This media is not supported in your browser
VIEW IN TELEGRAM
AINK MUNDUR AINK SADAR
ᮃᮄᮔ᮪ᮾ ᮙᮥᮔ᮪ᮓᮥᮁ ᮃᮄᮔ᮪ᮾ ᮞᮓᮁ
ᮃᮄᮔ᮪ᮾ ᮙᮥᮔ᮪ᮓᮥᮁ ᮃᮄᮔ᮪ᮾ ᮞᮓᮁ
This media is not supported in your browser
VIEW IN TELEGRAM
Dijiguran Heula yeuh, Tegep usum hujan mah geura!
@urangsundaasli
ᮓᮤᮏᮤᮌᮥᮛᮔ᮪ ᮠᮩᮜ ᮚᮩᮂ, ᮒᮨᮌᮨᮕ᮪ ᮅᮞᮥᮿ ᮠᮥᮏᮔ᮪ ᮙᮂ ᮌᮩᮛ!
@ᮅᮛᮀᮞᮥᮔ᮪ᮓᮃᮞᮣᮤ
@urangsundaasli
ᮓᮤᮏᮤᮌᮥᮛᮔ᮪ ᮠᮩᮜ ᮚᮩᮂ, ᮒᮨᮌᮨᮕ᮪ ᮅᮞᮥᮿ ᮠᮥᮏᮔ᮪ ᮙᮂ ᮌᮩᮛ!
@ᮅᮛᮀᮞᮥᮔ᮪ᮓᮃᮞᮣᮤ
This media is not supported in your browser
VIEW IN TELEGRAM
Panggeuing Batin
Hayu dulur…. Urang eling, Eling ka purwadaksi. Na urang teh asal timana
Aduh …. Sare’atna ibu rama anu kedah di dama dama
Ku macara migawena. Disarengan ka Gustina
Nu ngayakeun urang sadaya. Ari mungguh hakikatna wungkul
Ku pangersa amal singkah kana jalan anu goreng. pigawe jalan anu hade
@urangsundaasli
ᮕᮀᮌᮩᮄᮀ ᮘᮒᮤᮔ᮪
ᮠᮚᮥ ᮓᮥᮜᮥᮁ…. ᮅᮛᮀ ᮈᮜᮤᮀ, ᮈᮜᮤᮀ ᮊ ᮕᮥᮛᮭᮓᮾᮞᮤ. ᮔ ᮅᮛᮀ ᮒᮨᮂ ᮃᮞᮜ᮪ ᮒᮤᮙᮔ
ᮃᮓᮥᮂ …. ᮞᮻ’ᮃᮒ᮪ᮔ ᮄᮘᮥ ᮛᮙ ᮃᮔᮥ ᮊᮨᮓᮂ ᮓᮤ ᮓᮙ ᮓᮙ
ᮊᮥ ᮙᮎᮛ ᮙᮤᮌᮝᮨᮔ. ᮓᮤᮞᮻᮍᮔ᮪ ᮊ ᮌᮥᮞ᮪ᮒᮤᮔ
ᮔᮥ ᮍᮚᮊᮩᮔ᮪ ᮅᮛᮀ ᮞᮓᮚ. ᮃᮛᮤ ᮙᮥᮀᮌᮥᮂ ᮠᮊᮤᮊᮒ᮪ᮔ ᮝᮥᮀᮊᮥᮜ᮪
ᮊᮥ ᮕᮍᮨᮁᮞ ᮃᮙᮜ᮪ ᮞᮤᮀᮊᮂ ᮊᮔ ᮏᮜᮔ᮪ ᮃᮔᮥ ᮌᮧᮻᮀ. ᮕᮤᮌᮝᮨ ᮏᮜᮔ᮪ ᮃᮔᮥ ᮠᮓᮨ

Rék teu HEURAS GENGGERONG kumaha, atuda isuk isuk geus sasarap anu kieu
@urangsundaasli
ᮛᮦᮾ ᮒᮩ ᮠᮩᮛᮞ᮪ ᮌᮨᮀᮌᮨᮛᮧᮀ ᮊᮥᮙᮠ, ᮃᮒᮥᮓ ᮄᮞᮥᮾ ᮄᮞᮥᮾ ᮌᮩᮞ᮪ ᮞᮞᮛᮕ᮪ ᮃᮔᮥ ᮊᮤᮉ
@ᮅᮛᮀᮞᮥᮔ᮪ᮓᮃᮞᮣᮤ
@urangsundaasli
ᮛᮦᮾ ᮒᮩ ᮠᮩᮛᮞ᮪ ᮌᮨᮀᮌᮨᮛᮧᮀ ᮊᮥᮙᮠ, ᮃᮒᮥᮓ ᮄᮞᮥᮾ ᮄᮞᮥᮾ ᮌᮩᮞ᮪ ᮞᮞᮛᮕ᮪ ᮃᮔᮥ ᮊᮤᮉ
@ᮅᮛᮀᮞᮥᮔ᮪ᮓᮃᮞᮣᮤ
This media is not supported in your browser
VIEW IN TELEGRAM
Kahadé malam ayeuna kadon nanggeuy gado nya hujan nya tiris, kudu aya ijin tertulis ti istri kangggo ehhhmmm..😬
Cikopian wa méh kasép 😬
@urangsundaasli
ᮊᮠᮓᮦ ᮙᮜᮿ ᮃᮚᮩᮔ ᮊᮓᮧᮔ᮪ ᮔᮀᮌᮩᮚ᮪ ᮌᮓᮧ ᮑ ᮠᮥᮏᮔ᮪ ᮑ ᮒᮤᮛᮤᮞ᮪, ᮊᮥᮓᮥ ᮃᮚ ᮄᮏᮤᮔ᮪ ᮒᮨᮁᮒᮥᮜᮤᮞ᮪ ᮒᮤ ᮄᮞ᮪ᮒᮢᮤ ᮊᮀᮌ᮪ᮌᮧ ᮈᮂᮂᮠ᮪ᮙ᮪ᮙ᮪ᮙ᮪..😬
ᮎᮤᮊᮧᮕᮤᮃᮔ᮪ ᮝ ᮙᮦᮂ ᮊᮞᮦᮕ᮪ 😬
@ᮅᮛᮀᮞᮥᮔ᮪ᮓᮃᮞᮣᮤ
Cikopian wa méh kasép 😬
@urangsundaasli
ᮊᮠᮓᮦ ᮙᮜᮿ ᮃᮚᮩᮔ ᮊᮓᮧᮔ᮪ ᮔᮀᮌᮩᮚ᮪ ᮌᮓᮧ ᮑ ᮠᮥᮏᮔ᮪ ᮑ ᮒᮤᮛᮤᮞ᮪, ᮊᮥᮓᮥ ᮃᮚ ᮄᮏᮤᮔ᮪ ᮒᮨᮁᮒᮥᮜᮤᮞ᮪ ᮒᮤ ᮄᮞ᮪ᮒᮢᮤ ᮊᮀᮌ᮪ᮌᮧ ᮈᮂᮂᮠ᮪ᮙ᮪ᮙ᮪ᮙ᮪..😬
ᮎᮤᮊᮧᮕᮤᮃᮔ᮪ ᮝ ᮙᮦᮂ ᮊᮞᮦᮕ᮪ 😬
@ᮅᮛᮀᮞᮥᮔ᮪ᮓᮃᮞᮣᮤ
This media is not supported in your browser
VIEW IN TELEGRAM
Sehat teras bah 😃
Pake headset gaes 😁
@urangsundaasli
ᮞᮨᮠᮒ᮪ ᮒᮨᮛᮞ᮪ ᮘᮂ 😃
ᮕᮊᮨ ᮠᮨᮃᮓ᮪ᮞᮨᮒ᮪ ᮌᮈᮞ᮪ 😁
@ᮅᮛᮀᮞᮥᮔ᮪ᮓᮃᮞᮣᮤ
Pake headset gaes 😁
@urangsundaasli
ᮞᮨᮠᮒ᮪ ᮒᮨᮛᮞ᮪ ᮘᮂ 😃
ᮕᮊᮨ ᮠᮨᮃᮓ᮪ᮞᮨᮒ᮪ ᮌᮈᮞ᮪ 😁
@ᮅᮛᮀᮞᮥᮔ᮪ᮓᮃᮞᮣᮤ
This media is not supported in your browser
VIEW IN TELEGRAM
Areureunnn heula ieuhhh....🗣🗣
Pondasian heula nya saméméh lanjut leledokan deui tandur disawah sisi lembur,
teu noléh kana rupa jeung rasa, sok sanajan laukna ngan ukur sambel,lalab jeung hulu peda tapi nikmatna teu aya duana 😋😘
@urangsundaasli
ᮃᮛᮩᮛᮩᮔ᮪ᮔ᮪ᮔ᮪ ᮠᮩᮜ ᮄᮉᮂᮂᮠ᮪....🗣🗣
ᮕᮧᮔ᮪ᮓᮞᮤᮃᮔ᮪ ᮠᮩᮜ ᮑ ᮞᮙᮦᮙᮦᮂ ᮜᮔ᮪ᮏᮥᮒ᮪ ᮼᮼᮓᮧᮊᮔ᮪ ᮓᮩᮄ ᮒᮔ᮪ᮓᮥᮁ ᮓᮤᮞᮝᮂ ᮞᮤᮞᮤ ᮼᮿᮘᮥᮁ,
ᮒᮩ ᮔᮧᮜᮦᮂ ᮊᮔ ᮛᮥᮕ ᮏᮩᮀ ᮛᮞ, ᮞᮧᮾ ᮞᮔᮏᮔ᮪ ᮜᮅᮾᮔ ᮍᮔ᮪ ᮅᮊᮥᮁ ᮞᮿᮘᮨᮜ᮪,ᮜᮜᮘ᮪ ᮏᮩᮀ ᮠᮥᮜᮥ ᮕᮨᮓ ᮒᮕᮤ ᮔᮤᮊᮬᮒ᮪ᮔ ᮒᮩ ᮃᮚ ᮓᮥᮃᮔ 😋😘

*Indung jeung Anak*
“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.
“Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab
indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah
sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa
nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju.
Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.
“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,”
ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani
ngembang céngék.
“Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri
heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé,
basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna
mah ti payun,” pokna.
“Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung
turun tina mobil.”
“Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.
“Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun
téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.
“Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tatakrama téh
mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh
sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naék-
turun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké
papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat
ka hareupeun jalma...,” ceuk indungna, ngécéskeun.
“Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”
“Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun
salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”
“Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki
panasaran.
“Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan
anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu
jeung situasina.”
“Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral...
kumaha?” lanceukna milu nanya.
“Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang
kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh,
lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun
pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.
“Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit
sual éta,” jawabna.
“Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara
raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian
tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta
ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,”
ceuk indungna, “Tos heula, nya...Mamah badé salat asar
heula.”
*B. Medar Paguneman*
Wacana “Indung jeung Anak” di luhur téh mangrupa
paguneman (dialog) antara Atia, lanceukna (Tétéh), jeung
indungna. Ari nu jadi bahan gunemanana nyaéta ngeunaan
tatakrama dina kahirupan sapopoé nu kapanggih waktu
piknik ka Maribaya. Lamun seug dibaca kalawan lentong
anu merenah, karasa ayana suasana loma tapi santun.
Dina paguneman, lentong (luhur handapna sora) jadi
karasa pentingna, malah bagian tina tatakrama ogé.
Salian ti lentong, dina paguneman kudu
diperhatikeun ogé tatakrama basana nu ngawengku basa
lemes jeung basa loma. Basa atawa kekecapan nu dipaké
dina wacana di luhur sagemblengna ngagunakeun basa lemes. Naha kudu salilana dina guneman atawa obrolan ngagunakeun basa lemes? Ah nya henteu, gumantung
jeung saha urang ngobrolna. Ari ngobrol jeung babaturan
nu geus dalit mah meunang maké basa loma saperti indit,
saré, dahar ogé. Dina harti, sok sanajan tatakrama basa
téh tujuanana pikeun silihajénan, lain hartina maké basa loma teu ngajénan.
Salian ti kudu merhatikeun lentong jeung tatakrama
basa (undak-usuk basa), dina paguneman ogé kudu
dibarengan ku rengkuh jeung pasemon anu merenah. Ieu
ogé diluyukeun kana waktu jeung situasina. Cindekna,
jeung saha urang ngobrol (babaturan, sahandapeun, atawa saluhureun) kaasup dina situasi kumaha-kumahana kudu diluyukeun kana rengkuh katut pasemon anu merenah.
Situasi urang keur ambek tangtu boh basa boh rengkuhna
bakal béda upama dibandingkeun jeung situasi séjén,
upamana waé dina diskusi.

C. Metakeun Paguneman
Ieu aya paguneman tina drama Juag Toéd beunang
Yoséph Iskandar. Perhatikeun cara nulisna, terus banding-
keun jeung cara nulis dina wangun lancaran tadi di
luhur.
Hég petakeun ku genepan (Opang, Lurah Kongsi,
Demang, Patinggi, Panjak, Nyi Ronggéng) bari dibaca
naskahna. Lentong nyaritana sing merenah luyu jeung
watek/karakter palaku anu kagambar ku urang dina
paguneman. Bagilir baé di hareupeun kelas! Kadé, ungkara
nu aya di jero kurung mah ulah dilisankeun, da éta mah
pituduh keur sutradara jeung pamaén.
Opang : Lurah kongsi! Tong panjang teuing atuh pidatona!
Singet wé singet! Geuwat pungkas!
Lurah Kongsi : (Bari ngajenghok terus ngeleper) Ju...juragan Demang
anu kahurmat, Juragan Patinggi anu kahurmat,
Juragan...
