah anu diatur ku élmu fiqih
2. Sihatul Aqidah beresih ka tauhidana/ka ma'rifatana patékadan/kayaqinan ngan Alloh wungkul anu kagungan sifat WAHDANIYAT dina Af'alna, Sifatna, Dzatna
3. Ahlaqul karimah, beresih tujuan amalna ngan samata" milari karidloan ALLOH
élmuna 3:
fiqih, tasowuf, tauhid
Pangkatna ogé 3
Abidin, Zahidin, Arifin

Kadang kebek ku panasaran
Sedeng pikir mah teu ieuh niténan
Naon nu disanghareupan
Naon nu keur dilakonan
Tangtungan diri asa teu robah-robah
Tapi naha kalangkang
Méh saban poé gantina
Malah sababaraha kalina
Hirup loba ku cenah jeung meureun
Kahayang ngarep susuganan
Padahal isuk teuing pagéto
Boa maot mah ayeuna
http://Telegram.me/urangsundaasli
Sedeng pikir mah teu ieuh niténan
Naon nu disanghareupan
Naon nu keur dilakonan
Tangtungan diri asa teu robah-robah
Tapi naha kalangkang
Méh saban poé gantina
Malah sababaraha kalina
Hirup loba ku cenah jeung meureun
Kahayang ngarep susuganan
Padahal isuk teuing pagéto
Boa maot mah ayeuna
http://Telegram.me/urangsundaasli
Telegram
URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda