SUNDLE
18 subscribers
141 photos
19 videos
45 links
ㅤㅤㅤㅤ ㅤ𝐒𝐔𝐍𝐃𝐀 𝐒𝐓𝐘𝐋𝐄
ㅤㅤㅤㅤ BBM, O2 JUNI 2O15

ㅤ ╔═════════════╗
ㅤㅤ𝗦𝗔𝗘𝗨𝗧𝗜𝗞 𝗚𝗘 𝗪𝗔𝗡𝗜!🤘ㅤㅤ
ㅤ ╚═════════════╝

ㅤㅤㅤㅤㅤ₪ krisar/pengaduan
ㅤㅤㅤㅤㅤㅤ @SSTYLE_BOT
Download Telegram
AYAH BARU
by: v.ardyas

Kumaha damang? Kangen ga sama aing yg ganteng ini? Hehe henteu. Guys ini special buat 500+ sebskraiber anjig mantap kalian :)
Mau cerita ini we yang masih haneut, pas kemarin nginep di kosan Paky, ih kela bosen teu sih maraneh urang bahas Paky tuluy da maap aing mah udah kaya siki-kanjut sama dia mah selalu berdua :(
Lanjut. Paginya si Paky larang aing pulang, katanya bapa dia teh mau datang ke kosan. Yaudah nurut we hayang oleh-oleh ti lembur si Paky. Jam 2 siang ahirna aya nu keketrok, aing lah yang bukain karna si Paky lagi di WC. Bener gening bapana si Paky..
B : ehh saha ieu teh? Ai paky na mana?
A : hhe rerencanganna paky pak, kaleresan paky na nuju ka jamban /bari ridu mantuan ngangkat kantong/
B : haduh ngesang kieu babeh, cik cai jang!
A : mangga pak sakedap
Ajig aral, bapana sarua rudet siga si Paky :( untung we tidinya si Paky datang
P : eh beh apal keneh jalan gening, eta beh dyas teh nu sok mondok wae di Paky.
*Goblog maehan aing :(
B : ohhh sohib si Paky geningan, ah nitipnya ieu budak cenah apal Bandung! atuh ngobrol tatadi teh jang! Babeh we nya yeuh anggap bapa kadua.. Sok ulin atuh ka Cianjur tereh kawin gera
A : oh muhun siap beh, sok diajak momotoran da mung tara masihan ongkos bensin Paky mah
B : HAHAHA TUMAN
A : muhun hahaha
P : /ngajedog asa dianak tirikeun/
Singkatna aing pamit balik, cape ngobrol sama Paky dan bapanya. Gening mereka berdua sama-sama asik. Di motor aing ngebayangin mereka tuluy pas hereuy, senyum sendiri aing ingetnya. Tiba-tiba wajah bapa kandung aing kebayang. Senyum aing yang tadi berubah jadi senyum miris..

Udah dulu, ingin bikin disco ini jadi ada pt.2 nya.. Biar penasaran.. Hehe btw ada aing di trans7 guys make lekbong
#DISCO
UNDAK - USUK BASA SUNDA

Undak usuk basa nyaéta tatakrama basa. Tujuan ayana tatakrama Basa Sunda nyaéta pikeun silih hormat atawa ajénan jeung papada jalma. Omongan kakara disebut hormat upama dibarengan ku : lisan, pasemon, rengkuh, jeung lentong.

Sacara gurat badagna, dipasing-pasing jadi :

Basa Kasar – Dipaké lamun urang ngobrol jeung nu geus loma. (dipake saat ngobrol dengan sebaya atau sudah akrab)

Basa Sedeng – Basa lemes keur diri sorangan nalika urang nyarita ku basa lemes. (dipake untuk kita sendiri yang bercerita dan saat keadaan formal)

Basa Lemes – Basa lemes keur ka batur nalika urang nyarita ku basa lemes (dipake untuk ditujukan ke orang lain, orang lebih tua)

Tah dina Gambar di luhur téh mangrupa conto nu tos dipilihan ku admin. Eta kekecapan nu biasana dipake dina kahirupan sapopoé.
Atuh ai tos apal kana élmu na mah mugia ku pamaca téh bisa di praktékeun di kahirupan sapopoéna.
Cing mangpaat!
#SUNDLEARN
Sok aneh teu sih nyaah ka batur padahal urang ge teu kenal bener jeung maneh na
Budak roleplayer sih pasti teu aneh jeung ieu masalah mah
Boh "tak bisa mengutarakan karena kita hanya teman"
Boh "tak bisa lebih dekat karena sebatas bermain peran"

Tapi saha nu apal? Da perasaan ngan bisa di telan ku sorangan.
Inget wae ka nu geus puguh jauh.
Tapi kanyaah teu kungsi di bebenah.
#ROSTRA
Kustian-Ema
sangkuriang99
spesial hari ibu, aya tembang ti kustian ka pun ema nu dipikanyaah. sok dari sekarang mah jangan hararese kalau dititah gegeroh, nyeuseuh, komo ka warung pira meser cikur mah. buktikan kalau kalian lebih berguna dibanding tupperware kesayangan bunda, ok?!

#SLANK
Doel Sumbang - Lirik (Video Lirik by LIRIK MOD)
Runtah
panonna alus, irung alus, biwir
alus. ditempo ti hareup ti gigir meni mulus. ngan hanjakal pisan kalakuan siga setan. sigana mah ngarasa asa aing hade rupa. geblek hirup daek jadi runtah.


#SLANK
Sundanese traditional music (West Java)
Ayun Ambing
mepende hate
mepende anu cape
mepende anu nembe
marulih gawe
mepende sangkan
enggal geura sare
wilujeng leleson

#SLANK
AYAH LAMA
ku: v.ardyas

Huy guys. Ieu nya jangji urang yg kelanjutan disco kmrn yg "ayah baru" hehe, semoga suka..
Akhirnya aing nyampe rumah balik dari kosan paky.. Pas buka pintu liat bapa lagi duduk di sofa, deg. Teuing kunaon reuwas. Nya geus kapalang muka panto aing teh salam we.
B : "tumben tos uih.."
A : "enya pa, ka magrib mah sok macet di bubat"
B : "enya biasa di dinya mah"
A : "pa, mamah kamana?"
Aing spontan nanya saat si mamah ga menyambut kehadiran aing :(

B : "ah si mamah we nu diteang teh, cik ngobrol heula sakedeung mah jeung bapa"
A : "hah?"
Kaget aing, ada angin apa si bapa pengen ngobrol sama aing.. Fyi anjis wkwk, aing ga deket sama si bapa. Padahal kata mamah sifat aing sama bapa sebelas duabelas tapi aing ga ngerti mirip sebelah mananya, yang aing rasain semakin aing tumbuh dan berkembang dari jaman dicebokin si mamah sampe akhirnya nyeuseuhan kolor sorangan, disitu pula aing semakin jauh dari sosok bapa.
"kumaha kuliah? naha aa asa beuki ulin ti peuting teh. Eta teh nguruskeun kuliah atawa naon?" kitu ceuk si bapa
Wah sesi diceramahin pikir aing..

B : "ieuh bapa jeung mamah geus kolot, kade ulah gaul kabawa ku sakaba-kaba, sok bangor wajar mah bae.. Boga kabogoh teu?"
Anjir nyentug :( aing teh bergeleng dengan lesu we..
B : "bieu ti mana? emang bapa teu apal maneh ngan kuliah samatkul.."
A : "dagang pa.."
B : "hah? dagang naon?"
A : "ganja.." ceuk aing teh nyobaan hayang hereuy
Tapi si bapa eweuh respon, kan aing nyentug deui ni hese diajak hereuy teh.. Jadi inget Paky sama bapanya dengan jiwa humor ambyar yang sama..
Nya geus urang teh nyarita we yang sebenarnya, cerita panjang lebar kalo aing main di Paky, terus aing kasihin oleh-oleh gepuk dari bapanya Paky.
Teu lila si mamah datang, gening baru ngambil jaitan di rumah tetangga, pas muka panto jol tercengang
M : "eh tumben ngobrol, indit deui we ah mamah meh papada ngobrol"
Kembali canggung we aing ka si bapa teh dasar si mamah maehan..

hayu guys yg orang tuanya masih lengkap sering-seringlah ngobrol, jangan lupa berdoa buat mereka yang masih ada maupun engga, ya sebagai kasih sayang kepada orang tua kalo kata mawang mah..
#DISCO
ALAH SIAH TERCYDUK
ku : umqor

Heyowasap dude-! kangen aku ga? Dah lama ga disco nih biasa sama si vargep wae, btw si eta ngepc pundung lagi gada cerita katanya..
Mau cerita kamari pisan ini mah lagi rapat di kampus, aku kan anaknya so aktipis gitu ya.teu
Pas rapat hp di mainin kating cowo, katanya ingin ikut buka instegrem, nya udh we berekeun, tapi aku teh aneh kenapa dia serius banget ngotak-ngatik hapena..
Q : Kang, ulah nagen atuh beak kuota..
K : kalem ih kalem, naha ieu kamu boga telegram? Jang naon? Kela ih keur macaan heula
Q : /reuwas/ Kang naha muka tele euy ulah eta rahasia eh parah /mencoba merebut hempon/ :(
K : /cicing/merekeun hape/ hayu ah mulai rapat dulu
Q : /deg²an/

Beres rapat aku langsung balik, gada terjadi apapun walau tadi soak tele yang isinya tentang roleplayer semua dibacain sama kating, ya cowo.. Kan malu ya gaes haduh..
Malemnya lagi semedi di kosan, tiba-tiba ada chat masuk dari si kating yg tadi
K : P /manggil nama rl/
Q : apa kang?
K : mau nanya, ai yang tadi di telegram teh apa? Kaya tinder bukan?
Q : naon ai akang laaiiiiin :(
K : naon atuh, hayang urang ih
Q : asli kang? Tapi ieu mah rata² Kpopers
K : teu jadi atuh
Q : tapi mun gabut sok loba awewe nu bisa di ajak chat..
K : isuk pageto atuh, hayang nyobaan
Q : wkwkwk, sok.

Hayang seuri, kasian kating aku tertarik sama dunia sandiwara ini :(
Semoga we lupa lah embung ditagih ngajarkeun erpe-erpe'an..
Dah lah guys, kalian pernah ga sih kaya aku? Soak dan kaget saat hape di geledah ku babaturan komo ku kolot mah hadeuh..
Untung bijak dalam berinternet aku mah HAHA:(
#DISCO
bentar aku jadi pengen ikut nge-share sesuatu wkwk
Forwarded from Deleted Account
kalian gini?
Forwarded from Deleted Account
Aing ga takut sih
Forwarded from Deleted Account
Ngan gamau we ada yg tau
Forwarded from Deleted Account
Pas sma ge loba babaturan awewe nu maen
Forwarded from Deleted Account
Aing mah cicing" we
Forwarded from Deleted Account
Banget hahahahahahahaha
Forwarded from Deleted Account
urang malah ulah aya nu ngome hp urang
Mun diibaratkeun mah
manéhna téh Rama
anjeunna téh Sinta
na aing téh kudu jadi Rahwana?
- n.f

Tah siah ternyata PHO téh udah ada ti jaman baheula.
Bisa dipelajari lah gimana cerita wayang Ramayana versi Sunda, matak nyentug jadi Rahwana mah..
Awas ya jangan jadi PHO-!

#ROSTRA
[Rada Sensitip, Budayakan Membaca Cermat]

Lagi usum daks membangun kerajaan kieu, kadé hirup mah ulah kabawa ku sakaba-kaba..
NKRI harga mati, perbaiki SDA & SDMna lain kalah mahiwal kieu..

Hayu nyiar élmu cing rajin nyuak, méh bisa nitipkeun diri di dunya, jadi jalma mangpaat jang balaréa

Toxic ti admin mah, ongkoh cenah Sunda Empire tapi basa Sundana teu di paké si bapak téh.. HEBAT!

https://www.instagram.com/p/B7aILEunn11/?igshid=11gp3yhgbns7p
DIMENSI BUCIN
by : v.ardyas

Happy satnight baraya :*
Aku balik lagi sama cerita aku nih yang gajelas mumpung ada bahan
Geleh ajig aku akuan.
Kamari keur ngungsi ka kosan si Acil, soal sahabat karib aing si Paky lagi pulang kampung ke Cianjur. Acil sebelumnya udh pernah aing ceritain pas aing jajan surabi, pokona mah jelma na leutik lah kari motongkeun mun macem-macem mah.
Jadi ceritana si Acil lagi gebet babaturan sekampus, mun teu salah ngaranna teh Gea. Nah unggal poe emang gaweanna bucin padahal belum memiliki anying :(
Acil (A), Aing (D)
A : yas, nahanya line aing ga di bales wae tapi sieta koar di grup, sedih gini
D : saha? si Gea? Tungguan we wayahna sia bogoh teh ka awewe geulis, waiting list anying haha
A : lah kan cari yang terbaik atuh ai sia, alus rupa we cukup mun goreng adat kan bisa dibebener ku urang
D : kumaha sia..
A : sia, asli eweuh kabogoh atau jalma nu dipika resep kitu?
D : eweuh, embung bucin siga sia
A : anjing sombong pisan, sia juga bakal bucin pada waktunya.. Ga cape ngocok sayang?
D : biadab emang sia

Tuluy aing muka hape, muka tele, muka chat seseorang yang special.. Teuing jol iseng sungut aing teh tiba-tiba nyeletuk
D : cil, aing ada sih cewe.. Karek inget
A : naon? Kabogoh?
D : ya susah aing jelasinna, anggap we iya kabogoh
A : saha? Budak mana? Awas we sia jeung budak SMP
D : engga goblog
A : terus?
D : ada we budak kuliah, orang Garut
A : hah? si vina vina itu? ganyangka
D : beda server blog :(
pokona ayalah, aing ga jomblo cil
A : oh LDR atuh?
D : heeh
Obrolan aing sama Acil ditutup sama cengiran kuda aing wkwk. Ajig miris gini..
Udah itu mah sibuk lagi sama hp masing", Acil chat sama si Gea, aing chat sama siapa atuh? Adalah penghuni RP :*
Geus cape, sampai jumpa minggu depan.. Wilujeng malming, wilujeng skidipapap online ya yg bobogohan di rp
#DISCO
U W U
ku : umqor

Telat banget gusti, enya qori nu salah ieu mah maapkan karek update :(
Mau bawa cerita bareng Arla lagi ah..
Udah seminggu baru ketemu lagi sama Arla soalna urang kan ngekos ya, tiap weekend balik ke rumah.

//Arla baru balik sekolah//
/urang naplok dina jandela untuk menyambut/
A : /seuri/ balik juga ya kamu sayang
Q : /mukakeun panto/ kangen gibah syg
A : siap syg aku punya banyak bahan
Q : tapi maneh cuci piring dulu yah
A : hehe babi
*skip*

Malam pun tiba, urang lagi sesi curhat ke si Arla.. Bahas cowo-cowo uwu yg pernah kita temui :(
A : /blablabla.. jadi intinya, dia nganter aku balik sakola sampe rumah jol alm.Abah teh lagi ada di teras, sieta kalah lumpat ih belegug..
Q : kenapa sih kisah sekolah kamu teh seru
A : iyadong, aku kan ga nolep kaya kmu
Q : hehe bangsuy, aku juga pernah kali mengalami moment uwu
A : kumaha tah?
Q : dikasih bunga, 3 tangkai.. teu paham maksudna naon tapi katingali pisan meuli 10rebu dapat tilu hiks.. Gpp dia sosweet
A : halah, uwu banget dia.. ngerti sikon ya
Q : maksud?
A : tau aja teteh bau hangit, kudu dikembangan
Q : sampe sini aja lah kita sodaraan de..

Jadi alesan bahas cowo uwu uwu teh pedah nempoan tiktok anu couple gemes tea gening.. Anjir urang teh gabut banget hidupnya :(
Hayo diantara barudak saha nu siga urang? Suka banget liat-liat pidio yg uwu uwu..
uwu yah awas jangan diganti pake -é- :(
#DISCO
CING CULANGCING CANGCUT
By : arla kc.

Assalamualaikum barudak🐣
disini saha anu rindu disco'na sundle hum? :*

Nya jadi kieu, ayeuna mah sanes vargep atawa umqor deui nu disco. Tapi - tapi, Arla kiana geulis nu bade ngadisco. Disco ayeuna mereun tos katebak nya judulna naon, eta aya di ↑ pokokna. Pasti kebanyakan dari kalian bingung eta maksudna naon :)

Jadi kieu geis, awal mula na dinten senen kamari, pas Arla nuju upacara. Arla gaduh rerencangan ngarana si Diki (waketos). Si Diki teh miwarang ka Arla kieu.

D ; la, dieu geura.
A ; naon dick?
D ; tiasa ngakibort teu, jang lagu mengheningkan cipta ngke.
A ; oh aya chord na teu?
D ; heeh aya, eta we deuleu kusia.
A ; [meringis lalu mendekati kibort]

Sumpah nya Arla karek pisan dipiwarang maen kibort jang upacara, jadi karasa pisan dag dig dug na.

Untung kibortna teh laun sora na jadi mun salah ge keun we da moal kadangu. Pas nyoba latihan beberapa kali, pekteh alus geuning hasilna. Sora kibortna mulus, teu fals. Arla ngalieuk ningali si Diki nu keur mere tanda 👌🏿 ka Arla.

* asli daks, deg2an arla mah pas ningali sidiki kitu teh :(

Saking senengna, Arla teh refleks ngajorowok bari ningali ka barisan kelas Arla nu muridna keur ngadadahan.

"CING CULANGCING CANGCUT"

pek teh..

Dihareupeun Arla aya Mic nu kaadaan na nyala, otomatis eta suara pasti menggelegar atuhnya. Bayangkeun tah saumat2 sakola jol ningali ka Arla, aya nu seuri aya nu "ck ck". Geus mah guru2 aya di sebelah geus melong ka Arla dengan tatapan TEU RESEP.

D ; la, geus lah ditu ka barisan
A ; e -eh?
D ; buru. moal deui urang mah nitah2 ka maneh.
A ; /menunduk/menghampiri barisan kelas

/.../

Ya jadi sakitu hungkul we disco sundle kali ini ya, ya anggap aja disco kali ini mah tentang arla yang berbagi kisah kebodohan dirinya, ok? tong bosen macaan disco sundle nya barudak 🙏🏻
#DISCO