Opang : Kalah balikan deui! Geuwat pungkas!
Lurah Kongsi : Ju...ju...juragan Pungkas anu kapungkas...
Opang : Naon tatéh naon? Kalah ka beuki ngaco!?
Lurah Kongsi : Ju...ju...jur...juriiig! (Bari naplékan biwirna sorangan
bawaning ku keuheul). Naha biwir téh jadi kieu?
(Ka gegedén). Duh juragan Demang, neda hampura,
janten macét kieu....
Demang : (Bari imut wibawaan) Keun baé. Teu kudu inggis.
Sakitu gé lumayan aya soraan kénéh. Ngan tangtu
di Kadaleman mah kudu daria tur lungsur- langsar.
Bisa teu kira-kirana biantara hareupeun Dalem?
Lurah Kongsi : (Bari hulang-huleng bingung) Pa...payuneun
Dalem?
Demang : Enya. Tah biantara bieu téh kaasup latihan. Di
mamana gé kasebut pingpinan rombongan mah
kudu bisa biantara. Sanggup teu?
Lurah Kongsi : (Bari gideug) Teu...Teu sanggem, manawi....
Patinggi : (Mairan). Ari geus? Saha nu bakal ngawanohkeun
ieu kasenian hareupeun gegedén?
Lurah Kongsi : (Bari rarat rérét ka panjak) Saha nya?
Panjak : Keun uing wé lah! Pira gé nyarita?!
Patinggi : Alus! Saha ngaran?
Panjak : Isin.
Patinggi : Éra ku saha?
Panjak : Ah henteu.
Patinggi : Naha atuh nyebut ngaran-ngaran baé bet éra? Can
nanaon geus éra! Komo engké payuneun Dalem?
Geus tong éra-éra, pok sebutkeun, keun baé goréng
ogé da lain salah silaing, tapi salah bapa silaing nu
méré ngaran. Pok sebutkeun, saha ngaran silaing.
Panjak : Sumuhun...Isin! Ari Isin mah nya Isin wé Juragan.
Naha bet asana téh kabina-bina teuing? Piraku kudu
diganti mah? Balikanan diganti matak hapa hui! Isin
wé Juragan, ka sasaha ogé sok Isin baé. Tah taroskeun
ka Lurah Kongsi, uing téh Isin nya Kang?
Lurah Kongsi : Enya..., kitu pisan. Tapi mémang jadi lieur jangar.
Kudu kumaha atuh nya? Kieu wé atuh Sin, Jang Isin
langsung baé biantara, ngawakilan Akang. Keun
urusan buruhanana mah, sa deui. Asal Jang Isin bisa
nebus wiwirang Akang. Pok Sin geura mimitian.
Opang : (Barakatak téh seuri ngeunah, dirina ngarasa nu
pangheulana ngarti). Hahah....hahah....héhéh...ngarti
ayeuna mah, ngarti.
Patinggi : Ari silaing kasurupan, Opang? Teu puguh pasualan-
ana, bet ujug-ujug ngarti?
Opang : Kieu Juragan... atawa kieu wé.... (Ka Panjak) Sinnnn!
Panjak : Kawulanun Juragan...
Opang : Isssiiinnnnnnnn...
Panjak : Dawuh timbalan, Juragan...
Opang : (Ka Patinggi). Tah kitu Juragan!
Patinggi : Ooooooo...jadi éta jalma téh ngaranna Si Isin...
Demang : Sin!
Panjak : Dawuh timbalan Juragan...
Demang : Keur nyingget waktu. Pok geura mimitian. Singet,
jéntré, panceg!
Panjak : (Sonagar) Kum teu diwiji-wiji! Ménta hampurana!
Ménta pidungana! Ménta salamet! Ménta sing
saregep! Ménta tenang! Ménta tong ribut! Ménta...
Demang : Geuning loba paménta silaing mah Sin? Nu bener ah!
Piraku biantara kawas kitu patut? Cik balikan deui!
Panjak : Kum teu diwiji-wiji. Ka kabéh parasadérék nu rarodék.
Aéh. Pokona mah ieu biantara téh teu bisa ditujulkeun
ka sing saha baé. Kitu deui ka Juragan Demang, ieu
biantara téh teu bisa ditujulkeun. Kitu deui ka Bapa
Lurah nu aya di Kampung Legok Hangseur. Ogé
ka Jang Ulis di Ranca Gagak. Sumawonna ka Mang
Lebé di Bojong Éntog. Teu, ieu biantara téh teu bisa
ditujulkeun. Kitu deui ka...
Demang : Menggeus! Jadi ngadalang silaing mah! Ganti!
Nyi Ronggéng : (Bari rusuh norojol hariweusweus) Abdi J